geuiningan.... aya oge nya......

Yeni Kurniatin
...... and in every action there is always an equal and opposite or contrary, 
reaction... - Issac Newton, 1643 - 1727

--- Pada Kam, 16/9/10, Waluya <[email protected]> menulis:

Dari: Waluya <[email protected]>
Judul: [kisunda] Sieun Sasab .....
Kepada: [email protected], [email protected], 
[email protected]
Tanggal: Kamis, 16 September, 2010, 3:14 PM







 



  


    
      
      
      Ngadadak aya nu nitah gawe di Kota Surabaya, bari mawa mobil ti Bandung, 

kuring rada hemar-hemir, sabab boh kuring atawa supir nu mawa mobil teu apal 

kota Surabaya. Sanajan kungsi ka Surabaya sbabaraha kali, tapi tetep teu 

apal.  Ari kitu na mah, tong boro Surabaya , di Bandung wae, pangpangna di 

jalan-jalan perumahan nu jarang kasorang ku kuring, sok sasab.  Ras inget 

jaman ayeuna mah aya GPS nu geus dilengkepan ku peta, jadi mikir rek meuli, 

ngan asa lebar da kuring ge boga GPS dua siki, ngan produk katingaleun, 

euweuh petaan, ukur bisa nunjukkeun posisi koordinat lintang-bujur. Aya 

bababturan mere saran meuli we HP nu GPS'an, alus cenah keur navigasi 

perjalanan mah. Tah kabeneran, Kuring hayang ngaganti HP da geus butut, 

tutup baterena geus teu ngait deui, kapaksa ditalian ku karet.



Caritana mah meuli weh kuring teh HP merk Nokia, pangmurahna keur nu aya 

GPSan mah, kurang ti 2 juta perak. Tapi maklum barang anyar, kudu diajar 

heula makena. Atuh sapapoe kuring diajar, sabab isukna kuring kudu indit ka 

Surabaya. Rada hese oge ngartina, loba istilah nu teu ngarti. Mimiti mah nu 

diteangan teh cara ngajalankeun Google Map. Kapanggih, malah posisi imah ge 

kapanggih. Dicobaan navigasina, bener nunjukkeun arah nu dituju. Dicobaan 

waktu kaluar ti imah, bener nujukkeun dimana posisi urang jeung nunjukkeun 

arah nu kudu diliwatan. Yakin, bisa lah, moal sasab di Surabya. Tapi pas 

ngecek pulsa HP, kuring ngarenjag, pulsana meakkeun lima rebu perak, padahal 

ukur nyobaan deukeut. Umpama ka Surabaya pisabarahaeun pulsana.



Kapaksa maca deui manual HPna, geuning aya peta nu disadiakeun ku Nokia. 

Dicobaan nurut kana manualna bari HPna diacung-acung ka langit, maksud teh 

supaya "gampangeun" newak signal satelit. Tapi si HP teh kalahka ngahuleng, 

nu katempo indikator lobana data nu asup (GPRS) nerekel naek luar biasa, 

100 kb, 500 kb, 1 Mb,3 Mb .....4. Mb ..... Cilaka ieu mah, kuring make kartu 

Hallo nu tarip 1 kbytena 5 perak, HP langsung dipareuman ngadadak. Barang di 

cek deui, kuring bati ngahuleng ....sabab tagihan kartu Hallo kuring, 

ngajleng, nambahan 150 rebu perak!



Beu, ari kieu mah percomah, mending meuli GPSna we, nu teu "ngahakan pulsa". 

Tapi panasaran diulik deui. da piraku HPna kudu dipulangkeun deui ka tokona 

mah. Sihoreng simana horeng, petana teh kudu didownload heula, ari dina 

memori HPna mah kosong, jadi waktu ku kuring dicobaan teh, HPna ngadownload 

heula peta. Nya akhirna mah kaharti, kuring kudu  ngadownload heula make 

make komputer, kakara diasupkeun kana memori HP.



Jalan weh GPS dina HP teh, bari teu ngahakan pulsa. Alus oge peta Nokia Map 

teh (Ovi map), mere navigasi malah lengkep intruksina make sora dina basa 

Indonesia :  "Belok kanan, belok kiri, ikuti jalan ...jst". Percaya diri weh 

waktu indit ka Surabaya teh, meureun moal sasab. Tapi da nu aranna teknologi 

jelema, angger we teu sampurna. Waktu asup ka jalan tol Surabaya jam 10 

peuting. GPS HP di "on"keun, dina layar HP peta kota surabya kagambar, jeung 

posisi urang aya dimana, tujuan akhir geus disetel, hiji hotel di 

sabudeureun Wonokromo. Intruksi ceuk HP: "Ikuti jalan!". Mobil mempeng di 

jalan tol. "Ambil jalur kanan",  cenah ceuk intruksi, waktu manggih belokkan 

ka Tanjung perak. Supir ngarti, teu belok ka arah tanjung perak. "Satu km 

lagi belok kiri", ceuk intruksi. Ngahuleng heula, teu ngarti, euh meureun 

maksudna kaluar ti jalan tol. Gancangan ngintruksikeun ka supir supaya 

kaluar ti jalan tol, lamun manggih gerbang kaluar tol.



Teu kungsi lila, kaciri gerbang kaluar tol, nya kaluar tol  tidinya. HP 

"ngomong": "ikuti jalan",  terus "belok kiri", diteruskeun  "ikuti Jalan". 

Supir nurut, jalan nu diliwatan pararoek. Na ujug-ujug aya jelema ngajega di 

tengah jalan, bari ngacung-ngacung leungeun, nyetop. Supir ngadadak ngerem. 

Jelema nu nyetop ngomong make basa Jawa, tapi rada kaharti saeutik, jalan 

ditutup keur diomean, kudu muter. Mobil diputerkeun deui, bari bingung kudu 

kamana jalan,  tapi rek nyalahkeun HP, teu bisa, da meureun teu nyahoeun aya 

jalan ditutup keur diomean.



"Rute dalam perhitungan kembali", HP teh ujug-ujug "ngomong" bari bray dina 

layar HP,  panunjuk jalan nu kudu diliwatan. Teu aya alternatip  sejeun da 

teu apal, kapaksa diturut, gebblus asup ka jalan leutik nu rame pisan, pinuh 

kunu jualan. "Belok kiri", cenah ceuk HP teh. Cilaka verboden, kapaksa ka 

katuhu. "Rute dalam perhitungan kembali", ceuk HP. Diturut, blus asup ka 

jalan leutik pisan, ngan samobileun. Untung teu papanggih jeung mobil deui. 

"Belok kanan", ceuk HP, diturut ...jeung terus diturut, sanajan 

salasap-sulusup ka jalan leutik oge. Akhirna kapanggih jalan Raya, nu caang 

ku lampu, lempeng sakeudeung. "Belok kanan, segera belok kiri", ceuk HP, di 

deukeut stopan. Diturut. "Tujuan anda 150 meter lagi", cenah ceuk si ontohod 

HP teh. Maju saeutik, bener, kaciri aya hotel, aranna persis hotel nu 

dituju. Langsung kadinya. "Anda telah sampai ditujuan", cenah ceuk HP teh.



Alhamdulillah kuring tepi, pinter oge jelema nu nyieun program navigasi teh. 

Ngan waktu isukna kuring papanggih jeung nu nitah digawe, manehna ngahuleng. 

Ceuk manehna teh kunaon make kaluar ti gerbang tol nu jauh keneh ka hotel 

jeung kudu salasap-sulusup ka jalan leutik sagala da aya gerbang tol nu teu 

pati jauh ti hotel, jeung  deuih teu kudu salasap-sulusup. Ceuk kuring teh : 

"Habis, yang ngasih petunjuknya mesin ........!"



Baktos,

WALUYA





    
     

    
    


 



  





Kirim email ke