dulur salembur, puguh kuring teh keur resep gagambaran make kamera. jadi hapunten upama ti kamari posting nu gambaran ti kuring dina sapoe langkung ti hiji. ayeuna ge bade ngirim deui, mugya diwidian deui hehe. tah, kapalang carambang ngarah teu era satengah-satengah, kuring deuk sakalian ngiklankeun blog kuring nu ngawadahan ieu karesep. upami bade ningalan gambar-gambar saayana menang juprat-jepret sikuring mangga jugjug ka dieu: http://uaduq.wordpress.com . nu mamalayuan oge aya, di dieu paciringan.wordpress.com .
nuhun, d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk ---- masak di balong saat http://uaduq.wordpress.com/2010/09/23/dapur-di-balong-saat/ [image: 61947_442832052375_649487375_5070844_404980_n.jpg] dapur di lembur kieu tah rupa réa dapur di lembur kuring mah. langsung dilantéyan taneuh, basana teh cenah dibalongsaatkeun. pakakasna: hawu maké suluh kai, lain pedah réa tabung héjo robah jadi granat. éstuning ti baheula satia ka hawu warisan karuhun; séjénna sééng, aseupan jeung kekebna;pakakas masak lianna; jojodog, paranti diuk bari ngasurkeun suluh atawa malikeun gogoréngan hareupeun hawu; jeung bangku nu dialasan talupuh (palupuh) keur nyimpen pakakas ogé bisa jadi tempat dahar bareng.
