nembe kamari kuring maca ngeunaan dilarangna pementasan kasenian di twa
tangkuban parahu ieu. asana mah dina kompas kitu? hilap deui. cek eta beja
pelarangan eta teh kakait jeung liburan lebaran. di mana lahan parkir nu
biasa dipake pementasan pinuh. cenahna deui, pementasan kasenian bakal
diayakeun deui sanggeus lahan/tempat nu keur dibangun nu memang deuk
disayagakeun keur kagiatan sarupa kitu rengse.

perkara sejenna mah kuring teu apal. ngan upama memang pt grrp nu
didirekturan putra kaban (mang oman, cek beja ti kang sobirin di handap mah
manehna teh sanes anak/putera ms kaban) eta geus ngalanggaran sarupaning
palanggeran, komo dina hal ngaruksak alam jeung eusina mah, kuring ngadukung
ieu pt kudu diwarah. tangtuna ku leungeun nu boga wewenang.

cag,

dudi

Pada 24 September 2010 03.45, oman abdurahman <[email protected]> menulis:

>
>
> #Ass. Wr. Wb.
>
> Sampurasun,
>
> Dina raraga menyikapi pelarangan seni Budaya Sunda dan arogansi
> kriminalisasi yang dilakukan ku Putra Kaban - PT GRPP, dihaturanan dina
> Gempungan Sunda Gugat nu baris dilaksanakeun dina dinteun Kamis, 23
> September 2010, tabuh 15.00. Tempat: Gedung Indonesia Menggugat, Jl Viaduct
> No. 29, Bandung. Disuhunkeun sabilulunganna demi bangsa, demi budaya.
>
> Salam baktos:
>
> Aliansi Pejuang Lingkungan,
>
> Cc: Satria Tatar Sunda, Bamus Jabar, Brotherhood for Culture, Sundawani,
> LMDH Bandung Utara, Wiasgar, Pewanten Bandung, Kompepar, Viking Div.
> Propaganda Budaya, Walhi Jabar, dll.#
>
> ----------
> Kitu unina sms anu katarima si kuring mangkukna. Hanjakal, pas dina waktuna
> si kuring teu kaparengkeun bisa ngaluuhan eta acara. Parendening kitu, kang
> Sobirin anu hadir dina eta acara haat jeung gasik maparin laporan.
>
> Nengetan laporan kang Sobirin anu dieuyeuban ku dua tulisan samemehna anu
> dimuat dina koran PR, kasawang PT GRRP teh keur ngoyag-ngoyag Gunung Sunda.
> Enya apan wewengkon Gunung Tangkubanparahu jeung Gunung Burangrang
> kuloneunana teh eta bagian ti kompleks Gunung Sunda baheula. Malah dina
> buku-buku geologi atawa geografi mah eta dua gunung teh nepi ka ayeuna
> masih
> mindeng disebut Gunung Sunda. Ari ayeuna, sabagean ti wilayah Gunung Sunda
> ieu, dumasar hiji SK minir (menteri) ti periode pamarentahan memeh anu
> ayeuna, dikawasa (hak ngokolakeunana) ku GRRP.
>
> Ari gunung, dina kosmologi Sunda, eta sarua jeung tempat nyarande, tempat
> panyalindungan, sumber kahirupan atawa, basa budayana mah: kabuyutan. "Gede
> gunung pananggeuhan", ceuk babasan oge. Ari ayeuna, sabagean ti wewengkon
> ieu kabuyutan Gunung Sunda teh arek digadabah ku...GRRP, pausahaan putera
> mantan minir tea. Bari jeung sajeroning nyekel surat kawasa anu jadi tanaga
> pikeun ngadabah teh ieu pausahaan teu ngajenan kana budaya lokal, budaya
> Sunda tea anu midang dina hiji wanda kasenian. Kumaha teu rek ngambek anu
> ngarasa hirup raket jeung eta gunung, jembarna urang Sunda? .
>
> Kumaha ngambek - malah geus kaasup ngamuk - na urang Sunda poe tadi bisa
> kailo dina laporan kang Sobirin di handap ieu (hampura lamun ieu laporan
> teh
> kawilang panjang kacida):
>
> #KEBIJAKAN YANG MELECEHKAN KULTUR SUNDA
>
> 1. PROLOG PERTAMA
>
> JEJAK KABAN DI TANGKUBAN PERAHU
>
> (Pikiran Rakyat, 10 September 2009, Catur Ratna Wulandari/ Ag. Tri Joko Her
> Riadi)
> __
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke