heheu,heu.

nyeta atuh,  aya we urg  sunda kiwari anu nyanghareup katukang
sabari nonggongan kahareup!

nyeta leumpang mundur teh.
hn.*0catea


2010/8/25  <[email protected]>:
> Nyarita perkara Sunda ayeuna
> asa nyaritakeun deungeun-deugeun
> saban réngsé sawangkongan
> dipungkas ku humandeuar
> ditungtungan ku hanjelu
> –naha bet kieu ku naon kitu
>
> Ku naon Sunda beuki wanian
> ngagugulukeun pacéngkadan
> mopohokeun silih élédan
> nyapirakeun silih ajénan
> papada urang nu cenah sakocoran
> dulur salembur baraya landes
> kalah betah silih arah
> silih gitik silih bintih
> nu rék  maju digusur
> nu rék ngaléngkah diréngkas
>
> Ari dina pakumbuhan
> nu rada lega ambahan
> Sunda téh bet épés méér
> teu kacatur lébér wawanén
> ku naon Sunda beuki lindeuk
> teu lingas cara baheula
> ku naon Sunda beuki héngkér
> teu bedas cara baheula
> jaman kakawasaan
> henteu ngan salelewek Priangan
>
> Lain, lain kudu mulang deui
> ka mangsa-mangsa bihari
> da puguh geus lawas kaliwat
> moal datang ku disambat
>
> Henteu, henteu kudu salin jinis
> ngajirim jalma baheula
> dipapantes didangdanan
> cacah sina jiga ménak
> somah sina jiga pangkat
> sina bisa sampurasun
> sangkan apal kana rampés
>
> Lain, lain kudu muntang pageuh
> kana tangkal nu baheula
> tapi kudu melak tangkal anyar
> ciri aya nu ayeuna
> cék maranéhna nu jaga
>
> Henteu, teu kudu tipepereket
> nyekelan akar nu pasoléngkrah
> satungtung urang can wawuh
> akar naon nu pabalatak
> da puguh pagaliwota
> antara akar jeung oray
> nu bisa macok mun urang bongoh
>
> Ku naon Sunda bet betah
> ngajimatkeun nu baheula
> dibungkus dijieun isim
> dipuhit dipusti-pusti
> ana dibuka eusina
> goréhél téh tai kotok dilebuan
>
> Baheula nu geus kaliwat
> urang teundeun dina batin
> guareun sakali-kalieun
> mun pareng urang keur nineung
> nu baheula mah apan geus puguh galurna
> geus karuhan lalakonna
> sanajan ngan ukur béja
> carita cenah ceuk cekéng
> Ari Sunda nu ayeuna
> naon caritakeuneun jaga
> mun ngagugulung waé baheula
> reueus ku nu geus euweuh
> keukeuh melang kana tapak
> taya gadag taya ketak
>
> Apan Sunda kudu tandang
> meruhkeun poé ayeuna
> malar Sunda gedé tanaga
> keur nangtang poé isukan
> Harepan mah aya di jaga
> lain nyampak di baheula
> baris kahontal henteuna
> kuma cék ketak ayeuna
>
> Lamun Sunda hayang maju
> atuh ulah leumpang mundur
> da punduk mah teu mataan
> nu puguh kalah tabrakan
> pageduk jeung dulur sorangan
> tidadalagor tibabaranting
> antukna éléh ku capé
> ngalempréh di jajalaneun
> dilindes ku deungeun-deungeun
>
> Nyarita perkara Sunda ayeuna
> nyaritakeun lalakon nu heureut léngkah
> ka hareup ukur sajeujeuh
> ka tukang kilométeran
> teu apal di poé ayeuna
> linglung ka poé isukan
> da bongan ngagugulung waé kamari
> nu kuduna geus disimpen dina lomari
>
> Pébruari 2010
>
> Posted by bujanggamanik
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke