> ps...@... wrote:
> Oh sumuhun pedaran eta mah parantos kauninga ku para ilmuwan boh 
> ahli fiska atanapi teologi/filosofi. Ahli fisika lulusan ITB sdrk 
> Agus Purwanto oge tos ngadamel buku ngeunaan Alam Semesta th 2008 
> sae pisan nyambung sareng karya Harun Yahya. 

Buku "The Grand Design" buku anyarna Hawking, nembe medal bulan September 
kamari, kuring mah teu acan maca, kitu oge jeung  bukuna  Agus Purwanto. Kuring 
leuwih katarik ku tulisan Jansen yen "atheis, relijius atawa fanatismeu" teh 
bakat insani. Maksudna meureun sifat-sifat ieu leuwih condong kumaha jelemana 
(subyektif), tinimbang kana urusan fisikana. 

Ieu mah ceuk kuring, Fisika mah  moal bisa ngabuktikeun ayana hal-hal super 
natural (alam gaib), sabab fisika mah didasarkeun ku pengamatan sacara 
lahiriyah. Lamun bukti lahiriyah teu aya ( teu kadeteksi ku panca indera atawa 
teu kaukur ku alat), keur fisika mah bakal dianggap  EUWEUH. Jadi teu aneh 
lamun Hawking boga kacindekan teu aya intervensi Tuhan dina ngadegna alam 
semesta, sabab manehna ukur nempo tina sudut pandang elmu Fisika. Nu 
manghanjakalkeun kunaon Hawking "ngadu-ngadu" agama jeung sains, nu memang moal 
patepung, da prinsip dasarna beda. Atawa meureun supaya bukuna "best seller"?

Tapi leupas ti kalimah-kalimah nu siga ngadu-ngadu agama jeung sains, buku "The 
Grand Design" ceuk nu geus maca, cukup hade dina nerangkeun alam Semesta. Aya 
alusna lamun buku ieu dimedalkeun di Indonesia, tangtu we make Basa Indonesia 
...

Baktos,
WALUYA 









------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke