Ngeunaan hawa nu teu raoseun enya na bah Waluya.  Tanda tanda naon nya?.
Ieu sikuring oge keur nyeri neureuy. 

Abah pami tanggalan sunda kumaha, kamari 10.10.10 dinu tanggalan sunda
nanahaonnya, da nu jelas mah beda, ganti tanggalna oge sunda mah lamun misal
arek ngitung larangan bulan, da beurang lain jam 12 peuting.

 

> Loba anu menta kawin tgl 101010,, nyanggakeun warta na

Nyaan kamari mah, kacideu riweuhna. Jam 6 isuk-isuk kuring nganteurkeun 
rombongan panganten lalaki ka daerah dago tepika jam satengah 11 beurang. 
Tidinya sambung ka ondangan resepsi kawinan di jl,. Aceh, belecet deui 
deui ka resepsi Jl. Cikutra. Ondangan nu di Wanayasa jeung Cimahi mah 
kapaksa dianulir da moal kabnru. Nu matak soak, mobil butut kuring gerejed, 
meus-meus paeh- meus paeh mesinna teh, mangkaning macet dimana-mana. Rek 
diomean heula, moal enya kudu kokotoran rek ka ondangan. Dipaksakeun, 
tepika awak karasa teu ngareunah ditambahan hawa teh asa mani panas kamari 
teh. Hasilna? Ayeuna kuring cicing we di imah, teu ngareunah awak, asa 
nyareri jeung lalinu, sigana mah rek salesma .....

Baktos,
WALUYA 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke