Waaah kabayang Puri Himeji, Puri Osaka nu agreng tina kai oge..... Dua jempol kangge kang Oca & team! ~ experientia docet sapientiam ~
________________________________ From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com> To: kisunda@yahoogroups.com Sent: Thursday, October 14, 2010 23:36:05 Subject: Re: [kisunda] Raratan Pakuan di Bogor, Fungsina, jeung Buktina Ayeuna sedengkeun dikebon raja,(sanes kebon raya) eta wilayah ka ratuan janten kadaton pajajaran didinya pisan(saur data ti ambu sanes karaton tp kadatwan) paku jajar dilawang gintung (numutkeun pantun bogor) dialihkeun ku rafles ka kebon raja cocok srg ugana , bakal di alihkeun rafles ngundang arsitek karajaan inggris keur ngadisain istana bogor si arsitek studi lokasi, sihoreng pas pisan posisisna sareng wangunan kadatwan(karaton) ps baheula rencana dibangun dua lantai teu laksana kusabab runtuh, jadi ngan salantai dk kiwari anu teu acan ka impleng nyaeta wilayahkaramaan di impleng ku uin di gn halimun/gn gede, anu di jl sawojajar ayeuna dianggo ku kelompok hususpasatriaan.(snes pasantriaan) sok aya pangajian, malem salasa kasundaan, malem jumat ka islaman anu pernah di tentang ku mui bogor, aliran sesat. tapi salamet da direntog ku massa na balik deui ka masterplan kawsan lima bangunan mun ditingali dina google earth cigana payus komplekna oge penataanana, sa sistem jeung pola baduy cikeusik(karamaan), cikertawana(karesian), cibeo(karatuan) posisi wangunan kadatwan pajajaran nyanghareup ka kaler(sunda kalapa) bagian tukangna nyanghareup ka kidul(palabuhan ratu) numatak ditukangna dijieun situ gunting lambang laut kidul. nuansa/dangiang kidul jeung kaler beda pisan, kidul leuwih geueumeun. kamar tidur bk di istana bogor nyanghareup ka kidul. hotel salak tempat bale pasamoan, panggihna ps jeung somah didinya (sok kajadian di hotel salak, tengah peuting kadangu anu ngalobrol rame???) imah uin baheula di gedong sawah , deukeut hotel salak. jadi dina analisa sementara, tangtu telu teh salian ti sistem ka nagaraan oge diterapkeun dina master plan kawasannana, posisi lokasina merenah pisan mun pareng, uin gen arek nerapkeun pola ieu di bandung barat, meungpeung can ditata sabab asup ka kawasan g sunda, tkb parahu jeung sangkuriangna. kunaon uin apal batutulis? sabab lima taun keur budak jadi pangulinan, waktu imah di bondongan/empang. gedong nasional, alusna mah keur pramuka/knpi, (putera mahkota),sabeulah gedong walikota cag heula , bd ngonsep deui keur tender hn*0catea 2010/10/14 Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com> bah oman kidulur, >uin salaku arsitek ogen sami nuju ngimpleng eta kawasan (kabeneran timimiti >borojol dk sma di bogor) >kumaha site plan sareng masterplan eta karaton anu lima teh >numatak bung karno ngadamel pasanggrahan di jl. batutulis pasti ngimpleng >kadinya >eta wilayah karesian >numatak kamar utamana disisi cisadane mayun ka makam eyang rangga gading >di aranan eta vila ku bk teh "hing puri bima sakti" > > >2010/10/9 oman abdurahman <omana...@gmail.com> > > > >>Baraya, >> >> >>Kaparengkeun kamari sore si kuring di kantor kadatangan Mang Deden ti yayasan >>anu medalkeun buku-buku ngeunaan PS di Bogor. Sanggeus sawatara waktu uplek >>ngobrol, obrolan teh ngadon los kana raratan sabudeureun patilasan istana >>Pakuan >>jaman Pajajaran PS di Bogor, fungsina, lebah-lebahna, jeung kumha buktina >>ayeuna. >> >> >> >> >>Geus seueur anu uninga, yen dumasar naskah kuno, istana pakuan ti karajaan >>Pajajaran teh anu utama diwangun ku 5 bangunan/istana anu masing-masing >>ngabogaan ngaran, aranna kamashur: Istana Sri Bima, Punta, Narayana, Madura, >>Suradipati. Lian ti eta, PS ngadamel oge: taman karajaan, bale agung, >>kabuyutan/lemah dewa sasana keur para pendeta atawa keur sakola/kompleks >>perguruan tinggi lamun jaman ayeuna mah, katut komplek para ksatria (meureun >>lamun jaman ayeuna mah asrama tangtara). >> >> >> >>Kasanggakeun di handap ieu informasi hasil obrolan sareng Mang Deden ngeunaan >>raratan patilasan istana Pakuan, jaman Pajajaran PS: >> >> >> * SRI BIMA, fungsina : tempat raja; pernahna ayeuna: Istana Bogor >> * PUNTA, fungsina: tempat prameswari jeung selir; pernahna ayeuna: >> gedong >>Regina Facis >> >> * NARAYANA, fungsina: tempat putera-puteri raja; pernahna ayeuna: >> Kantor >>Bakorwil / Ex Keresidenan >> * MADURA, fungsina: tempat gempungan; pernahna ayeuna: Hotel Salak the >Heritage >> * SURADIPATI, fungsina: tempat putera mahkota; pernahna ayeuna: >> Kompleks Bank >>(bank naon nya? Hilap teu kacatet) /Ex Gedong Nasional >> >>Nu Sanesna: >> * Taman Keraton: kebon cocoan / karesep PS; pernahna ayeuna: Kebon Raya >> Bogor >> * Bale Agung: tempat pertemuan penting; pernahna ayeuna: Di Cibaligung >> * Kabuyutan/Lemah Dewa Sasana, fungsina: tempat ritual, asrama pendeta; >>pernahna ayeuna: Batu Tulis Bogor; >> * Tempat para satria/ Puragabaya; pernahna ayeuna: Di Jl. Sawojajar >>Pangajaran (lesson learned) tina obrolan sareng mang Deden: >>- Anu baheula tetela geus mere conto kumaha ngamanfaatkeun alam kanggo nata >>ruang >>- Bahan panalungtikan pikeun anu minat mangsa kiwari jeung ka hareup >>- Anu relatif masih tetep fungsina: Kebon Raya. Anu teu jauh2 teuing robah >>dina >>fungsina: Istana Bogor hehehe. Kumaha ari Regina Facis? sakola calon >>prameswari? >>his....kawalat ke uing. Nya eta mah pasna teh ditempatan sarua ku isteri >>- Hotel Salak siga MADURA, mindeng dipake gempungan oge >>- Tah lamun Bank sigana kudu dibalikeun deui fungsina, jadi gedong Nasional >>meh >>rada luyu jeung fungsi asalna: Suradipati tea, kader pipamimpineun. >> >> >>Cag heula >> >>manar >> > Reply to sender | Reply to group | Reply via web post | Start a New Topic Messages in this topic (3) Recent Activity: * New Members 5 Visit Your Group Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use .