Upami seueur patarosan ti para kanca baraya milis kisunda perkawis "Buku Grand 
Design.. Hawkings" anu moal aya akhirna, kumaha upami ngayakeun seminar we anu 
dipandu ku ahli fisika modern sareng ulama.... da urang mah rupina deet keneh 
elmuna moal aya waleran anu matak sugema. 
Dina tayangan Discovery Channel sasih pengker, Hawkings ngajentrekeun 
dina teori fisika modern mah "energy nyata" (gravitasi ?) sareng "energy ghaib" 
(black energy ?) masih kalebet aya wujudna. Kitu deui anu kasebat "materi" (zat 
nyata) sareng "imateri" (zat ghaib) masih kalebet "aya wujudna".....janten di 
Alam Semesta ieu sadayana ..."Aya Eusina". Tapi dina lebah ngabahas 
"Wates"...atanapi "Tungtung" alam semesta, Hawkings ...angkat tangan.... ngan 
saur teorina ti kawit ledakan dahsyat awal (big bang) fenomena alam semesta 
"mengembang" (aya dorongan black energy, teras bakal ngariut kumargi aya 
"energy gravitasi.."  janten makhluk anu kacida padetna kasebatna "liang 
hideung" (black hole)..... Upami tos sadaya materi di alam semesta kasedot ku 
eta makhluk bisa jadi timbul ledakan dahsyat (big bang deui) deui.... 
Tapi aya deui teori sabalikna, cenah lamun energy nyata("gravitasi") na teu 
cukup keur ngawujudkeun "liang hideung" (black hole) tea... tapi energy ghaib ( 
black energy) langkung kuat bakal tuluy ngembang dugi ka akhirna daya dorongna 
beak, proses mengembangna jadi eureun...Kukituna bakal kajadian alam semesta 
teu bisa ngariut teu bisa ngembang...alam smeseta bakal paeh..teu usik teu 
malik...abadi jadi makhluk statis.... ah resep we ngabandungan dongeng teori 
para ahli mah... Sakadar kanggo bahan bandingan anu netral cobi uninga karya 
tulis Bapak Agus Purwanto, DSc, dosen fisika ITB, judul bukuna " Ayat-ayat 
Semesta" Sisi-Sisi Al Quran Yang Terlupakan..... mangga lajengkeun dongengna..!


      

Kirim email ke