Tiasa oge energi didefinisikeun  kamampuan ngalakukeun usaha dana sakitu waktu. 
Usaha teh gawe. Gawe teh "teu cicing' alias gerak salila waktu nu tangtu.

Hese ari ku omongan atawa tulisan mah nerangkeun nana. Cobi urang ku contoh we 
(permodelan).

Hiji jelema sebut we si Ahong anu beuratna 60 kg naek taraje anu luhurna  50 
meter ngabutuhkeun waktu 300 detik (5 menit)
Ditaroskeun sabaraha energi anu dibutuhkeun ku manehna pikeun narekahan 
pagawean 
naek taraje ?
Walereran nana:
Cateten : dina mangsa keur naek kana taraje, saenyana manehna ngalawan gaya anu 
narik ka handap
 nyaeta gaya gravitasi tea anu boga percepatan 10 m/detik kuadrat.(kurang 
leuwihna  sakitu lah )

* Daya si Ahong = Usaha(W) dibagi waktu(t) 
Daya(power atanapi Tanaga/D) dihartoskeun  perbandingan antawis  (lobana) usaha 
sareng (lobana) waktos nu dianggo.

Usaha(W) = Force (gaya) x jarak tempuh 
Force(gaya) = bobot x percepatan =(m x a)  
              
Janten D = 60(bobot) x 10(percepatan gravitasi) x 50 meter(jarak) : 300  = 
  30.000 : 300 = 100 Joule/det = 100 watt
Jadi lobana energi anu dibutuhkeun = Daya x waktu = 100 x 300 = 30.000 joule. 

 
Kumaha lamun kieu, dina naek taraje teh ngan dibutuhkeun waktu 60 detik (1 
menit), sabaraha energi anu kudu dibutuhkeun ku ujang AHong teh.
Tanaga = 60 x 10 x  50 x 10 : 60 =  5.000 watt
Jadi lobana energi anu dibutuhkeun = 5000 x 60 = 300.000 joule
Lamun ningali dina ensiklopedia 1 joule = 0,239 kalori. 
Hartina si Ahong samangsa naek tareje lamun butuh waktu ngan samenitna 50 meter 
teh, butuh kalori = 300.000 x 0,239 = 71.700 kal
Terus lamun dina katerangan   pernah aya nu ngitung 1 kg beras.  = 3.600 kalori 
.
Kasimpulan nana si Ahong lamun hayang naek taraje anu luhurna 50 meter lilana 
ngan 60 detik atawa samenit butuh kejo kirang langkung = 20 kg kirang sekedik
(71.700/3.600=19.91666666666667)
Mugi Kang Tirta tiasa ngabayangkeung paripolah si Ahong kumaha carana ngejo 
sakarung beas pikeun hayang naek taraje anu luhurna 50 meter ngan samenit 
waktuna.
he.he.he..

Mugi tambih lieur !

Dot Clom Kunyunyud


________________________________
From: Tirta widjaja <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, October 18, 2010 8:52:42 PM
Subject: Re: energi mah positif Re: [kisunda] Ketuhanan --hawkings

  
Abdi mah sidakep we lah eta hal nu asa biasa sapopoe na jadi hese dibahasna 
gawat ke bisa join lieur yeuh heu heu. Ke  ke aya nu tiasa ngajelaskeun hal 
dasar pisan nyaeta naon atuh hartosna energi?

Nuhun sateuacana.
 ~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
From: Ihsan Faisal <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, October 18, 2010 16:43:00
Subject: Re: energi mah positif Re: [kisunda] Ketuhanan --hawkings

  

Ari Hawking nyebatkeun energi nol. Nol sanes positif, kumaha tah?

Lalieur euy...



>
>Moal ngartos atuh, kedah maca heula teori buku fisika, sangkan ngarti yen 
>energimah salamina positif, teu bisa diciptakeun jeung teu bisa dimusnahkeun, 
>ngan bisa robah jenis ti
>energi ka energi lain na, listrik jadi gerak misalna atanapi gerak jadi 
listrik.
>
>



      

Kirim email ke