tos aya sababaraha naskah sunda kuno nu ditransliterasi (salin aksara ka latin) jeung transliterasi (diterjemahkeun basana) ka basa sunda ayeuna atawa indonesia. dina buku jurnal Sundalana, sok dipidangkeun artikel nu mangrupa hasil upaya eta.
dina hiji sawala di pusat studi sunda, kang undang ahmad darsa, filolog murid suwargina Edi S Ekadjati, ngajentrekeun yen tugas filolog mah ngan ukur ngalih aksara jeung bahasana, jerona kudu ditalungtik ku masing-masing widang nu relepan. enggoning neangan konsep estetika sunda tradisional, pikeun disertasi si kuring, nya make tilu naskah sunda nu geus ditarjamahkeun, sanghyang siksakandang karesian, amanat galunggung jeung sewaka darma. dina SSK, upamana, aya kapanggih mode-model corak dina kaen, meureun nu ayeuna disebut batik. ngan kecap batik teu aya. aya alumni desain tekstil itb nyieun buku batik jawa barat, salah sahiji caritana, latar sejarah batik, cenah tkg batik di jabar, asalna pangungsi ti jateng basa perang diponegoro. eta bisa jadi salah salima asal usul, ngan dina naskah SSK, aya tulisan ngeunaan corak dina kaen, sigana eta oge bisa jadi the origin of sundanese batik. aya ngaran, hihinggulan, kalangkang ayakan, jrrd. haha, sigana corak siga sarung, mangrupa garis vertikal-horisontal, hideung da kalangkang. nya soal estetika mah atawa filsafat kaendahana, dina naskah aya tulisan yen kaendahan teh identik atawa sarua jeung kasampurnaan. aya harti metafisik oge, nu dipake nepi ka kiwari, cara nu karek maot, sok disebut parantos sampurna. mun geus dikubur, parantos disampurnakeun. jrrd. > >Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]> >Kepada: [email protected] >Terkirim: Rab, 27 Oktober, 2010 10:12:35 >Judul: Re: Bls: [kisunda] Warisan - Naskah di Saung Butut? > > > > >Senen kamari dina acara "reinventing Sunda" tea, pa Arif Rahman, salaku wakil >ti >UNESCO ngajentrekeun, upama aya kasenian atawa budaya Sunda anu tos jadi >warisan >dunya, ngomat-ngomatan supaya Urang Sunda Rela upama eta warisan teh dipibanda >ku bangsa sejan. Tong dikeukeuweuk ku sorangan, cenah. Contona dina perkara >batik, keun wae Malaysia ngaluarkeun batik khas malaysia, tapi asal muasalna >batik teh sajatina ti Indonesia. Jadi, tong siga naskah Ciburuy, nepi ka >bulukan >dikeukeupan sorangan, ngan cukup reueus boga warisan anu sakral, tapi bari >jeung teu ngarti naon mangpaatna pikeun balarea. > >Baktos, > >mrachmatrawyani > > > > > > ________________________________ From: mh <[email protected]> >To: [email protected] >Sent: Wed, October 27, 2010 9:20:58 AM >Subject: Re: Bls: [kisunda] Warisan - Naskah di Saung Butut? > > >Hehehe, nuhun MJ, KT, infona. >Rada riweuh nya ari geus pakait jeung warisan pribadi sarta sakralitas mah >Kudu nungguan kasadaran para kuncenna. > > > >2010/10/26 Tirta widjaja <[email protected]> > > >>Tah ku MJ disebat, dijentrekeun eta naskah teh warisana kuncen sanes warisan >>urang sunda... Hiji conto beda perspektif. >> >> ~ experientia docet sapientiam ~. > > > >
