Baraya,

Jalaran aya hiji hal nu teu tiasa ditinggalkeun, panyatur, kang Aditia
Gunawan, teu janten sumping kana diskusi ieu. Panyatur diskusi digentos ku
Kang Tantan Hermansah, wargi milis ieu keneh, urang Garut tapi sabondoroyot
tos dumuk di Bogor, dosen sosiologi pedesaan UIN Jakarta nu meumeut kana
kasundaan. Jejer anu bade didiskusikeun nyaeta: "Nempo Deui Gerakan
Kasundaan". Poe, jam, sareng tempat mah masih sami.

Ku kituna bilih hal ieu janten ngaganggu ka baraya sadaya, simkuring
atasnami panitia diskusi neda hapunten. Sareng diantos pisan kasumpinganna.
Hatur nuhun.

Dudi Herlianto
Purah Wawar


---

Uleman

Baraya kadang warga, Majalah Balébat sareng Yayasan Hanjuang Bodas ngulem
sadayana kanggo sumping kana acara "Diskusi Sunda Bulanan" nu baris digelar
dina:


   - Poé        : Ahad, 31 Oktober 2010
   - Tabuh     : 10.00 dugi ka réngsé
   - Tempat   : Sekretariat Yayasan Hanjuang Bodas, Gd. Kamuning Gading Lt.
   3 Jl. Kptn Muslihat Kota Bogor. Sakomplek sareng Balékota, tukangeun
   pisan Gedong DPRD Kota Bogor.
   - Panyatur : Tantan Hermansah, Dosen Sosiologi Pedesaan UIN Jakarta
   - Tema      : "Nempo Deui Gerakan Kasundaan".

Hatur nuhun

-- 
Majalah Balébat
Padépokan Riksa Sunda
Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27
Ciampéa - Bogor 16620
Telp.  08121112982
Surélék : [email protected]/[email protected]
http://balebat.com

Kirim email ke