Arjuna gentur tatapa
Yudistira oge sarua
Nakula Sadewa pon kitu deui
Ngan Bima diluar jaga
Naha teu bisa tapa?
Bima bisa manggihan diri
Ku nerus laut ku nurus bumi
lain cicing diuk menekung
lain tapa ningali raga
Boa boa kuring can bisa tapa
atawa kudu nerus laut nurus bumi ?
tapi syukur-syukur kudu ngan ukur
ngetik http://www ....
he..he..he..
On 11/09/2010 12:51 AM, engkus ruswana wrote:
Kang Irpan, pan eta 4 unsur teh saripatina tos gumulung ngajadi diri
sewang-sewangan.... ngawawuhanna nya ulah lumpat kaluar diri, tapi ka
sajeroning diri..lir ibarat Bima teuleum ka samudra luas tepang sareng
Dewaruci.
Dina hal ieu teu kudu urang tatanya ka batur...ari kitu mah cenah
keneh-ceneh keneh.... apan dina sajeroning diri teh toa aya NU TERANG
asal ti NU MAHA TERANG.... kantun geura sorang deudeuheus ku sorangan
nyorangan keur sorangan.
Cag.
Engkus
--- Pada *Sen, 8/11/10, eminx /<[email protected]>/* menulis:
Dari: eminx <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] NGAWAWUHAN TANEUH, SEUNEU, CAI jeung ANGIN
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 8 November, 2010, 9:19 PM
earth wind and fire nya ... hehehe33x
2010/11/8 Irpan Rispandi <[email protected]
</mc/[email protected]>>
Kumaha carana kumaha macana
hayang wawuh taya nu nuduh
nanya nu bisa cenah teu bisa
sabab elmu na jojodoan
kumaha atuh kumaha atuh
lamun aya nu hayang wawuh
neang pituduh neang tutuduh
diajar maca diajar wawuh
naha aya nu ha'at ngabejaan ?
On 11/07/2010 10:28 PM, Halimunan wrote:
Urang hirup dina alam, aya taneuh, angin, seuneu jeung cai.
Mun bisa wawuh urang bakal salamet, mun
Teu ngawawuhan urang bakal kabolosan.
Alam mun rek aya nanaon pasti ngabejaan, tanda
Na aya, jelas, tinggal urang diajar jeung
Daek macana. Mun teu daek, nya wayahna mun
Kahirupan urang kaancam ku maranehna.
Lain salah nu nyiptakeun, lain salah alam,
Salah urang sorangan nu embung wawuh jeung
Titincakeun sorangan