Mh ari urang teh sok asa teu nyararambung nya, TKI, TKW kudu kieu kitu....nu kanyataan minggu kamari naek garuda digigireun diuk pamuda sasak rek ka malaysia jadi TKI. Maneha......ngan bisa basa sasak, basa Indonesia wae teu ngarti! Halah.......ditawaran nginum bae bingung, kumaha rek gawe bener lamun teu bisa komunikasi!
Bulan kamari di seminar, masyarakat ngadesek pemda NTB kudu nyieun program gawe supaya mun bisa ulah ngirim TKI, TKW cenah masing duitna kandel tapi ayeuna geus karasa masyarakat ruksak, loba janda-duda teu puguh, barudak terlantar jste. Ayeuna keur diteliti mungkin henteuna nyieun kebon sawit di NTB. Pemda Jabar, Banten? duka tah...... Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: mh <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jum, 19 November, 2010 17:42:09 Judul: Re: [kisunda] SBY, TKI jeung Handphone? kadang kadang urang sok leuwih mentingkeun produk akhir sacara instan, tinimbang ngabebenah prosesna. nu dimaksud "produk" jeung "proses" teh kieu geura maksudna: baraya tangtuna baroga dompet sanes? hehehe. salah sahiji eusina meureun sim nya paragi dibawa geugeuleuyeungan upama naek motor atawa mobil. sok geura kaluarkeun eta sim teh, pek ilikan sing tenget ti sisi ti gigir sababaraha balikan mah. eta "produk" kartu sim teh, da meni gaya pan, dijieun tina bahan kualitas hade. tah ayeuna, coba inget-inget kumaha "proses" nyieun sim tea. prosesna cukup panjang lin, ti mimiti kudu milu tes teori oge praktek. salian ti eta oge kudu ngalengkepan syarat administrasi, model ngeusian formulir, identifikasi cap jari, oge katerangan dokter, tes buta warna. panungtungna urang dipanggil hiji-hiji, dialog jeung petugas bari sakalian difoto digital. kaharti eta proses teh penting, ari keur nyieun sim munggaran mah. ayeuna mun urang rek memperpanjang sim tea, prosesna ampir sarua, kudu identifikasi deui sidik jadi, katerangan dokter, tes buta warna, wawancara jeung difoto deui wae. bedana teh ukur teu aya ujian teori jeung praktek. proses nu panjang lin. padahal tangtuna ge, data cap jempol, katerangan buta warna, foto tangtuna ge bisa di simpen dina database. ayeuna urang bandingkeun jeung di lembur batur. tah di salah sahiji lembur batur mah, nu dimodernkeun teh lain "produk" akhirna, tapi "proses"-na. kartu sim-na mah cukup make teknologi taun bulukan we, make laminasi. tapi prosesna leuwih efisien. data utama kabeh disimpen dina database, nu bisa dikases dimana-mana. mun urang rek memperpanjang sim, cukup datang we ka kantor pos, asongkeun nu heubeul, bayar rek sabaraha tauneun. kurang ti lima menit, geus jadi sim anyar. eh nyambung teu nya pangacaprukan teh, jeung "handphone jeung tki". hehehe. urang sambungkeun nya. handphone, keur jaman kiwari geus lain deui barang mewah, tapi barang biasa nu kabedag dibeuli ku sagala lapisan masyarakat. tinggal milih nu kumaha modelna we. rek nu anyar atawa brang urut make batur. mun urang rajeun ulin ka bandara, rata-rata tki barogaeun hp, malah teu saeutik handphonena ge garaya. tah ieu nu di luhur disebut "produk" teh. jigana nu perlu dibenahi, masalah tki teh, utamana mah masalah "proses" ngurusna. ti mimiti rekruitmen calon tki, nepi ka monitoring jeung perlindungan tki salila di luar nagara. uing mindeng kawenehan panggih jeung tki nu rek indit atawa balik ka nagara tujuan. naon nu kapanggih teh, ngeusian formulir imigrasi ge hese. jadi bisa dibayangkeun mun keunan ku kasus di nagara tujuan, kumaha rek neangan panyalindungan dalah jalan balik ge teu apal. 2010/11/20 oman abdurahman <[email protected]> >Lah, bisa mekelan handphone (HP). Kitu oge can prak, masih dina hambalan >"arek". >Dina derna, bisa-bisa jadi "proyek HP TKI" anu can tangtu bener antara >perencanaan jeung HP anu katarima ku TKI. Teu aya nu boga program nu leuwih >hade? > > >Anu diperlukeun ku TKI teh jaminan kasalametan di tempat gawe di pangumbaraan. >Ari ukur HP mah gampang direbut ku juragan anu keur kailangan temah wadi. > >Jaminan anu leuwih hade: eureunan ngirim TKI ka luar negeri. Naha >Nagara/Pamarentah urang bisa "maraban" rahayatna? Tangtu wae bisa. "Maraban" >urang peuntas wae bisa, boh ku emasna, atawa ku minyakna, kabeh ti alam urang, >Indonesia. Anu can bisa:pamimpin anu bener-bener nyaah ka rahayatna jeung teu >eleh ngalawan mafia (upamana: mafia hukum) > >manar > > > > >2010/11/19 mh <[email protected]> > > > >>SBY Akan Bekali TKI dengan Handphone >>Jum'at, 19 November 2010 | 15:00 WIB >>TEMPO Interaktif, Jakarta -Salah satu masalah penanganan Tenaga Kerja >>Indonesia >>yang diungkap Presiden Susilo Bambang Yudhoyono adalah tak adanya komunikasi >>yang terjadi antara TKI dengan pejabat yang menangani. Karenanya, Presiden >>SBY >>mengatakan kalau pemerintahnya akan menyediakan lebih banyak ponsel untuk TKI >>di >>luar negeri. >>" Penanganan TKI sering terlambat karena komunikasi kurang baik. Kita akan >>bekali alat komunikasi agar bisa berkomunikasi dengan instan. Ini sedang >>dirumuskan" kata Presiden usai rapat terbatas di Kantor Presiden, Jumat >>(19/11). >> >>Pemerintah, kata Presiden, akan memfasilitasi keluhan pada tenaga kerja ini >>agar >>lebih sigap dalam penanganan dan tidak berlarut. Presiden mengatakan ada >>sejumlah negara yang masih menganut ketertutupan sehingga informasi tentang >>TKI >>sulit diakses. >> >>"Kalau ada masalah, hak tidak diberikan. Kita minta mereka segera memberi >>tahu," >>katanya. Nantinya siapa yang akan menerima keluhan akan ditetapkan apakah >>konsulat jenderal atau duta besar. >> >>Menteri Tenaga Kerja dan Transmigrasi Muhaimin Iskandar mengatakan pemberian >>ponsel khusus sudah dilakukan, terutama negara yang sudah bagus >>penempatannya. >>Pemerintah masih sedang mencari pola berkaitan dengan ponsel ini, apakah kita >>berikan pinjaman atau berikan, "Masih kita evaluasi. Tapi yang jelas harus >>ada >>sistem komunikasi. Ini akan diintensifkan lagi," kata Ketua Umum PKB ini. >> >>Nantinya soal komunikasi dan ponsel khusus ini, kata Muhaimin, akan dibahas >>dalam nota kesepahaman dengan negara tujuan. "Sistem komunikasi yang terbuka >>masuk dalam bagian nota kesepahaman. jadi nanti tidak boleh diambil, tidak >>boleh >>majikan meminta, tidak boleh agen di sana tidak memberikan. jadi itu harus >>masuk >>dalam nota kesepahaman," katanya. >> >>EKO ARI WIBOWO >>http://www.tempointeraktif.com/hg/kesra/2010/11/19/brk,20101119-292877,id.html >> >
