Kang Subhan,

Sakaterang kuring, kecap "sering" (bhs Inggris: often) lain kecap basa
Sunda, minimal lain kecap asli basa Sunda (bisi ayeuna geus kaasup kecap
dina kabeungharan basa Sunda eta "sering" teh), balikta serepan tina basa
Indonesia. Ceuk kuring mah kecap "mindeng" atawa "remen" eta bisa kaasup
basa lemes, jadi bisa-malah- memang sakuduna ngagunakeun eta kecap
("mindeng" atawa "remen") pikeun maksud anu sarua jeung kecap "sering"
(lamun eta kecap "sering" can ditarima dina kamus basa Sunda salaku kecap
basa Sunda).

manar

2010/11/20 Muhamad Subhan Zakaria <[email protected]>

>
>
>  Para wargi sadayana,  pun alo nu kelas hiji SD gaduh pagawean imah ti
> guruna nu soalna kieu :
> Upami kecap "sering" lemesna naon ?
> Tapi ceuk kuring mah kecap "sering" mah tos lemes, da nu rada kasar mah
> mineng atanapi remen.
> Ka dulur-dulur sadayana nu gaduh waleran soal nu diluhur diantos pisan,
> atanapi bilih aya penjelasan nu sanesna diantos pisan deui.
>
> Hatur nuhun.
>  
>

Kirim email ke