Leres...leres..... mang Jebe... Simkuring teh kabawa keuheul atuda ka urang Arab teh, pedah narima warta neng Kikim dibunuh kalayan bugangna dipiceun di tempat runtah, tur kitu deui neng Sumiati disiksa leuwih-leuwih ti ka sato, sedengkeun bangsa urang loba nu serab ka urang Arab, ku sabab cenah turunan Nabi, kaasup kang Jusup Kala tiheula waktu ditanya komentarna soal kawin kontrak urang Arab di Bogor-Cianjur, majarkeun alus pikeun memperbaiki katurunan......haram jadol tah....palebah mana hadena????
--- Pada Ming, 21/11/10, JeBe <[email protected]> menulis: Dari: JeBe <[email protected]> Judul: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Kepada: [email protected] Tanggal: Minggu, 21 November, 2010, 8:15 PM Kieu weh atuh gampilna mah bah engkus, tanah suci teh tempatna nu disucikeun, ari jelemana mah nya sarua weh jeung di dieu, nu bener loba nu teu eucreug ge ngaliyed. Na atuh di urang ge lain hiji dua nu kacaritakeun aya nu maling koropak di masjid (nu jelas eta ge tempat/wewengkon nu suci jang nu ngagem Islam mah) atawa balikna mawa sendal anyar, padahal samemehna maranehna teh ibadah Jadi ari tempat mah ulah dijadikeun jaminan jelema bener salahna, dalah di saritem ge moal buraong kabeh (ngan terus terang weh urusan saritem mah karek beja ti beja, mangga nu sok ka dinya nambihan ingpo na hehe) Bener jeung salah na jelema lain lain dibentuk ti aya di wewengkon naon2na, tapi tina pilihan diri pribadi masing2 nu make patokan ajaran/ageman masing2. Kitu ari nu kaemut ku sim kuring mah. Mangga lajengkeun... Sent from MobilePhone®From: engkus ruswana <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 21 Nov 2010 21:07:39 +0800 (SGT)To: <[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Matak jadi hemeng ...welwh teu ngarti simkuring mah kang, naha nya di wewengkon Tanah Suci, malahan tempat padumukan bumina Allah pisan di ditu teh, naha maling jeung jamret bet loba, nu merkosa leubeut, nu maehan teu kurang, nu ngajajah (nganggap budak) ka pembantu ampir kabeh........Naha teu sarieuneun kitu dimbek ku Anjeunna..... peupeuriheun atuh di nagri urang mah da sanes tempat suci. beu.....matak rieuerrr... moal model kieu nu disebut daek malah bungah dibobodo..... tapi ketang da moal narimaeun deuih ari disebut kitu mah..... sanajan jelas ceuk kang Halimun tea mah bodo.... cag ah. Engkus --- Pada Ming, 21/11/10, ilen kardani <[email protected]> menulis: Dari: ilen kardani <[email protected]> Judul: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Kepada: [email protected] Tanggal: Minggu, 21 November, 2010, 2:39 PM Untung dewek mah diajar menca ti bubudak, basa jam tangan arek dijamret ku Urang Arab di Madinah bisa ngagiwar bari terus ngaleumpeuhkeun hatena sangkan ulah neruskeun niatna. From: Ilen Kardani <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Cc: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Sun, November 21, 2010 2:53:45 PM Subject: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Kedah kitu kang, Urang Sunda kudu dijejelan budaya Sunda ngarah nyaah jeung wawuh kana budaya sorangan. Mun teu kitu pasti budaya sejen bakal dijejelkeun ka barudak urang. Kuring mah ti bubudak geus dititah diajar menca di YPK nepi ka tamat sakabeh jujurusan jeung ibingna. Nepi ka ayeuna tah didikan Pa Dede teh nerap ka kuring. Nyanggakeun pangabaktos ka Pa Dede ti Gelar Pusaka. Kunu dialajar menca mah kapanggih kumaha mangpaatna tina masing-masing gerak latihan teh, nyakitu oge didikan moral na. Sent from my iPhone On Nov 21, 2010, at 14:06, engkus ruswana <[email protected]> wrote: Sampurasun, ngiring mairan nun. Simkuring mah satuju pisan mun silat diajarkeun di sakola ti SD mula, sabab penca silat di urang oge leubeut ku palsafah, simkuring yakin tina bela diri (jagat leutik), bisa ningkat kana bela nagara (jagat gede). Geuning dina tabeuh pangiringna mangrupa kendang geus teges gerak langkah teh kudu nuturkeun indung (kendang indung), dina kendang aya tali pikeun mageuhan nu lobana aya 9 tali nu disebut rarawat, nu hartina geura rarawat eta 9 alat pangawasa nu aya dina diri. Pon kitu derui dina gerakan penca silatna, pinuh ku palsafah.....mangga geura taroskeun ka ahlina. Simkuring yakin pisan mun diajarkeun di sakola sok sanajan ti mula SD, moa ngakibatkeun barudak jadi sok garelut, sabab energina geus kasalurkeun dina olah raga bela diri eta, beda jeung kaayaan kiwari enegi budak ngora nu teu katampung disalurkeun di jalan, nu antukna jadi tawuran tea. cag. Engkus --- Pada Sab, 20/11/10, mh <[email protected]> menulis: Dari: mh <[email protected]> Judul: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Kepada: [email protected] Tanggal: Sabtu, 20 November, 2010, 11:28 AM nyaeta falsafahna mah keur nyiptakeun urang sunda nu teuneung ludeung tea. hahaha. 2010/11/20 Jalak Pakuan <[email protected]> Mh sigana urang kedah netepkeun tujuan oge meureun falsafahna naon pentingna silat diajarkeun ti (di) SD. Ari di Jepang beladiri utamana kendo diajarkeun ti SD teh supaya tetep mulasara "Jiwa Kebangsaan, Ksatria".Ieu reaksi ka penjajah amerika nu ngalarang bangsa Jepang nyekel samurai sapopoe, padahal samurai teh simbol!! Hasilna rek kumaha oge tetep nepi ka ayeuna "Cinta tanah air" tetep dipulasara ku maranehna. Ayeuna lamun rek ngajarkeun silat sunda ti SD keneh nya kahade lamun teu ajeg fondasina, salah2 kurang disiplin jadi area preman. Makarya Mawa Raharja Dari: mh <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jum, 19 November, 2010 07:59:50 Judul: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity upama rek studi banding jeung jepang, tong kapalang atuh kang haji. rada negtog ah kasimpulanana. ngabeberkeun fakta yen karate jeung kendo di jepang diajarkeun ti sd mula, tapi kasimpulanana jadi humandeuar kurang percaya diri. mun jepang bisa, naha urang make teu bisa? mun nitenan film-film jepang atawa korea, maranehna aya upaya nu soson-soson pikeun "nga-global-keun" warisan lokalna. hasilna jiga nu katitenan ku urang sarerea: olah raga bela diri lokal khas jepang jiga karate diglobalkeun, diekspor ka mancanagara; kadaharan khas jepang nu sahuap-sahuap, juga "neng" susi, diglobalkeun, diekspor nepi jadi kadaharan urang bandung; malah dongeng jepang, ngimpi jepang, rahul jepang ge teu kaliwat, komik jepang doraemon diglobalkeun ka satungkebing langit satangkaraking jagat. tah, naon salahna mun "silat sunda" bisa dikemas jadi pangajaran nu bisa diterapkeun sacara masal, sacara global, nu bisa dijarkeun ka manungsa sakolong jagat. nu katinggali ku uing paling henteu aya dua hal nu ngalantarankeun karate jepang bisa dimasalkeun: kahiji nyusun materi ajarna saluyu jeung tingkatan umur; kaduana nyusun peringkat pelatih nu make sistem layer, ti mimiti sabuk bodas nepi ka sabuk hideung. tah katinggalina mah dua unsur ieu nu ngalantarankeun karate bisa diglobalkeun sacara masal. 2010/11/19 Jalak Pakuan <[email protected]> Kumaha pami Studi Banding ka Jepang atuh, diditu dialajar karate, kendo ti SD keneh, aman aman wae tah. Tapi tradisi di urang silat diajarkeun di pasantren, di paguron silat atanapi di lingkungan kulawarga, lamun di ka SD keun rada mangmang masalah disiplin! Makarya Mawa Raharja Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 18 November, 2010 06:17:35 Judul: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Abdi mah tetep teu panuju silat diajarkeun di sakola, dah kedahna di padepokan atanapi pasantren. Sabab ari bela diri mah kedah disarengan ku olah batin, nyaeta kedah tiasa nyepeng peso bari teu palay ngeureut Powered by Telkomsel BlackBerry® From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Thu, 18 Nov 2010 03:27:46 +0000 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Satuju lah akang2, penca silat diajarkeun di sakola. Selain untuk olah raga tapi kanggo olah jiwa oge... He he he Powered by Telkomsel BlackBerry® From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Thu, 18 Nov 2010 03:25:37 +0000 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Ari abdi mah soal angklung satuju, soal silat diajarkeun di sakola teu panuju.. Ayeuna wae teu aya pangajaran silat, barudak sakola garelut wae, komo mun diajarkeun silat... Atuh beuki angot barudak teh garelut... Aya bahan nu gelut na moal murid wungkul engke mah, guru na oge bakal milu pakepuk peureup Powered by Telkomsel BlackBerry® From: Aschev Schuraschev <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 18 Nov 2010 11:15:19 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Sumuhun. Satuju pisan. --- On Wed, 11/17/10, mh <[email protected]> wrote: From: mh <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity To: [email protected] Date: Wednesday, November 17, 2010, 7:40 PM nu kaimpleng ku uing mah sementara aya dua kamonesan karuhun nu perlu dikokolakeun leuwih geten titen teh: angklung jeung penca silat. aya hadena mun ieu dua kreasi karuhun teh diasupkeun kana kurikulum sakola di tatar sunda. paling henteu jadi ko-kurikuler pangajaran di sakola. penca silat hade pisan keur ngawangun karakter barudak sunda nu hade wawanen. supaya daraek ancrub kana widang pulitik. apan kiwari mah urang teh jadi jalma aneh saalam dunya, urang sok harayang boga pamingpin sunda boh lokal oge nasional, tapi mumul ancrub kana pulitik. sanes aneh ari kitu? hehehe
