Sikuring boga babaturan tkw di hongkong, sok ngobrol via fb fb an atawa yahoo messenger an..
Cenah ol (onlen) na ngagunakeun henpon.. juraganana bageur ceuk manehna From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of [email protected] Sent: Monday, November 22, 2010 11:15 PM To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] SBY, TKI jeung Handphone? Teu siap, sagalana katingali teu siap, ngadadak, asal bisa nenangkeun rahayat.. Nagara batur mah ukur nagara batur, nu ngurus kasalametan rahayat urang nya pamarentah urang sorangan Mun pamarentah teu sanggup ngurus rahayat sorangan, nya urang kudu hideng ngurus diri sorangan Nyaho pamarentah teu sanggup mulasara kasalametan urang, kunaon urang wani2 adu nyawa di nagri sejen ? Di nagri sorangan ge kasalametan urang teu kajaga.. Teu aman, bisa ujug2 bom ngabeledug hareupeun irung Jadi ceuk kuring mah, diajar mulasara, ngajaga kasalametan diri sorangan, ulah ngandelkeun batur atawa pamarentah Ulah beunang dibibita ku gedena gaji, pikir bulak balik resikona.. Mun teu siap diadu kaahlian di luar nagreg nya ulah nekad bari picilakaeun Mun geus siap sagalana dina diri, kakara wani ngalengkah ka nagri sejen Ngarah teu ditincak harga diri bangsa urang teh, ngirim jalma2 bodo katotoloyo ka luar nagreg, ngerakeun... Pantes we batur beuki teu ngahargaan ka urang... Duh cape, kalah kukulutus Powered by Telkomsel BlackBerryR _____ From: oman abdurahman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 22 Nov 2010 23:05:46 +0700 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] SBY, TKI jeung Handphone? Kumaha rek bisa ngagunakeun HP lamun jalmina dikerem, malah HP na kaburu direbut. Dasar....:) Ngabandungan padungdengan diskusi soal TKI/TKW bieu di salah sahiji statsiun TV aya sababaraha kacindekan sakumaha dihandap ieu: - Kasus2 TKI (umumna TKW) di LN kacida mataka nalangsana jeung kawilang loba (rebuan). Aya anu nasibna (baca: mayitna) can kapaluruh geus 3 taun lilana nepi ka ayeuna; - Urusan ngirim jiwa raga manusa Indonesia, leuwih ngenes deui, awewe anak bangsa Indonesia, tetela leuwih loba dipasrahkeun ka swasta. Fungsi pangawasan ti Pamarentah teu jalan. Swasta - ngaranna oge bisnis - tangtu wae leuwih neangan untung tinimbang paduli ka nasib para TKW; - Ku sakitu lemahna pengawasan, loba TKW anu ragrag kana perdagangan manusa; - Ajen bangsa uran, dina hal ieu TKW, handap pisan di LN - Perlu moratorium pengiriman TKW ka sababaraha nagara kaasup ka Arab Saudi; - Pamarentah katangen pisan teu boga strategi jeung rencana aksi ngokolakeun TKW anu biluk ka nasib rahayatan sajalan bareng jeung ngaronjatkeun kasajahtraan wargana. manar 2010/11/22 <[email protected]> Maksad bah jebe mah, mikir ku tuur tea panginten hehehe Powered by Telkomsel BlackBerryR _____ From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 22 Nov 2010 22:43:09 +0700 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] SBY, TKI jeung Handphone? ari nu teu boga uteuk bisa boga pamikiran kitu? mikir atuh!! hihihih... sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org 2010/11/20 JeBe Ideu anu teu berkualitas alias LEBAY... Pamikiran jalma nu teu boga uteuk!!! Keuheul aing mah
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
