Tah kang waluya, eta nu dipimaksad ku sim kuring, upama tea nyabit2 kana 
ketersinggungan kana urusan kapercayaan sim kuring seja tabe bae ampun paralun 
teu dugi kadinya. Mung dumasar kana panaluntikan memang urusan kasundaan 
(saparantos prof ekadjati dkk, mangkat) tacan aya deui anu ngaguar tina sisi 
akademis. Cag 
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: "Waluya" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 26 Nov 2010 03:55:57 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative 
ofthe intangible cultural of heritage of humanity

> enj...@... wrote:
> Di sagedengeun ti eta kuring jadi hayang apal keur dulur2  anu geus 
> percaya kana rupa2 hal ngeunaan sunda jsb naha enya eta the aya 
> buktina??? 

Maksadna ngeunaan sunda nu mana tea Kang? Upami nu dimaksad Siliwangi, 
saleresna KEUR NU PERCAYA teu perlu bukti deui, namina oge geus PERCAYA ( geus 
YAKIN) dina ayana. Tah kumargi geus lumpat kana KAYAKINAN batur, teu hade oge 
gogorowokan nyebutkeun Siliwangi teh euweuh bari ngangajak urang Sunda kudu 
ninggalkeun kapercayaan ieu. 

Lamun bae bade dideukeutan ku elmu pangaweruh, tangtu perlu bukti. Tah 
saumpamana wae ku elmu pangaweruh (bukti2 sajarah) kabuktikeun sabenerna 
Siliwangi teh TEU AYA alias ukur dongeng, tapi tetep moal bisa ngaleungitkeun 
kitu wae kapercayaan ieu di hate sabagian urang Sunda.

Hawking nulis dina buku anyarnya yen Tuhan teh teu pipilueun dina ngadegkeun 
alam semesta. Hawking make elmu pangaweruh tepika boga kacindekan kitu. Tapi 
sabagian gede urang Indonesia leuwih  percaya kana GERENTES HATENA tinimbang 
analisis fisika Hawking. Analogi nu sarua keur masalah Siliwangi, sanajan aya 
nu tepika totonggengan nyebutkeun SIliwangi teh ukur dongeng make alesan2 
ilmiah, tapi hal ieu moal mangaruhan keur nu PERCAYA jadi TEU PERCAYA.

Kuring oge satuju lamun perkara Sunda buhun teh diguar sacara ilmiah, tapi 
nyaeta kudu ati-ati ulah nyigeung, sabab ieu aya hubunganana jeung kayakinan. 
Lamun hiji kayakinan diganggu gugat, biasana hese rengsena, nu ngarasa 
kaganggu, bakal neruskeun kateuresepna ka anak incuna.......


Baktos,
WALUYA









  


Kirim email ke