Memang pasti beurat jadi moderator supaya lancar padungdengan. Nya eta mah hak penuh moderator nga"ban", najong ngaluarkeun member jste. Masalahna aya keterbatasan moderator intens ngabandungan hiji topik, jadi dina mengparna tacan tangtos "timing" ngamoderasina pas.
Masalah kang Imun mah subjektif, ceuk kuring mah ngamasalahkeun huruf mah lain inti pasualan, jadi trigger hungkul. Masalahna mah "panas" ku silih tembalan urusan kayakinan. . Kang Imun jeung lawan padungdengan ceuk kuring mah teu aya bedana, keprok mah bisana ku dua leungeun. Tina silih tembalan aya pikakeuheuleunana aya oge mangpaatna nu bisa dicokot, Eta mah kumaha jeung dimana neundeun posisi masing2. Wilujeng ka para moderator, sing kiat da ieu mah milis non eksakta, beda jeung milis komputer, programmer jsb. salam tirta Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Eko Ruska Nugraha <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]> Terkirim: Jum, 3 Desember, 2010 22:16:58 Judul: [kisunda] Naon judulnanya.... Ih duka kang dud abdi oge teu terang hartosna pami basa komputer mah insya alloh rada kahartos sigana he he he asal ulah basa assembler we he he he.....jadi ngacapruk kieu......kieu kang dud sim kuring nyebat eta putrana kang imun teh pedah sababaraha kali sok ngasend huruf sepertos kitu ka kuring teras ditaros aya naon kang, teras kang imun ngawaler oh punten eta pun anak ngoprek cenah tapi sigana mah sanes ka kuring wae kanu sanes oge sina. Nya walohualam leres henteuna mah da teu dipikirian kukuring oge he he he tah boa-boa seratan anu teu kahartos anu lebet ka milist oge putrana ka imun oge tapi duka walerean kang imun naonnya da langsung didelete. Tah perkawis kang imun bade dimoderasi nya kumaha kasapukan nusanesna wae dan para kuncen oge domokratis lamun loba nuprotes meureun nya teu jadi meureun nya lamun loba nu satuju gampang tinggal dimoderasi. Ari kuring mah aya saeutik usul kumaha tah dina from name coba eusi ku ngaran sewang-sewangan terserah ari ngaran email ari maksudna mah supaya leuwih wanoh wae, nya eta mah usulan pedah rada kaideuan ti sababaraha milist tapi lamun teu satuju nya teu nanaon da naminana oge usulannya. Tos ah kang dud panjang teuing rada tunduh cape deuih geus mantuan pun bojo nyieun somay lumayan aya nupesen yeuh 100 siki. Salam Baktos titukang somay tos pangsiun jualan bajigur mah ERN Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 3 Dec 2010 22:45:53 +0700 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Fwd: 40 urang pangbeungharna di Indonesia 2010 mun seratan nu kahartos ku abdi mah, bah imun teh ukur pikasebeleun teu nepi ka kudu dimoderasi :p... ngan eta tah masalah salah kirim tulisan teu pikahartieun, edas eta mah. kuring teu make blackberry jadi teu ngarti, cobi pangjelaskeun kang eko, bah imun atuh... 2010/12/3 oman abdurahman <[email protected]> >Satuju dimoderasi postingan anu sakira-kira ngarempag aturan milist mah. >Sababaraha postingan Kang Halimun katangen memang sakuduna mah dimoderasi. > >manar > > > > > >2010/12/3 <[email protected]> > > >>Maksadna kumaha ? Mangga wae abdi mah kumaha akang? Nampi wae >>Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ >>From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> >>Sender: [email protected] >>Date: Fri, 3 Dec 2010 18:52:40 +0700 >>To: <[email protected]> >>ReplyTo: [email protected] >>Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Fwd: 40 urang pangbeungharna di Indonesia 2010 >> >> >>Kang Halimun, hampura ku uing kapaksa rek dimoderasi. Bongan polah sorangan, >>sahanteuna nepi ka tara salah kirim deui. Bisi aya nu teu panuju, boh kuncen >>anu >>sejenna atawa warga sanesna, mangga geura pok. Ditungguan... >> >>sikandar >>kumincir.blogspot.com >> >> >>2010/12/3 <[email protected]> >> >>Punten lepat ngirim, tadina kanggo kang eminx >>> >,___ -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
