2010/12/6 koko_robert29 <[email protected]> > > > artinya ada, tapi pemakaiannya sudah tak terdengar lgi > Basa Sundana: "Hartina aya, ngan ngalarapkeunana geus teu kadenge deui."
Tenang Kang Koko. Hehehe Ramalan, yen basa Sunda hususna, umumna basa daerah tereh punah, geus ti baheula. Asana kungsi maca hal ieu dina majalah Pusaka Sunda nu terbit taun 20-an. Rame deui taun kamari, pedah aya wanaca dina laporan Unesco. Tapi buktina mah, basa Sunda teh geuning "die hard", masih jumeneng nepi ka kiwari. Salah sahiji tujuan ieu milis, mun dianalogikeun jeung kaulinan komputer mah, asana keur upaya narekahan manjangkeun umur basa Sunda. Mun bisa kitu ge. Ku kituna, hayu atuh urang ngabiasakeun migunakeun basa Sunda salaku basa panganteur dina diskusi. Bahan obrolanana mah naon wae, nu penting padungdengna make basa Sunda. -mh- > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...> > wrote: > > > > 2010/12/6 Koko Budiman <koko_rober...@...> > > > > > > > > > > > > lanceuk, adi biang, indung sste. ayeuna kayanya sudah hampir tak > terdengar > > > lagi. > > > Nu aya ngan pun rama, pun Ibu; pun raka dst > > > jadi basa sunda beuki leungit wae. > > > sigama mah 10 taun deui yang dipergunakan senagai basa dehari hari > adalah > > > bahasa Indonesia................ > > > pantes kituna mah................... > > > > > > > > Ngarah basa Sunda teu tereh tumpur, urang sundakeun tulisan di luhur: > > > > "Lanceuk, adi, biang, indung, sareng saterusna; ayeuna jigana geus ampir > teu > > kadenge deui. > > Nu aya, ngan pun rama, pun ibu, pun raka jeung saterusna. > > Jadi basa Sunda beuki leungit wae. > > Sigana mah 10 taun deui anu dipake pikeun basa sapopoe teh nyaeta basa > > Indonesia. > > Pantes, kituna mah." > > > > Catetan uing: > > Meureun nu dimaksud ku Kang Koko teh, undak-usuk basa Sunda geus teu pati > > diperhatikeun deui. > > Sabab ceuk pikiran Kang Koko, nu merenah pikeun kecap ganti teh jiga > kieu: > > pun lanceuk, pun adi (?), pun biang, atawa pun indung (?); lain pun rama, > > pun ibu, atawa pun raka. > > >
