Ah da geus "kabaca" pingacaprukeun nana. Mendingan ulah we da moal puguh.
Muhun maksad "kabaca" teh, Abah Imun hayang ngayakinkeun atanapi boga kahayang nyaritakeun yen Prabu Siliwangi teh ngagem Islam. Muter-2 kaditu kadieu. Bari teu pegeh. On Tue Dec 7th, 2010 9:39 PM ICT setiadi_rs wrote: >Meungeus atuh ulah pada ngageureuh bisi kang Imun teu tulus ngadongengna. Sok >lah kang Imun ulah salempang, engke urang akurkeun jeung nu aya di kuring. >Keun bae dongeng nu aya di urang (maksud teh nu aya di Kang Imun jeung nu aya >di kuring) teu akur jeung dongeng nu aya di nu lian ge. Sok sing saujratna! > > > >--- In [email protected], Maman <manz2...@...> wrote: >> >> Wah... sigana moal bisa. >> Beda kaidah. he.he.he.. >> Lamun make sistematika jeung metodologi sejarah siga anu di usulkeun ku MH, >> atuh "pinter" anu di alam ghoib teh. >> Lamun bener bisa, tangtuna bisa oge nyaritakeun sajarah di wewengkon sejen >> umpamana dj inggris, jerman umpamana. >> Atawa, ulah jauh teuing, pan informan ki halimunan, 'hirup' nepi ka ayeuna >> tah taroskeun >> sakalian, kusaha jeung kamana Wiji Thukul, atanapi kamana salakina Eva Arnaz. >> >> he.he.he. >> >> On Tue Dec 7th, 2010 6:23 PM ICT mh wrote: >> >> >Kang Imun, ngarah rada ngaberele pedaranana, jigana hade mun nyusun caritana >> >make periodisasi geura. >> >Misalna, ti mimiti kalahiran, mangsa budak, rumaja, dewasa, jeneng raja, >> >nepi ka mangsa mangkatna. >> > >> >Der ah! >> > >> >2010/12/6 Halimunan <halimun...@...> >> > >> >> >> >> >> >> Neruskeun caritaan saacana yen ieu carita lain ukur dongeng atawa harewos >> >> goib.. Kuring saparakanca estu ngorehan diditu didieu jang nambah >> >> kayakinan >> >> kana carita guru kuring ngeunaan sabagean kajadian nu dialaman ku >> >> siliwangi >> >> harita, guru kuring bisa nyaritakeun kusabab anjeuna ngalaman sorangan, >> >> nempo sorangan jeung ngadenge sorangan kajadian eta. >> >> >> >> Kunaon bet disebut guru? Lain kusabab nurunkeun elmu goib, batin jsb, lain >> >> oge nurunkeun atawa mere kakuatan ka kuring saparakanca, anjeuna disebut >> >> guru kusabab loba mamatahan alusna hirup jadi jelema teh jiga kumaha, >> >> nyarek >> >> mun alah, ngabenerkeun mun bener, jeung hiji deui, guru kuring eta nu >> >> nyaritakeun kajadian siliwangi nepika maotna. >> >> >> >> Kunaon guru kuring eta aya nepika ayeuna? Kusabab lain bangsa manusa, >> >> kajeun sasama mahluk, anjeuna lain bangsa manusa, tapi bangsa jin, anu >> >> umurna beda jeung kuring, jeung bangsa manusa. >> >> >> >> Kusabab kitu, anjeuna bisa nyaritakeun naon nu kaalaman ku anjeuna, naon >> >> anu jadi amanah siliwangi nu kudu ditepikeun ka turunan siliwangi ayeuna, >> >> ngarah apal kajadian sabenerna.ditepikeun ka kuring jang diteruskeun ka >> >> balarea, rek di percaya atawa henteu, rek di baca atawa henteu, teu jadi >> >> pasualan jang kuring, kuring ngan ukur kaamanahan nepikeun wungkul. >> >> >> >> Saha ari guru kuring saparakanca teh, kaasup guruna kang nonggerak, nu >> >> arang bijil ari teu perlu mah, beda jeung kuring nu rada sakainget. Guru >> >> kuring teh asmana SANTANG, KI SANTANG, atawa ku kuring mah disebit SI AKI. >> >> >> >> Kukituna, hampura mun engke dina cara nepikeun henteu saluyu jeung kaidah >> >> nulis nu aya, kusabab kuring lain tukang nulis artikel, teori, makalah >> >> jeung >> >> sajabana, sakali deui hanmpura dina kakurangan cara nepikeun ieu carita >> >> engkena. >> >> >> >> >> > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
