Nuhun Den Bagus.
Wei jero pisan yeuh. 

Umpama budaya teh mangrupakeun kanyataan kahirupan sapopoe anu dijalanan ku 
sakumna bangsa-bangsa(suku-2) nu aya di dunya ieu, hartosna aya anu 
nga-latar-tukangeun nana. Ku sistematika Kuntowidjoyo, aya tahapan-tahapanna, 
alam mitos, alam ideologi, alam elmu anu ngahasilkeun budaya. 
Ayeuna urang udag ti Adam Tunggal(mitos), nalika anjeuna ngajleng ka alam 
marcapada duka timana-mana na mah, cuang-cieung, hulang-huleng ningalian 
pamandangan alam anu sakitu endahna, gunung, walungan, tatangkalan, 
buah-buahan, sasatoan harirup kabeh. Terus anjeuna mikir(ideologi/kayakinan), 
keur saha jeung keur naon ieu alam anu sakitu endahna teh? Keur kuring jeung 
kumaha kuring. Atuh lamun kitu mah kuring mual wani-wani ngarusak jeung 
ngagadabah alam ieu, sabab lamun ngaruksak sarua jeung ngaruksak diri ku 
anjeun. Kumaha carana alam ieu kudu tetep lestari, nya kudu dipiara (elmu) tea. 
Ulah dugi ka tumpur. "in harmonia proggressio" (jargon itb baheula).

Ayeuna urang ningali ka tukang, nu matak ngelmu teh kudu dipuguhkeun heula 
ideologina, jeung mitos naon anu jadi landasanana. Ulah ieu mah der, ngelmu 
kaditu kadieu ngan pikeun ngabobodo jelema sejen. Prinsip dasar Sekuler,Plural, 
jeung Liberal apan ngutamakeun individu pikeun ngembangkeun kasaktiannana 
sorangan-sorangan sangkan bisa ngacukupan kabutuhan soranganana anu euweuh 
bates wangenna. "Loe-loe gue-gue", aink-aink maneh-maneh, sok kadinya silih 
bersaing, sangkan jaradi jelema kompeten, anu teu kompeten wayahna paeh sabab 
teu
bisa nyesuaikeun jeung tangtangan alam anu pinuh ke persaingan. 

Ku jalan ideologi ieu, jelema jadi palinter, malikir, maraju. Masyarakat jadi 
'efektif' jeung 'efisien', ditimukeun elmu-elmu anyar, kanyaho nu leuwih loba, 
antukna nyiptakeun barang-barang anyar anu mawa matak ngaruksak lingkungan 
alamna. Mobil, pabrik anu ngaluarkeun polusi udara, kitu oge walungan anu 
herang cur-cor diditu di dieu jadi kiruh ku sampah plastik,jeung leutak; 
tatangkalan dipites-piteskeun keur nyieun imah, pasir-pasir bukit-bukit kitu 
oge dikerud.
  
pake ayat saeutik : " geus aya kajadian karuksakan alam dimana-mana kusabab 
ulah manusa ". (hilap ayat sabarahana)

Manusa nu mana?  Taya lian ti urang-urang anu hirup dikota-kota. KUM.

:)

On Thu Dec 9th, 2010 5:24 AM ICT Tubagus Rifki L wrote:

>Nilik kana lalampah urang Kanekes, ditingali sabage sistim sosial nu 
>sabeungkeut, Urang Kanekes boga pamingpin nu di gugu. Kapangmimpinan nu 
>epektip (ngadek kudu saclekna) jiga kieu nu ngajadikeun tingkat konformitas 
>rahayat kanekes nu luhur, contona make baju sarua warnana, nyieun imah 
>nyula-nyanda , teu aya lalaki baduy nu nyandung jeung sajabana.
>
>Kapangmimpinan model kieu geus jarang katingali di desa-desa liana. Atawa di 
>republik ieu(?!)
>
>Salah pisan di jaman SIPILIS kieu lamun urang Bandung nurutan urang Kanekes sa 
>aya-ayana, kula ke teu bisa ulin ka heritage atawa factory outlet.
>
>Kitu deui, salah pisan lamun urang Banten, meleg-meleg ngagelong naon bae nu 
>ditawarkeun ku si SIPILIS, bari teu ngarti wangun pamikiranana, konsekuensi 
>praktisna jeung hal-hal nu tangtuna aya kanegatipanana, kateucocokanana. Pan 
>nu teu cocok tong sok dicocok-cocokeun.
>
>Makana kitu, eta pangwangunan budaya di antarana ningkatkeun kualitas 
>pendidikan boh dasar boh luhur. Muncakeun kamampuan diri manusa. Tah, bari 
>ngaresto di Mcdee bari ngoprek notebook nu kasambung ka wifi, Urang Baduy 
>gundreng ngadiskusikeun proyek baduy nyieun pasawat ka panonpoe. Tetep 
>maranehanana disebut urang Baduy, ngarasa jadi Baduy, di Kanekes masih aya 
>patok beton putih, Puun masih aya, jaro pamarentah masih aya, imahna tetep 
>tinu bilik, ngan jalan satapak kiwari geus diganti ku jalan magnetik nu 
>nganteurkeun urang Baduy ka luar ka jero. NKRI teu wanieun nandatangan kontrak 
>jeung Newmont sang ngagali emas di wewengkon Baduy!
>
>Ceuk pamadegan kula, sakabeh nu di luhur pakuat-pakait jeung Strategi Budaya. 
>Budaya nangtukeun ciciren masing-masing manusa, sabalikna masing-masing manusa 
>nyumbang kana nanahaon nu disebut budaya.
>
>Lamun teu ditalungtik teu dipikiran-pikiran acan, ka mana arah budaya urang 
>sarerea, tangtuna jiga kiwari Urang Sunda, pan cenah bahasana rek leungit, 
>loba elit Sunda nu hayang jadi pamimpin puncrut NKRI tapi teu mancat-mancat. 
>Urang Sunda ka handap teu akaran, ka luhur teu pucukan (dina sual politik, 
>wewengkonna geh lengit jadi Jawa). Salah sahiji sababna teu kauntup wangun 
>pamikiran jiga urang Baduy nu boga 'Strategi Budaya' sorangan, boh sanajan 
>loba dulur-dulurna ti belah wetan  nu nyieun stigma negatip, yen urang Baduy 
>eta jelema blo'on, primitive, dusun, rawayan jeung sajabana. 
>
>Ngabandingkeun SB Baduy jeung kahirupan dulur-dulurna nu geus rada majumodern 
>memang teu pasagi gambir. Tapi aya prinsip-prinsip dasar nu bisa ditalungtik. 
>Faktor-faktor naon di na kamasyarakatan Baduy, nu sacara moncorong mangaruhan 
>kayaan Baduy nu relatip tetep ajeg Budayana? Naon tah Adam Tunggal?
>
>Rada panjang kula nyarita, sabodo lah. Bisa bener, bisa salah.
>Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu,
>nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor.
>TRL
>



      


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke