Amun ditulis, bisa beak waktu macaan aturan, komo dijieun detil.
Jigana mah nu asup ka milis lain jalma nu kakara (gaptel) urusan permilisan, 
jadi sacara umum geus (kuduna) paham naon nu meunang naon nu teu meunang. Eta 
meureun nu jadi acuan owner jeung mang omod teh, yen urang2 kudu geus cingcay :D

Ari kuring mah salaku member, pasrah bongkokan weh ka nu gaduh (owner) jeung 
kang momod. Deuk dimoderasi heug, deuk dibanned heug, ari resep di dieu meureun 
uing ge bisa asup deui. Jiga dahar sambel lada, sakumaha tobatna, angger weh 
isuk geto dahar sambel deui :D

Iihh tapi eta ge karek ceuk kuring nya... Bebas wae nya bahDud ari pendapat 
mah.... Heheh....
Paspispus weh lah...

Sent from MobilePhone®

-----Original Message-----
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 9 Dec 2010 16:34:35 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Bls: [kisunda] Naon judulnanya....

gampang sabenerna mah, jieun palanggeran tinulis. nu kumaha polah anggota nu
kudu dimoderasi, nu kumaha nu kudu dipeclengkeun. ka dituna, moderator
tinggal ngalaksanakeun eta palanggeran. kuring bieu panasaran, ngalongok
deui tepas ieu grup, geuning can aya aturan sarupa kitu.

2010/12/5 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>

>
>
> ari pikeun kuring mah leuwih hade nembrak, ngarah puguh pikeun balarea
> kunaon pangna kitu/kieu, da kuncen mah lain 'petrus' atuh. tembak terus
> dikarungan...
>
> sikandar
>
> 2010/12/4 Akang Tajimalela
>
>>   Perkawis sangsi mah urang sanggakeun wae ka moderator, arek di banned
>> atanapi di black list etamah hak moderator.Teu kedah di alungkeun ka
>> "floor"...langsung pecat wae.Toh orang yang di banned tiasa lebet deui
>> nganggo user name nu sanes.Maksud kuring mah "jiga" google adv, mun tos
>> memvonis "maneh licik" nya atos wae pokona ceuk aing sia "licik".
>>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke