Palebah mana hadis Nabi, pitutur Syaidina Ali sareng Siti Aisyah teh kang??... 
kumaha tah ucap-ucapanana.

pun,
ER


--- Pada Kam, 9/12/10, Tubagus Rifki L <[email protected]> menulis:

Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
Judul: [kisunda] Re: Bls: Strategi Budaya Baduy -- Ti Ayah Mursid, versi manar
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 9 Desember, 2010, 9:30 AM







 



  


    
      
      
      Tah geuning...jiga hadis nabi saw, aya nu du tutur ku Syaidina Ali Kw. 
aya nu Siti Aisyah Ra...beda-beda dikit...

TRL



--- In [email protected], oman abdurahman <omana...@...> wrote:

>

> Basa anu kapanggih ku kuring waktu nganjang ka Kanekes mah eusina rada aya

> beda saeutik, tapi lolobana mah sarua. Naha eta teh sarua keneh kalebet

> pitutur ayah Mursid? Mangga di handap ieu anu dimaksud:

> 

> #PRINSIP HIRUP MASYARAKAT BADUY DI DESA KANEKES

> 

> Garapan (cecekelan) hirup Urang Baduy anu dipigawe jeung kudu dilaksanakeun

> sapopoe,  nyaeta "pondok teu meunang disambung, lojor teu meunang dipotong".

> Ari kahirupan Urang Baduy teh titipan ti Adam Tunggal anu disebut *Wiwitan*.

> Nyaeta, saluruh bangsa, agama jeung nagara. Ari wiwitanna nyaeta "ti nagara

> puluh tilu pencar salawe nagara, kawan sawidak lima (genep puluh lima)". Eta

> teh anu disebut eusi tina jumlah lima puluh dalapan nagara, anu

> masing-masing boga *buyut*, boga *pantang*, boga *ulah*, jeung boga *pamali*.

> 

> 

> Nagara pikahareupeun mah, bahan diwangun jeung bahan dirobah kudu jadi

> kamajuan. Ngan ari wiwitan mah anu aya di Baduy, teu meunang dileungitkeun

> jeung teu meunang dirobah, kudu angger sarua jeung garapan hirupna. Anu jadi

> sabab, geus aya  ti luhurna, nyaeta basa Adam Tunggal ngumpulkeun sakabeh

> pananggungjawab alam dunya, pikeun nyaksian dijieunna Rukun Garapan Dua

> Welas, anu bakal ngeusian alam dunya. Ngan garapan ieu teu meunang

> dijadikeun hiji sabab bisi ngaganggu kana pangwangunan nagara.

> 

> Wiwitan anu dijadikeun garapan hirup sanajan ditawarkeun ka sakabeh Rukun

> Garapan Dua Welas, bakal loba anu teu sanggupeun. Tapi, kudu aya anu sanggup

> nyekel, nyaeta pikeun neguhkeun jeung ngageuingkeun anu aya ti Sabang nepi

> ka Merauke. Ari wiwitan anu diteguhkeun the nyaeta "lojor teu meunang

> dipotong, pondok teu meunang disambung" tea bari ngalaksanakeun :

> 

> -       "Mipit kudu amit",

> 

> -       "Ngala kudu menta",

> 

> -       "Ngagedag kudu bewara",

> 

> -       "Ngali cikur kudu matur",

> 

> -       "Ulah gorah, ulah linyok (bohong)",

> 

> -       "Ngadek kudu sacekna (nu enya kudu dienyakeun, nu ulah kudu

> diulahkeun)",

> 

> -       "Ulah sirik, ulah pidik",

> 

> -       "Ulah ngarusak bangsa jeung nagara",

> 

> -       "Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang diruksak".

> 

> 

> 

> Urang Baduy boga kasanggupan ngadeugkeun, ngageuingkeun, jeung neguhkeun

> titipan ti wiwitan anu diparentah ku Adam Tunggal. Sanajan kitu, kudu

> dibantu oge ku anu neguhkeun, anu matuhkeun, jeung anu ngawangun nagara,

> nyaeta Pamarentah.

> 

> 

> 

> Sawelas ti Rukun Garapan Dua Welas aya kasanggupan ngabantu neguhkeun jeung

> matuhkeun wiwitan. Satungtung wiwitan  masih keneh diurus ku manusa, makhluk

> anu sejen mah (saperti siluman/sileman/ghaib) ulah ngabantuan, sanajan

> maranehna hayangeun jeung mampu. Manusa anu rame-rame ngabantuan

> sakamampuanana, sasukana, sakadugana, saweratna, jeung sakawasana, boga

> ngaran nyaeta Buyut Najra, Buyut Karang, Buyut Bombang, Buyut Para Nabi,

> jeung Buyut Para Wali. Ngan Buyut Adam Tunggal anu aya di Sabang nepi ka

> Merauke euweuh eureunna kudu terus neguhkeun wiwitan.

> 

> 

> Nyekel wiwitan bisa disebutkeun bener, bisa disebutkeun salah. Disebutkeun

> bener, da aya riwayatna; disebutkeun salah, da euweuh bukuna. Ngan lamun

> asa-asa jeung kurang percaya, teangan poe 7, bulan 12, tahun 8. Sabulan 30

> poe, sataun 360 poe. Lamun ieu hanyang ngoreh atawa hayang nyaho leuwih

> jero, ulah disusul ka Baduy, jeung ulah nanya ka Puun, tapi teangan dina

> sajarah alam.

> 

> 

> Ari sajarah alam ceuk itungan Urang Baduy euweuhna nepi ka 415 tahun, waktu

> nagara urang dijajah Walanda. Ti dinya, Sultan Banten mundur eleh ku

> Walanda, bari aya pamanggilna di birit Leuwi Kadatuannu ayana di Parakan

> Dangong; tuluy ditepungkeun ka puun Lanting. Sultan Banten  nyarita:

> 

> "Kami geus moal bisa neguhkeun wiwitan, ngan omat-omat kudutetep diteguhkeun

> jeung kudu dipatuhkeun, ulah gedag kalinduan,  ulah rigrig kaanginan, jeung

> ulah limpas kacaahan. Lamun heunteu dipatuhkeun, matak puhpul pangaruh,

> matak teu meunang juritan, matak cambar kamenakan, matak sangar kanagara,

> leutik pangarahna jeung leutik pangaruhna ka nagara".

> 

> 

> 

> Tah ti dinya Puun Lanting nanya: "Ari sajarah alam aya dimana?"

> 

> Sultan ngajawab: "Cenah aya di Bogor"

> 

> Puun nanya deui: "Di mana jeung di saha?"

> 

> "Di Tanah Sareal di Pangeran Raja Galeher', jawab Sultan Banten.

> 

> Ti dinya langsung bubar, ngan Ratu Banten (Sultan) nyarita:

> 

> "Kami mah, lamun asup ka kayu beureum, milu beureum; asup ka kayu putih,

> milu putih. Ngan omat, bisi aya urang kulit putih jeung urang Cina, eta ulah

> diasupkeun ka kungkurangan jero Baduy, khususna ka padalaman".

> 

> 

> 

> Prinsip hirup, garapan hirup Urang Baduy, nyaeta Baduy Luar ngajaga bari

> ngabantu tapa Urang Baduy Jero di wiwitan. Ari tapana, lain teu dahar, lain

> teu nginum, atawa teu sare; ngan tapana tapa bener, kudu ngajaga saluruh

> alam, kudu neguhkeun jeung kudu matuhkeun cara pamakean garapanana, bari

> ulah aya anu ngaruksak jeung ulah ngarobah titipan, saperti:

> 

> Ngajaga kalestarian alam, di Baduy  Jero nyieun imah teu meunang make paku,

> taneuhna teu meunang diratakeu (kudu sakumaha aslina), anu ngeusian imah teu

> meunang make emas jeung teu meunang nyeungeut lampu minyak tanah sababna ari

> minyak tanah mah asalna ti alam dianggap ngaruksak alam lingkungan, meunang

> ge nyeungeut lampu anu minyakna tina minyak picung atawa minyak kalapa

> (ramuan alam). Kahirupan Baduy Jero jeung Baduy Luar nyaeta ngahuma, bari

> taneuhna teu meunang dipacul, kitu deui caina (sirah cai jeung walungan) teu

> meunang diracun jeung dikotoran lantaran ngaruksak alam.

> 

> P. Jawa aya riwayatna manjang ti Barat ka Timur, nyaeta nyangsirah ka Ujung

> Kulon, disebut Sanghyang Sirah, nyaeta sirahna P. Jawa, nunjang ka

> Blambangan disebut Sanghyang Dampal nyaeta dampalna P. Jawa. Ti Sanghyang

> Sirah ka Sanghyang Dampal ngabogaan tulang punggung, nyaeta Pagunungan

> Kendengnu loba sumber caina. Sakabeh manusa kudu ngajaga jeung ngamankeun

> alam pikeun kahirupan makhluk Alloh SWT.

> 

> Lebak, 8 Agustus 1996

> 

> Carita Kepala Desa Kanekes,

> 

> 

> 

> (Pulung) #

> 

> 

> Cag.

> manar

> 

> 2010/12/8 Tubagus Rifki L <tbri...@...>

> 

> >

> >

> >

> > Pakait ka Adam Tunggal jeung Strategi Budaya, mangga ku dulur-dulur

> > dihartoskeun atanapi diintrepetasikeun ieu teks di handap ti Ayah Mursid nu

> > di sadur tina buku Suhada, Baduy Dalam Rentang Sejarah. Tangtosna Ayah

> > Mursid nyarita lisan.

> >

> > Ti kula, di na teks ieu aya siloka-siloka. Sanajan geus nyokot anasir ti

> > luar, misalna konsep sabang-merouke, Adam, tapi inti carita tetep aya di

> > Baduy. Dina teks ieu jelas pisan Sultan Banten nu sowan ka Baduy!!!. Eta nu

> > can disunatan ulah ka Baduy, pan hasil negosiasi! Kitulah loba keneh

> > 'artefak' nu nunjukeun yen Baduy boga Strategi jang ngajaga wewengkona.

> >

> > Tapi kula boga hiji kacurigaan, lamun urang luar teu ngilu ngajaga

> > wewengkon Baduy, Baduy moal kuat nahan 'musuhna' nu kiwari geus jadi bebegig

> > sakitu gedena nyaeta urusan geopolitik, kapitalisme, pasar, konsumerisme

> > jeung sajabana.

> >

> > Mangga ieu salinanana...

> > *********************************

> > Nu mantak kami aya grapan—lojor teu meunang di potong, pondok teu meunang

> > disambung, kami aya titipan ti Adam Tunggal. Anu di garap nyaeta sakabeh

> > bangsa, sakabeh agama, sakabeh nagara. Ari nu digarap nyaeta wiwitan anu

> > dititipkeun tea, anu disebutkeun ti tilu puluh nagara, pancer deui salawe

> > nagara, kawan sawidak lima.

> >

> > Anu ku kami dipatuhkeun (digarap) nyaeta wiwitanana. Anu genep puluh lima

> > tah, eusi jumlah lima puluh dalapan nagara. Nyaeta boga buyut, pantang ulah

> > pamalina, sakabeh sawidak lima. Sedeng nagara bahan dibangun, bahan dirobah,

> > ngeun wiwitan teu meunang dileungitkeun.

> >

> > Ngayakeun kumpulan di Sawarga Loka. Sakabeh nu tanggung jawab, nyaraksian.

> > Ngeun nyieun rukun garapan nu dua belas. Tapi buyut pantang ulah pamalina

> > dikumpulkeun jadi hiji. Soalna ganggu ka ngabangun nagara. Tah tidinya,

> > sanajan di dagang, kabeh pada embung. Ngeun, ceuk nu marentah, kudu aya nu

> > patuh. Nyaeta ngabaratapakeun-ngabaratanghikeun wiwitan tea. Ti sabang sampe

> > Meraoke, wiwitan kudu diteguhkeun. Kateguhanana nyaeta, "lojor teu meunang

> > dipotong, pondok teu meunang disambung.'

> >

> > Tidinya kami aya kasanggupan ngabantu neguhkeun, matuhkeun. Malahan anu

> > lain pamarentahgeh (siluman atawa sileman atawa batin jeung sajaban) sanggup

> > ngabantu neguhkeun wiwitan. Ngeun anu lain manusa diganggu ngabantu. Masih

> > keneh diurus ku manusa. Manusana didinya rame-rame ngabantu. Dingaranan

> > buyutna, buyut nahun, buyut bongbang, buyut para nabi, buyut para wali.

> >

> > Ngan ngabantuna samampuhna, sasukana, sadugana, sakaweratna,sakawasana.

> > Ngeun ukur buyut Adam Tunggal, ti sabang sampe merouke, teu aya bukana

> > neguhkeun wiwitan tea.

> >

> > Tah ieu aya benerna, aya salahna. Benerna aya riwayatna, ari salahna euweuh

> > kitabna. Ngeun lamun asa-asa atawa kurang percaya, teang saksi poe tujuh,

> > bulan dua belas, tahun dalapan. Lamun teu hayang ngoreh ulah disusul ka

> > Baduy, ulah ditanya ka Puun. Tamatna di sajarah alam. Ari sajarah alam ceuk

> > hitungan kami anu euweuhna sampe ayeuna, (1996) opat ratus lima belas tahun.

> >

> > Tah didinya, waktu nagara urang dijajah walanda, Sultan Banten mundur

> > (harita ngaran Sultan Banten nyaeta Tubagus Buang atawa Ratu Wakil) Ngeun

> > waktu mundur, aya panggilan ka Birit Leuwi Kadatuan di Parakan Dangong.

> > Ditepungan ku Puun Lanting. Ari basana didinya tah, "Kami eunggeus moal bisa

> > ngabantu neguhkeun wiwitan. Ngeun omat, kudu diteguhkeun, dipatuhkeun. Ulah

> > gedug kalinduan, ulah rigrig kaanginan, ulah limpas kacaahan. Lamun heunteu

> > dipatuhkeun, eta matak puhpul kaparangaruhan, matak teu awet juritan, matak

> > tambur kamenakan, matak sangar kanagara. Leutik pangarahna, leutik

> > pangaruhna kanagara."

> >

> > Tah didinya Puun Lanting nanya, "Ari sajarah Alam aya di mana? Ceunah aya

> > di Bogor? Disaha?"

> >

> > "Di tanah Sareal," ceeuk Sultan Banten.

> > "Disaha?"

> >

> > "Ceunah aya di Panggeran Raja Geleher," ceuk Sultan Banten deui.

> >

> > Tidinyamah bubar, ngeun aya kasanggupan di Sultan Banten, "Asup ka kayu

> > beureum, kami ilu beureum, asup ka kayu putih kami ilu putih. Ngeun omat,

> > bisi aya urang kulit putih, cina atawa walanda, eta ulah diasupkeun ka

> > lingkungan Kanekes, khususna ka Baduy Jero." Maksudna jalma anu teu disunat.

> >

> >  

> >

>





    
     

    
    


 



  





Kirim email ke