Sugan tiasa janten Inspirasi wargi milis.... Ide ieu surelek didamel dumasar kana patarosan kang Enkus " timana eta kai2" patarosan sae. Sugan2 tiasa diguar kumaha nabi Noah teh???jeung timana asalna. Sajarah tiasa diungkap, lantaran sajarah mah bukti! komo silsilah mah. Simkuring yakin mun urang percanten Tuhan pertanyaan kang Engkus pasti bisa dijawab, baik secara logika maupun transendental, secara nyata atau tidak nyata, dasar alesanana bahwa sadayana nu diserat dina kitab mah kanyataan nu nyata nu dicaritakeun ku jelema sateuacanana teras dicaritakeun deui ka jelema saatosna ieu artinya bisa diukur ku nalar atanapi logika.Teu aneh 124rb nabi2 dibere julukan "The messenger of God". Didieu mah simkuring rek "ngahayal" sakedik, upamana simkuring gaduh "Time tunnel", tiasa dianggo nganjang katukang, rek naros ka kolot urang perkawis aki jeung nini, anu teu acan tangtu kolot urang nyaho, lantaran beda waktu sareng jaman, kitu oge mun urang nanya tentang uyut ka aki nini urang, pasti aki nini urang oge moal terang, paling oge ceuk aki/nini cobi taroskeun ku hidep kaanjeunna make "time tunnel". Sarua wae mun rek nyaho Pajajaran kudu nanya ka Prabu Siliwangi saeutikna, eta oge rek nanya pajajaran mana? Pakuan Pajajaran atanapi Galeuh Pakuan.Mun rek nanya Sunda,anu wilangan waktos leuwih jauh, rek ka saha? Ki Santang, Santowan Qobul,Sayaga, Rembung Sakti,Mbah Gelung Bimanagara, Nayasarga, Paduraksa,Giling Pangancing, Pandai Salaka, jsb nu paling tukang diserat nu paling kolot waktuna. Kalau membandingkan jangka waktu sejarah Sunda dengan sejarah pajajaran (prabu siliwangi), sejarah pajajaran mah teu aya naon2na. Pajajaran mah kakarah 1000 taun, sunda mah 27000 taun...komo sajarah dunia atanapi sajarah geologi (Ieu mah Mang Oman ahlina) mah....wilangan waktu Pajajaran mah is nothing wae lah... ini kakarah pembagian waktu. Kalau kita tanya sama nini urang tentang urusan aki urang (salaki nini urang), belum tentu nini urang tau,paling oge dititah nanya langsung ka si Aki "Coba tanya langsung ka aki hidep", lantaran kalau pendapat c nini mah sifatnya "subyektif" walaupun bener, lantaran nini mah paling deukeut jeung aki.Jadi apa yang orang lain lakukan belum tentu kita tau pasti dan itu hal yang wajar....urang mah saukur jelema.Kalau kita ketemu (pake time tunnel) Prabu Siliwangi lalu tanya urusan cirebon atau banten, sifatnya bisa "Subyektif" begitu pula sebaliknya. Sakalina dijawab "Coba orang cirebon/banten tanya ku hidep" ceuk Prabu Siliwangi.Lantaran mun jelema "Al Amin" mah teu wasa carita naon anu lain hakna, Lantaran jelema, wajar upami Rasulullah menganggap dirinya sarua jeung urang2, " Kuring sarua jeung hidep, bedana kuring mah meunang wahyu, anjeun mah bisa nyieun sapatu".Jadi mun rek tiasa nyieun sapatu kudu ka ahlina....lain ka Prabu Siliwangi atau Ki Santang. Didieu jelas beda rambut, beda pikiran pasti beda kanyaho Matak keur nambihan pangaweruh nabi2, 124rb nabi2 sakabehna di"Isro keun,kamana? ngurilingan dunia, ti wetan kakulon, ti kaler kakidul, kabeneran ngan Rasulullah hungkul anu Isro-na ditulis dina kitab suci. Keur naon? salian nambihan pangaweruh tapi nambihan pangalaman batinna, bener heunteu anu nyata jeung teu nyata teh "singkron" (baca sarua).Sabaraha lila? nyaeta 40 waktu, matak dina haji teh aya nu di sebut arba'ain. Mun teu arba'ain moal janten Al-Hajj.......moal "Isro"....hahaha Balik deui, mun aya 2 jelema nu identik sarua DNA na, (kode DNA mah akan selalu terulang,walaupun sama persis tapi tidak identik, engke ahlina ti milis ngaguar perkawis ieu), jadi fisiknya sama persis, tetep "karesep"na mah beda. Mun urang nganggo time tunnel deui tepang sareng aki urang Prabu Siliwangi teras naroskeun naon karesepna bubuyut nu DNA-na identik jeung aki Prabu Siliwangi, nu keur ulin facebook ayeuna, paling oge dijawab ku Prabu Siliwangi " Coba ku hidep tulis di "wall: na, taroskeun naon karesepna"....hahahah.Janten mun aya anu ngaku2 tepang sareng aki hidep, coba tanyakeun "password"na, naon karesep aki kuring.......Janten bener ceuk pepatah rambut hitam dan fisik sama, DNA identik, karesepna mah tetep beda, energina beda lantaran materi panyusun na oge beda (engke ahli fisika ngaguar dina milis ieu). Janten jelas teu aya jelema nu sarua, jeung nyaho sadayana, Rasulullah beda jeung para sahabatna, begitu pula dengan profesi (kabisa) beda jelema beda pangabisa, nu bisa tilem can tangtu bisa ulin facebook, nu bisa nyawang ka isukan can tangtu bisa ilmu bintang kitu oge sabalikna, kabeh oge sarua saukur elmu nu nyata jeung heunteu anu bisa dipelajari kuurang-urang.Jadi ngan Gusti Pangeran nu maha gaib, maha bisa sareng maha terang sagalana, sesana ngan jelema jeung syetan wae anu sok tau......hahahah Tos heula, engke urang teraskeun deui dina waktos nu sanes, sugan aya pulunganeun anu tiasa janten inspirasi sareng mangfaat tina tulisan anu pabaliut ieu. Ieu tulisan sanes keur dipadungdengekeun komo "kaluar" milis mah bising jadi ribut jeung batur. T A J I M A L E L A
