Anu paradoks mah kieu, urang ningali kaayaan urang Kanekes ku cara pandang 
ilaharna manusa anu hirup di alam luar Kanekes, lain make cara pikir urang 
Kanekes.
.
Aya hiji carita (asana mah tos didongengkeun di milis urangsunda), hiji mangsa 
para gegeden jeung pajabat pamarentah ngayakeun acara gempungan, harita oge 
Urang Kanekes (jero) diondang. Hog-hag diobrolkeun kumaha caranya atawa naon 
strategina  sangkan bisa "ngamajukeun" Urang Kanekes.Pangwangunan siga kumaha 
jueng naon wae anu sakirana diperlukeun. Pas rek lekasan Urang Kanekes teh 
ngomong, pamenta kula mah gampang, supaya leuweung di wewengkon Kanekes ulah 
dirusak.

mrachmatrawyani





________________________________
From: Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, December 13, 2010 10:54:49 AM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Paradox Baduy -- Antawis Lestari jeung Robah dina 
hal pendidikan budak

  
Urang emutan deui.
Ieu mah teu nganggo referensi (diwangwang we).
Perkawis paradox (hiji hal anu nimbulkeun kontradiksi, atanapi bertolak 
belakang), numutkeun si kuring mah
di Baduy khususna, TEU AYA paradox. 
Justru paradox(kabubudayaan) mah mucunghulna aya dinu peradaban ayeuna.

Numutkeun Fukuyama, kantos nyerat yen pemenang perang ideologi (pamikiran) di 
dunya ieu taya lian ti
Kapitalisme-Liberalisme-Sakularisme(paket demokrasi). 
Hal ieu dicirikeun ku runtuhna tembok Berlin sareng runtagna nagara Uni-Soviet 
penganut ideologi komunis, musuh bubuyutan Amerika saparakanca.

Paradox kabudayaan Kapitalisme-Liberalisme-Sakularisme, nyaeta nimbulkeun 
jelema-jelema anu hedonis,
konsumtip, individualistis, jeung kaleungitan orientasi hirup. Hirup teh keur 
naon atuh ? Senang-senang
wungkul di dunia? Dampak paradox nu lainna nyaeta parantos disebat 
diulang-ulang, ku ayana eksploistasi
sumber daya alam dimana-mana pikeun nyukupan kabutuhan manusa anu teu aya bates 
wangena, antukna karuksakan
ekosistem dimana-mana, polusi, erosi, banjir, pemanasan global !.
Saha pelaku-pelakuna ? Nya nu pasti mah urang-urang sarerea  anu ngaku 
"beradab" 
ngiringan berkontribusi(langsung atanapi teu langsung).

Naha teu aya ideologi alternatif nu sejen?

Masih aya sih anu protes ka sepakterjang globalisasi(anti globalisasi), ku 
jalan 
demo anti ka WTO, atanapi
anti kanu sidang-2 G-7, gerakan Greenpeace,  tapi ngan ukur nepi ka demo 
wungkul, teu aya implementasi jeung
aplikasi atanapi alternatip solusi salain ti ideologi paket demokrasi.

Tah palebah dieu, 'back to nature', hirup 'kembali ke alam', gerakan hijau anu 
sajatina dilakukeun ku dulur-dulur urang anu ayeuna dilakonan sapopoe di 
Kanekes. Layak pisan narima penghargaan KALPARU abadi.

Jadi lamun urang ningali dina TV, aya golongan atanapi kelompok anu anti 
globalisasi, anti SIPILIS, saenyana
manehna ngawadul, sabab kahirupan sapopoena anu nyata geus sagulung-sagalang 
secara langsung oge teu langsung
hirup dina kaayaan Kapitalisme-Liberalisme-Sakularisme. Upami bade konsisten 
mah, ngaralih ka Kanekes, turutan kumaha hirup maranehannana, upami teu 
sanggem, 
minimal atuh gaduh rasa-rumasa, rasa kaera.

Baktos
mz

On Mon Dec 13th, 2010 12:56 AM ICT Tubagus Rifki L wrote:

>Hatur nuhun kang Maman, Kang JP. Tina dua patarosan lahir patarosan sanesna 
>kalayan jawaban-jawaban nu mundel. Samemeh kula poho, kula rek menta ijin ka 
>para dulur nu mairan patarosan ti kula ngeunaan Baduy, yen jawaban dulur-dulur 
>rek dikutip ku kula dina hiji karangan nu bakal dijieun jang website kula. 
>(ieu 
>ge sami, 'Trik' strategi, sangkan cacaritaan teh rame, sabab datang ti lona 
>'hulu.')
>
>Ku kituna kula masih nungguan pamikiran dulur nu sejena.
>Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu,
>nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor
>TRL
>
>--- In [email protected], Jalak Pakuan <jalakpak...@...> wrote:
>>
>> Hatur nuhun kang Maman, mantap ngangge referensi.....
>> 
>> Punten bade ngacung heula memeh kang Maman teras ngorotak pabukona. Ieu 
>> peryogi 
>>
>> penjelasan:
>> 1. Dina bahasan ahli2 filsafat/budaya sakola umum atanapi tertentu nu 
>> tujuanana 
>>
>> boga rasionalitas? Sakola nu sifatna kaagamaan kalebet klasifikasi ieu 
henteu?
>> 2. Pami teu lepat nangkep, tiasa henteu pami disebatkeun sakola teh jadi 
>> alat/tool malah senjata perubahan dina kebudayaan nu tos efektif dilakonan 
>>jeung 
>>
>> dikembangkeun ku "barat"? 
>> 
>> 
>> Hatur nuhun sateuacana.
>> 
>> salam
>> JP
>>  
>> Makarya Mawa Raharja
>> 
>> 
>> 
>> 
>> ________________________________
>> Dari: Maman <manz2...@...>
>> Kepada: [email protected]
>> Terkirim: Ming, 12 Desember, 2010 00:20:41
>> Judul: Re: [kisunda] Paradox Baduy -- Antawis Lestari jeung Robah dina hal 
>> pendidikan budak
>> 
>>   
>> Hoyong mairan mung asa can kabedag elmuna, mung nyobian satiasa-tiasa we.
>> Naon anu digambarkeun ku Kang Rifki, ieu tiasa oge mangrupakeun contoh 
>>"benturan 
>>
>> peradaban".
>> (waduh beurat yeuh, kedah mukaan heula buku filsafat he.he.he).
>> 
>> Numutkeun Paulo Freire, sakola teh mangrupakeun sambungan/kapanjangan tina 
>> "leungeun" penindasan kabudayaan.
>> Jelema-2 anu didik di sakola sina boga pola pikir rasional. Sedengkeun, 
>> numutkeun Mac Intiryre, lamun urang ngomongkeun rasio(nalitas),kudu jelas 
>> heula 
>>
>> rasionalistas saha atanapi rasionalitas anu mana.(MacIntyre,1988).
>> Rasionalitas-2 numutkeun budaya-2 besar (Barat?) salila ieu condong ngaklaim 
>> dirina salaku anu boga nilei-nilei "universal" (umpamana HAM), ku jalan 
>> ayana 

>> sakola (luhur) maranehna secara teu langsung ngaindoktrinasi ka kaum 
>> "pinggiran"(peradaban lokal), antukna muncul phenomena "the war of 
>> everycivilization against everycivilization"(perang budaya). Padahal 
>> saenyana 

>> teuaya anu namina kebenaran keur sakabeh jelema/"rasionalitas universal". 
>> 
>> 
>> Memang kujalan modernisasi, pola pikir manusa dina ngokolakeun rasio 
>> ngahasilkeun strategi keur mempetahankeun hirup jeung ngasejahterakeun 
>> kahirupan, sains/iptek. Ngan nyakitu siga anu ditulis di luhur,
>> resikona bisa ngaleungitkeun peradaban lokal. Parabasana anu kasohor "jati 
>> kasilih ku junti".
>> Kumaha atuh jalan kaluarna? Hayu urang emutan.
>> Sakitu heula anu kapihatur (bade milarian referensi nu sanes).
>> 
>> Baktos
>> mz
>> 
>> On Sat Dec 11th, 2010 7:56 AM ICT Tubagus Rifki L wrote:
>> 
>> >Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu,
>> >(tah rada di luhur ayeuna kecap bubukana)
>> >
>> >Baduy deui. Hampura lamun kula ukur nyarita Baduy atawa Banten di na ieu
>> >waktos. Jiga oray manggih pameupeuh kula panggih parakanca nu bisa
>> >diandelkeun panalungtikanana ngeunaan masalah nu kiwari keur pacemut di
>> >na kaengeuhan (kasadaran?? teu diteken ka handap, bisi gelo atawa split
>> >pribados) kula.
>> >
>> >Ku kula dijudulan Paradox Baduy dumasar, kahijina, ka kanyataan 'ambigu'
>> >(naon tah kecap sundana) pamikiran sorangan, dumasar ka pamadegan yen
>> >barudak di Baduy teh boga hak geusan anclub meunangkeun elmu pangaweruh
>> >sakumaha nu ku di alaman ku kula jeung parakanca nu aya dina milis ieu,
>> >nyaeta sakola formal sampe ka paguronluhur S1, S2,S3,S4,S5 jeung
>> >sajabana.
>> >
>> >Kaduana, dumasar ka pangagem nyalira yen kaunikan budaya urang kudu
>> >Lestari (tah kaasup di na kula ngilu ka milis ieu, pan kula bisa ngilu
>> >uyun ngalestari babasan Sunda, kitu len?) Salah sahiji budaya Baduy nu
>> >tetela dibuktoskeun ku pamingpin jeung dilaksanakeun ku rahayatna nyaeta
>> >budaya teu sakola pedah teu meunang ngarempag buyut. Nu lojor tong
>> >dipopondok, nu pondok tong dilolojor tea.
>> >
>> >Tah, kitu dulur-dulur. Lantaran kitu, kula nyuhun asupan ka para dulur
>> >ngeunaan pertarosan ieu,
>> >
>> >
>> > * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Lestarina
>> >kahirupan masyarakat Baduy sakumaha ayana, kaasup dina masalah teu
>> >ayana pendidikan formal barudak baduy, atawa
>> > * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Robahna
>> >kahirupan masyarakat Baduy sakumaha dulur-dulur liana, kaasup dina
>> >masalah pendidikan formal barudak baduy
>> >Catetan, kecap Lestarina jeung Robahna. Ngahaja kula teu make kecap
>> >Ngarobah atawa Ngalestarikeun. Kunaon? Sabab kula bisi ditanya ku Pu'un.
>> >Ari makna Robahna mah pan hartina robah sorangan, pek Baduy robah
>> >sorangan. Tah, ambeh Pu'un teu melengek ka kula.
>> >
>> >Katuran,
>> >Kathah karya kabecikan, gawe baluwarti bata kalawan kawis,
>> >terelek
>> >
>>
>
>


 


      

Kirim email ke