Ti saprak rombongan siliwangi nepi ka hiji kampung nu katingali resik,sepi, 
tiis, siliwangi sreg hatena jang nyieun padumukan di eta kampung, rasana geus 
jauh ti dulurna nu hianat nyaeta cirebon jeung banten. Ti samet eta teu meunang 
aya anu nyebut deui ngaran siliwangi, ngarah musuh2na teu nyahoeun yen 
rombongan dayeuh aya di eta kampung. Sakabeh jelema kudu nyebut siliwangi SUNAN 
ROHMAT, guru ajaran islam anu geus diagem ku sabagean rahayat di dinya. Sakabeh 
rombongan urang dayeuh nyaah ka siliwangi, mangkana sakabehna nyebut sunan 
rohmat, guru kaislaman atawa kiyai, lain raja atawa urut raja, utamana jang 
ngajaga kasalametan urang dayeuh oge.

Siliwangi atawa sunan romhmat nyieun padepokan atawa pasantren jang ngajarjeun 
ajaran islam, santri2na ti dayeuh, katambahan ku urang kampung eta nu niat 
hayang diajar islam di eta pasantren. Beuki lila beuki rea anu diajar didinya, 
beuki rea nu bakal jadi calon2 nu nyebarkeun islam di tatar sunda engkena, 
murid atawa santri ti siliwangi alias sunan rohmat tea.

Di bantu ku tilu para putrana, utamana rakean santang nu hormat jeung deudeuh 
pisan ka bapana,ngajarjeun ngaji islam ka santri2na di eta pasantren, beuki 
lila pasantren beuki gede, beuki loba nu pinter dina kaislaman hasil didikan 
sunan rohmat (siliwangi),rakean santang jeung guru2 nu lainna.

Kajeun hirup balangsak, maksudna teu samewah sawaktu di karaton jeung di 
dayeuh, tapi estu matak tengtrem, hiji kaahlian siliwangi dimana wae bisa 
nengtremjkeun hatE atawa rasa rahayatna, kunaon bet disebut pamanah rasa. Ngan 
kajeun kitu, siliwangi kerep cirambay, hatena jumerti ningali rahayatna nu 
asalna sagala aya, ayeuna kapaksa hirup saayana, ngabelaan agama jeung raja nu 
dipikanyaah ku maranehna. Ngan euweuh nu nyaho jumerit hatena siliwangi kajaba 
ti batur deukeutna nyaeta Ki Santang, nu kerep mere sumanget jeung ngahibur 
hate silieangi nu tunggara. Keun we yi, ari geus takdirna mah urang lakonan we 
ku ka ikhlasan, sing percaya we yen Ieu teh kanyaah allah swt ka rahayat 
anjeun, kitu nu kerep diucapkeun ku ki santang ka siliwangi harita. Muhun kang, 
ceuk siliwangi bari nahan kabeungbeurat dina dadana, lain mikiran dirina, tapi 
mikiran rahayatna nu kababawa balangsak.

Mang taun2 siliwangi nurunkeun elmu qur'an hadis jang santri2na. Nu engkena 
boga jasa penting dina nyebarkeun islam di tatar sunda. Gede pisan jasa 
siliwangi kana nyebarkeun ajaran islam di tatar sunda, lain salapan wali nu di 
ear2keun pang jasana nyebarkeun islanm ku urang wetan, bari ngaleungitkeun jasa 
sunan rohmat, raja urang sunda sorangan.

Hatur nuhun ka eyang siliwangi, hatur nunun ka sunan rohmat anu dimulyakeun ku 
allah swt, salira egung pisan jasana nyebarkeun ajaran islam jeung nilai2 islam 
dina kahirupan di tatar sunda nepika ayeuna, mugia allah swt nempatkeun salira 
dina jajaran para ulama, wali, imam2 nu sami nyebarkeun islam di sakuliah 
dunya, doa simkuring sadayana kana kasalametan salira di payunen allah swt, 
amiiin



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke