Ngeunaan kecap samida nu kagurat dina prasasti Batutulis Bogor, bareto keur mimiti susundaan deui kungsi maluruh hartina dina kamus basa Sansakerta-Inggris, tapi lebeng teu kapanggih.
Kungsi oge mukaan buku Walanda bulukan (ahir abad 19/awal abad 20) ngeunaan deskripsi botani nusantara (buku ieu kiwari tos ditarjamahkeun ka BI jd sbbh jilid), sugan nyelap kecap samida teh, oge lapur teu katimu. Kakarak taun kamari, pas maca buku "Tiga Pesona Sunda Kuna" yasana J. Noorduyn - A. Teeuw, aya sapaliwat kasebut kecap samida. Anu ngahartikeunana teh kang Undang A Darsa, da inyana pisan nu oge mantuan Noorduyn dina proyek buku ieu. Kang Undang ngahartikeun "samida" ku kecap pancar. Ngan hanjakalna teu aya katerangan nu leuwih teleb ngeunaan hal ieu. Naha pancar teh kecap sipat nu pakait jeung cahaya? Tacan kungsi naroskeun ka Kang Undang pekawis ieu, padahal kungsi sasarengan dua dinten sareng inyana, da harita mah tacan jadi topik diskusi di ieu milis. Di FB ge Kang Undang jarang nembongan, keur sibuk meureun ngarengsekeun S3-na. Anu kaimpleng ku kuring mah, salila ieu samida teh, nya leuweung tea. Pas manggihan yen samida dohartikeun pancar, saharita nu kapikir teh leuweung pancar, terusna ka Gunung Pancar. Gunung Pancar teh ayana kaler-wetaneun Kota Bogor. Di dinya ge kungsi dilaporkeun aya sababaraha kabuyutan jeung artefak laleutik ti zaman neolitik. Kuring moal waka nyindekkeun nanaon, ieu mah mung sakadar babagi informasi bae.... Baktosna, 2010/12/14 Aschev Schuraschev <[email protected]> Jigana samida teh sami sareng samodya atanapi samoja, tangkal nu kembangna endah tur seungit anu dimumule ku urang Hindu Bali. Di urang mah kiwari samoja teh sok dipelak di kuburan. Tapi di Bali mah samoja kiwari dipelak di pakarangan. Samoja oge dimule ku urang Thailand, Laos sareng nagri Indochina sanesna. Hatur nuhun.Asep --- On Mon, 12/13/10, mh <[email protected]> wrote: From: mh <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? To: [email protected] Date: Monday, December 13, 2010, 8:00 PM /samida/. boa-boa dulurna /semedi/ mun kitu mah /leuweung samida/ meureun leuweung tempat tapa nya? 2010/12/13 Wilistya Redanta <[email protected]> Leuwueng samida itu adalah hutan/taman buatan, seperti Kebun Raya Bogor. Atau dipakai untuk pelestarian sumber daya alam terutama air di hulu sungai. Jadi bukan "kuburan" spt di agama Hindu. --- Pada Sen, 13/12/10, Aschev Schuraschev <[email protected]> menulis: Dari: Aschev Schuraschev <[email protected]> Judul: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 13 Desember, 2010, 4:11 PM Geningan dina tembang Sunda sok aya rumpaka "kasebat ngaran keur budak, kasebit ngaran keur leutik, kasebut ngaran keur lembut. Dina kanyataan kapungkur oge gening para ningrat gaduh ngaran keur leutik oge ngaran keur sepuh. Aranjeunna mindeng gaduh jenengan langkung ti hiji. Komo deui Prabu Siliwangi nu kasebat raja, tiasa gaduh jenengan langkung seueur, kalebet jenengan Hinduna. Nujul kana batu tulis, anu nyerat teh pan sanes Prabu Siliwangi nu tos pupus tapi anu sanesna. Tiasa wae anu nulis teh kulawargina anu masih ngagem Hindu anu ngaraos langkung afdol nga-abadi-keun rajana ku jenengan Hindu batan jenengan Siliwangi. Perkawis Sri Baduga nu ngadamel undakan ka leuweung samida, kedah ditalungtik iraha-irahana. Upamina wae anjeunna kawitna ngagem Hindu, nya wajar upami anjeunna kantos ngamumule tangkal samida. Tangtosna timeframe dina mangsana anjeunna ngagem Hindu. Hatur nuhun. Asep --- On Mon, 12/13/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote: From: Dudi Herlianto <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? To: [email protected] Date: Monday, December 13, 2010, 12:24 AM bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar, manehna bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu leuwih gede. conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun awewe budak syaih bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas majapahit, hindu). ti rahim ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu daek teu daek bisa disebutkeun salasahiji faktor rugrugna majapahit. ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman baheula. nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri baduga maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis. dina eta batu kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata. dina islam kecap dewa teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap ieu dipake ku urang islam jaman harita mah. saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun undakan ka leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal nu sok dipake pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina agama hindu. malah mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita), sri baduga teh disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan nu aya dina batu tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot. ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan salahna. nuhun
