2010/12/15 Deni Indra Kelana <[email protected]> > > > Hehe, koreksi di handap, hapunten touch-pad na sensitif pisan... Diantos > lah ulemannana. > Pon kitu deui kanu gaduh jejer carios versi sanesna, sigana pami > didiskusikeun sacara terbuka teh panuju pisan, da ari di milis mah kawates > ku keyboard/keypad...:D > > Hadena mah, tong waka make jurus "moro julang, ngaleupaskeun peusing", hangkeutkeun we heula migunakeun media nu geus puguh aya bagugna. Kopdar, Seminar jeung sajabana memang hade, paling henteu ngarah papada apal jiga kumaha belengep beubeungeutan baraya masing-masing.
Tiap media ge da watesan mah aya. Media ingkig jiga kopdar atawa seminar, nu paling jelas kawates ku sinkronisasi waktu, oge waragad. Tah kukituna, hade optimalkeun we heula padungdengan migunakeun media milis. Ninggali topik bahasanana mah, ceuk toongan uing, asa can pantes jadi bahan seminar padungdengan di darat.
