Leres kang Tebe didieu mah TV multi channel nu hurung paralel matak mawa kaweur tapi lalaunan mah pami teu ngareles osok we kasair laukna. Ari parasea mah ah kumaha nya sanes pasea nu rek nyekek matak paeh ieu mah gaya komunikasi pagetreng pahereng-hereng. Pami mundur kapengker mah kapan rame nonggerak pagetreng sareng ambu tapi da akhirna mah tos we masing2 mafhum ka pamadegan2ana.
Perkara aya kasieun ku pamikiran nu sok teu kaharti sorangan nya teu nanaon atuh kang, bisa jadi eta bibit/biang ideu nu perelu dipaluruh. Aya saena ati-ati diteundeun keur sorangan ngan kamungkinan gede sok kapohokeun. baktos JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 16 Desember, 2010 08:06:34 Judul: [kisunda] Pedit Terus terang kang JP, hayang pisan ngajejerbeaskeun naon nu aya dina pamikiran. Ari kula sok bingung sorangan, nyaeta meureun teu faseh nyarita teu faseh ngetik. Jadi be penonton nu bageur. Terus terang kula resep ngilu kana ieu milis. Pan ceuk kula geus sataun kula milu, tapi ngahenen bae. Ngan beuki deui beuki canggih, sanajan kabacana jiga nu parasea, ditafsir ku kula mah keur 'ngabodor' tapi baisi (berisi.)Kula bangga kanu bisa panjang nyarita dina ieu milis. Kula can bisa. Sugan lalaunan diajar. Butuh adaptasi meureun. Kula butuh nangkep konteks 'obrolan' nu ajeg. Lamun pundah pindah canel, bingung. Jeung lamun konteksna teu kauntup ku kula, hese kula ngabahasna. Ngan nyaeta, kula ge boga kasieun, sabab pamikiran kulamah sok teu kaharti ku kula sorangan. Pan aneh. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu nyucruk galur nu kapungkur, mapay tapak nu baheula TRL --- In [email protected], Jalak Pakuan <jalakpak...@...> wrote: > > Waaah pami tos seuri cimataan mah atuh tos level takuan, ulah pedit atuh > kang > > ngalungkeun komentar, opini, pamadegan teh geuning irit, sakedik2....karunya > yeuh ronin tanpa nama tanpa papan nama bisi baluweng salah arah.... > > JP >  > Makarya Mawa Raharja > > > > > ________________________________ > Dari: Tubagus Rifki L <tbri...@...> > Kepada: [email protected] > Terkirim: Rab, 15 Desember, 2010 07:29:28 > Judul: [kisunda] Re: Banten vs Benten > >  > Astagfirullah..huruf e katingalna a. Ku loba ieu maca milis, bari mesem bari > seuri, bari cimataan pedah seuri...ti magrib, poho dahar sagala... > > Soklah tuluy... > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > Neangan elmu lain ti buncirang.. > TRL > > --- In [email protected], Maman <manz2002@> wrote: > > > > Maksad abdi mah Benten/beda sanes Banten, Kang Rifki. > > Upami ditingali tina kacamata ghoib [hehehe gaya euy], Banten mah katelah >kiat > > >dina elmu kadugalan. > > Jawara tea [juara?], langkung condong kanu kasyareatan, sareng elmu bodasna > >langkung sakedik ti elmu hideung. > > Upami Garut, saimbang katingalina mah. Mung perkawis kanu NEUGTREUG na rada > >sami. he.he.he. punten Kang . > > Perkawis Ali Nurdin, duka tah kirang apal. Soal politik di Banten mah > > kumaha > >pendekatan ka Jawara. > > > > Teras : "Sakanyaho kula mah hirup mah paeh, ke lamun geus paeh, karak urang > >hirup", ieu mah bahasan kahakekatan, tiasa pabaliut bahasanna upami dicampur > >sareng kasyareatan. Da hirup mah langgeng. > > > > Baktos > > mz > > > > === > > From: Tubagus Rifki L > > > > He he asa ka takol ku kang Maman. nyambat Banten. Sami wae kang, Banten ge > >kiwarimah tos harilap kana elmu kahakekatan sareng sareat. Punten ah, ka > >mana > >eta ka Ali Nurdin?? Sakanyaho kula mah hirup mah paeh, ke lamun geus paeh, >karak > > >urang hirup. > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > > TRL > > > > --- In [email protected], Maman <manz2002@> wrote: > > > > > > Benten lah anu apal elmu kahakekatan sareng kasyareatan mah. > > > Diantos bahasan salajengna. > > > > > > Baktos. > > > mz > > >
