Syari'at islam di negara ieu mah moal tiasa kajeun kalah kumaha oge, kultur 
islam na benten sareng timur tengah, kecuali pamarentahana karajaan, nu tiasa 
maksakeun..

Abdi mahzab islam, teu ngaku mahzab itu mahzab ieu, eta mah ciptaan manusa 
jaman ayeuna, dicontokeun ge henteu ku rosul mahzab itu mahzab ieu..

Soal nyandung mah ngan lalaki lalanang jagat nu wani nyandung, lalaki gede 
haungna wungkul mah moal wani..

Boro2 ku musuh atawa tangtangan jaman, ku pamajikan ge sieun..
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Maman <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 16 Dec 2010 06:27:07 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: nyoba-2 syariat Islam pikeun Re: [kisunda] Ngawangun Ekonomi didasaran 
Budaya lokal?

Numutkeun Ismanto Yusanto Ketua HTI, kantos ngadamel makalah anu judulna : 
SELAMATKAN INDONESIA DENGAN SYARIAT. Mung diaos ku abdi isina ngambang, pinuh 
retorika sareng generalis.
Abotna deui, kelompok aranjeuna gaduh kayakinan yen ieu mangrupakeun (tuntutan) 
AQIDAH, sami kawajibanna
sareng sholat, puasa, zakat, haji.  
Ieu nu ku abdi kalebet Islam golongan anu ka-5, sami ideologina sarang Abu 
Bakar Baasyir dkk.
(beda formasi, sareng cepengan ka luhurna, HTI mah asana Ikhawul Mulimin, 
Mesir, Baasyir Wahabi sagrup sareng TALIBAN)

Halimu nunuan mah madhab-ideologina pernyandungan.(sigana saaliran sareng AA 
GYM).

From: ilen kardani 

Uluh teu kagok halimun ngalegalisir pernyandungan make kasiliwangian, 
katerangan 
sarupa kieu teh engke bakal dimangpaatkeun ku grup nyandung supaya ngalegalisir 
nyandung sabab karuhun Sunda oge bareuki nyandung, terus ku grup TALIBAN bakal 
dimangpaatkeun keur jadi dadasar Pasundan kudu make syari'at islam sabab 
karuhun 
Sunda oge geus make syari'at islam. Kukituna, 'ground work' keur misi anu 
kasebut diluhur geus dijalankeun ku halimun saparakanca keur ngamuluskeun 
cinta-cita DI/TII anu teu laksana di Nusantara.


      

Kirim email ke