Cing pang-noong-keun, nu real nu keur haneut, rencana bebas fiskal 2011
Teuing nyambung teu nya?

2010/12/17 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Waaah janten emut artikel/seratan KO, taun 2005 KO kantos ngadamel SWOT
> urang sunda... Duka tah KO masih nyimpen arsipna? Pami masih aya ke rada
> babari maca persaingan/strategi urang sunda nu oge tangtos bisa ditaplokeun
> maca strategi baduy.
>
> Makro ekonomi Indonesia? Waaah lega pisan tapi perlu dipetakeun supaya
> jelas posisi urang sunda dijerona.
>
> lengkah kahiji? Antosan konfirmasi KO.
>
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* Tubagus Rifki L <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Jum, 17 Desember, 2010 10:55:30
> *Judul:* [kisunda] Perkara Ekonomi vs Strategy Baduy
>
>
>
> He he Nyambung ka Strategi Baduy deui... Sok lah pesek sing rada jero..Naon
> pakaitanana Sunda nu eleh bersaing jeung Strategi Baduy, Jeung Makro Ekonomi
> Endonesia, beh tambah lieur..
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> Ngali cikur kudu ngatur
> tirilik
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, Jalak Pakuan
> <jalakpak...@...> wrote:
> >
> > kang haji numutkeun sim kuring mah urang kudu ngaku yen urang "eleh
> > bersaing!!!". Ayeuna mah alakur sadaya marake jurus ekonomi bebas...
> > Psikologisna nya eta pentingna wawanen, wani bersaing? Bersaing,
> Bersaing!
> >
> >
> > Numutkeun sim kuring hade pisan Ajengan nitipkeun moral ka para ekonomm
> nu
> > ngojay teuteuleuman dina alam persaingan.....(matak sim kuring ngajudulan
>
> > Strategi Baduy...kulantaran masalah waktu baduy asup kana alam
> persaingan,
> > baheula survive diajenan pajajaran, banten, ayeuna..kahareup? )
> >
> > JP
> >
> >
> > Makarya Mawa Raharja
> >
> >
> >
> >
> > ________________________________
> > Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@...>
> > Kepada: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Terkirim: Jum, 17 Desember, 2010 09:19:49
> > Judul: Re: [kisunda] Re: Kuliah Pupuhu PB NU perkara Ekonomi
> >
> >
> > Si kuring jadi inget salah sahiji perkara anu ditulis ku Mang Ayip dina
> buku
> > “hidup tanpa ijazah”. Poho deui dina kaca sabaraha, anu netelakeun
> “pertarungan”
> > antara Sumiro Djojohadikusumo jeung Syafrudin Prawiranegara, sabada Orde
> lama
> > runtuh. Naha rek nganut ekonomi pasar bebas, atawa ekonomi sosialis
> karakyatan.
> > (koreksi mun kuring salah). Harita teh anu dipake pamarentah usulanana
> Sumitro
> > nyaeta ekonomi pasar bebas.
> > Ceuk kuring mah, aya masalah psikologis kunaon harita pamarentah ngagem
> ekonomi
> > pasar bebas. Nagri keur carut marut ku pemberontakan ti daerah-daerah,
> nilai
> > rupiah oge rendah pisan. Padahal pamarentah perlu beaya pikeung
> pangwangunan.
> > Jalan anu paling gampang ngahutang. Dihutangan ku kapitalis. Idena
> Mubyarto
> > hade, tapi ngese dina prak-prakakanan, sabab nagara geus kalibet hutang,
> hutang
> > budi jeung hutang body. Upama ayeuna rek leupas tina aliran “pasar
> bebas”, naha
> > nagri urang mampu heunteu? Di embarago ku Amerika Serikat wae dina
> perkara
> > pasokan onderdil kapal terbang, nagri urang “geus kokoceakan”, sipadan
> ligitan
> > leupas teu bisa dijaga.
> > Tapi ketang, boa-boa pamarentah teh dihaja “disingsieunan” moal bisa
> kaluar tina
> > ekonomi pasar bebas. Sieun teu dibere hutang deui atawa di embarago.
> Ajengan
> > Said Aqil, bisa wae ngomong siga kitu, sabab jalma bebas, teu nyaho
> “jerona”
> > pamarentahan, anu pating jurawet sagala macem pasualan.
> > Jadi ceuk si kuring mah, urang kudu nyaho sacara psikologis jeung “latar
> > belakang” hiji pasualan, ngarah gampang neangan inti pasualan. Sabab
> upama urang
> > “sok tahu” mere solusi, engke siga Refli Harun dina kasus aya anggota
> mahkaman
> > konstitusi anu narima suap. Dibere kasempetan ngabuktikeun bener
> heunteuna,
> > ayeuna malahan dilaporkeun ka pulisi. Kitu geuning nya, ari urang dibere
> > kasempetan “bebas teuing”, loba resiko anu kudu disanghareupan.
>
> > Baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> >
> >
> > ________________________________
> > From: Tubagus Rifki L <tbri...@...>
> > To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Sent: Fri, December 17, 2010 7:04:53 AM
> > Subject: [kisunda] Re: Kuliah Pupuhu PB NU perkara Ekonomi
> >
> >
> > Ajengan ngingetan ka para calon ekonom Indonesa nu aya di FEUI kudu
> ngaggali
> > deui ekonomi karakyatan anu paradigmana lain 'pasar.' Elmu ekonomi nu
> keur
> > dipelajari di eta fakultas ngagem kana paradigma pasar, sanajan geus
> robah-robah
> > ti jaman Adam Smith, Richardson, Keynes, Galbrait jeung sajabana. Model
> > ekonometrikna, model statistikna, model nu dicandak ti wangunan pamikiran
> pasar
> > jeung hasil riset empiris di nagara-nagara nu ngagem kana kapasaran.
> >
> > Kapungkur di dinya dugi ka aya istilah mafia 'berkeley.'
> Mahasiswa-mahasiswa ieu
> > seueur nu janten panangtu kabijakan ngeunaan pangwangunan ekonomi di
> > pamarentahan, utamina jaman Abah Harto. Duka tah ayeuna kang Ikhsan
> (Prof. M
> > Ikhsan) ka lebet ka dinya heunteu?!
> >
> > Leupas ti VOC, Endonesa asup ka sungut buaya IMF jeung Bank Dunia. Tah
> eta
> > gegedug mardan, nu ngajurung-jurung ekonomi pasar. Kiwari sarua
> dijajah-jajah
> > keneh. Ngan teu karasa di titah kerja paksa. Padahal sarua, cape gawe
> ukur jang
> > mayaran hutang saudug-udug, urang ayeuna jeung anak incu urang engke.
> Teuing
> > iraha lunasna.
> >
>
>
>  
>

Kirim email ke