Ngan ulah poho, Pangeran mekelan manusa salaku hambana ku dua "wahyu". Wahyu
anu kahiji, nyaeta wahyu qouli (Al Qur'an) anu dibawa ku utusanana. "Wahyu"
anu kadua nyaeta akal (akal pikiran anu bener). Keur naon Pangeran mekelan
manusa ku akal lamun akal teu aya gunana dina ngahontal bebeneran. Naon
pakarang manusa pikeun narima yen wahyu (qouli/Al Qur'an) jeung utusan anu
nyandakna (Nabi Muhammad saw) lamun urang teu percaya yen akal bisa narima
eta 2 hal? Mangka sing inget, nangtukeun yen hiji hal eta sifatna samawi oge
pikeun manusa tetep aya dina pangaruh hasil nagunakeun akalna.

Emut oge, yen akal didieu, sakumaha kacangking tina seratan-seratan (baca:
buah karya Imam Gazali jeung nu lianna), akal di dieu lain hartina rasio
wungkul, tapi oge geus aya unsur hate (qolbu) jeung jiwa (bhs arabna: nafs)
dimana eta duanana kudu beresih; atawa leuwih loba beresihna (ukuran beresih
didieu baris nangtukeun darajat akal jeung hasil gawena eta akal). Kusabab
kitu, tugas manusa dina hirupna lian ti ibadah nyaeta tazkiyatun nafs alias
nageberihan jiwa (kaasup akalna).

manar



2010/12/17 Tubagus Rifki L <[email protected]>

>
>
> Enya kitu, pas. Kabeneran nu sajajar jeung logika mah 'kabeneran' jijieunan
> urang (manusa.)
>
> Sok dilajeng...ku bi Uti, kumaha tah?
>
>
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> rumingkang di bumi alam
> tirilik
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, Akang
> Tajimalela <tajimalela2...@...> wrote:
> >
> > Nambihan kang Rifki.....
> >
> > Saleresna namah logika jeung kebenaran mah "sajajar" (sarua)...kitu oge
> antara anu nyata jeung nu heunteu (teu nyata) teh "sajajar"...lantaran anu
> "nyipta"keun nu nyata jeung heunteu nyata teh urang sorangan (jelema)...naon
> ditulis kabeh dina milis ieu mah kabeh oge buah pikiran jelema. Upami Gusti
> Pangeran mah jauh teuing...matak uing mah tara nyebatkeun kebenaran
> hakiki....
> >
> > Jelema nu bener mah pasti logikana bener kitu oge sabalikna.....mun aya
> perbedaan pasti "konslet" lantaran aya beda potensial...komo mun gede mah
> bisa ngabeleduk....hahahah
> >
> >
> > TM
> >
> > Dari: Tubagus Rifki L <tbri...@...>
>
> > Judul: [kisunda] Re: Allah, jin,manusa jeung Prabu Siliwangi
> > Kepada: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Tanggal: Rabu, 15 Desember, 2010, 12:50 PM
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Ieu beja ti Takuan basa mamagahan Otsu (Mushashi, Eiji Yoshikawa), cenah
> lamun logika bisa tepung kana kabeneran hakiki, dewata teu perlu nurunkeun
> biksu. Pamadegan kula sarua, akal moal bisa nyampekeun urang kana kabeneran
> anu haq, nyaeta kaimanan ka Allah ta'ala, sifat-sifatna jeung af'alna.
> Allahu'alam.
> >
> > Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu
> > TRL
> >
>
>  
>

Kirim email ke