Pocong, kuring panggih sababaraha kali, ngan sifatna cicing, ngajanteng, 
dideukeutan ge angger cicing, kadang2 samar2 kadang2 jelas, beungeutna can 
kungsi aya nu katempo, layon na bersih euweuh tapak taneuh, sok manggihan sisi 
jalan liliwatan jalma, jalan anu poek, sigana memang tujuana nyingsieunan, teu 
nyora, teu gerak, ukur ngajanteng cicing, teu bau, teu tiis.. Biasa wae
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: mh <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 18 Dec 2010 08:01:04 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: Adam Tunggal,
 Adam Smith, Embe jeung Jin

Cing urang tuluykeun, numutkeun nu kapanggih, kadenge, karasa, atawa
kaalaman
bu baraya, mahluk ga'ib naon wae nu dipikawanoh dina kahirupan urang Sunda.

Urang bagi sababaraha tahapan
1. identifikasi jurig, ngumpulkeun sakur ngaran jurig nu kapanggih
2. klasifikasi jurig, milah-milah kelompok jurug dumasar kana kriteria
tertentu

Tah ayeuna identifikasi heula, cing aya jurig naon wae, coba sebutkeun
ngaranna
jeung deskripsikeun jiga kumaha gambaranana

1. Jurig Bonconong, jurig nu panonna gede moncorong hurung
2. Jurig Cai, jurig nu ulinna dina sirah cai
3. ,,,,




2010/12/14 Waluya <[email protected]>

>
>
> > From: "Tubagus Rifki L" <[email protected] <tbrifki%40gmail.com>>
>
> > Catatan. Kebangsaan, jurig - Sunda, Jin - Arab.
>
> Gambaran jin jeung jurig oge beda. Jin lamun nembongan sok digambarkeun aya
>
> angin muter heula (angin puyuh) kakara ngajirim sedengkeun jurig mah
> rupa-rupa, loba oge nu resep ngajirim jadi jadi sato: oray, maung, buhaya
> jst. Di lembur kuring aya kapercayaan jurig kunti, memeh nembongan sok
> ngajirim siga entog, tapi lamun kapergo sok terus hiber ngadadak. Meureun
> gambaran manusa kana bangsa lelembut gumantung oge kana naon nu
> dipikasieun/
> teu dipikaharti di lingkunganana. Di urang, nu dipikasieun salah sahijina
> sato: oray gede, maung, buhaya jst. Jurig sok diasosiasikeun jeung
> sato-sato
> ieu. Tapi keur masyakarat Sagara keusik, nu dipikasieun pisan sigana gejala
>
> alam, sabab ari sato mah paling oge onta. Gejala alam di sagara keusik nu
> pikasieuneun, teu aya deui angin puyuh, sabab bisa ngarobah bentuk sagara
> keusik, pasir (bukit) bisa pararindah, jelema bisa disorientasi alias
> sasab.
> Kulantaran lingkunganana kitu, bangsa lelembutna oge digambarkeun ku angin
> (haseup) muter .....
>
> Duka bener henteuna mah, da pantesna .....
>
> WLY
>
>  
>

Kirim email ke