Nembe emut, nambihan deui: Ieu mah katingali nyalira, pangalaman basa taun 80an. ngan rada jauh, kinten2 ti jarak 200-300m, sore2 sareupna. Jigana mah jurig munding, da ti kajauhan katingali teh aya nu ngagejebur ti sasak ka situ. Ari ukuran mah saukuran munding k.l. Tersu hiji deui kira2 isya, hujan pleus guludug, harita teh jiga aya seuneu ngahembos ti buruan tukang ka dapur, teu aya nu kabeuleum tapina mah. jiga na mah nu disebut fireball, ngan teu apal naon istilahna di urang
Sent from MobilePhone® -----Original Message----- From: mh <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 18 Dec 2010 16:50:51 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Survey 1 Hasil survey sementara, identifikasi bangsa jurig: Aul, satengah ajag satengah manusa, kawentar di daerah tonggoheun lembang. Kantos ningal sakolebatan di leuweung poek, antara maribaya-jayagiri. Ana disampeurkeun ngiles duka ka mana. Bagaspati, kuring kungsi jonghok, aya di kuburan, bentukna jiga bola buleud, ngan panonna nu mimitina hiji nambahan jadi loba, terus muter jiga lampu disko. Buta hejo, jurig nu badag enjum, panggorengna di antara nu garoreng. Jurig bonconong, jurig nu panonna gede moncorong hurung. Jurig cai, jurig nu ulinna dina sirah cai. Jurig ceper, di daerah leuweung tengah rancaupas, mangrupakeun jalma anu beungeutna rata. Jurig pa, nyaru2 rombongan pecinta alam/pramuka ngabring ti jaya giri ka tangkuban parahukeun mamawa obor, pasangrok di leuweung tengah, ditanya teu malire, barang diudag ngiles teu pararuguh jurig bikang (sengseong), di sebrang jatiluhur, wanoja geulis nu sok rajeun ngajak indehoy, mun henteu nepungan na ngimpi ngajak indehoy. Jurig geblig, deui di buni nagara, resepna ngagebligan ngurilingan tenda. Jurig jarian, teu kacaritakeun ari rupa na mah, nu jelas sok aya di jarian meureun, biasana ngaganggu barudak. Jurig nu datangna jiga keusik muruluk, kajadian di imah, muruluk ti para terus ngawujud jadi jelema hideung sajangkung ampir nepi lalangit, ngabelegbeg euweuh panonan atawa nu laina, teu nyora, teu gerak, lila pahareup2, nepika leungit deui jurig sero, di daerah kang mh, di kaum. Nyurup kanu ngamat meong. Jurig seuri, kajadian dua kali sawaktu nguseup kamagriban, disadana dina dapuran awi, sora awewe seuseurian, tapi jiga dina jero ruangan aula. Jurig suku, kungsi manggihan sawaktu balik kemping kapeutingan, hujan ngaririncik, ngaliwatan totoang, aya nu nuteurkeun kusrak kesrek, pas dilieuk ka tukang aya suku nuturkeun, sukuna ngan nepika mumuncangan, euweuh tapakan, tapi disada kusrak kesrek, teu ngudag da kuring teu lumpat, leungit2 geus di tungtung lembur. Jurig tibalik, di ranca suni - buni nagara, sirahna nyanghareup ka pengker. Kunti, ngarupakeun awewe rambutna panjang, cicingna na tatangkalan badag jiga caringin, nangka jrrd. Ngarah teu aya kunti, biasana tatangkalan eta sok ditanceban paku, cenah mah kunti sieun ku paku, dina hiji carita aya kunti nu ditewak terus ranbutna ditalikeun kana paku jadi teu bisa leupas. Tah ti dinya, angger cenah, kunti jadi sieuneun nempatan tangkal nu aya paku na. Oray sanca gede, sorana ngaheos jiga rem angin tronton, rada ngilincring, kunsi panggih di jajalaneun deukeut makam oge anu poek, ngabeulit dina tangkal, gedena satangkeup tangkal kalapa, bedana jeung oray biasa, ieu teu ngudag, ngan megat, mun lumpat kalah megat hareupeun, lain ceuk dongen, kungsi ngalaman oge. Orowodol, kumaha daerah, aya nu mangrupa bangkong, aya nu ucing, tapi mun ditajong sok ngabelegedeg jadi jiga buta, sawareh sok nyebut jadi jurig kuda. Pocong, mangrupa beulegeunjeuran mayit make boeh, leumpangna kukuncungan. Tuyul, leutik sagede2 budak sd, kungsi manggihan sawaktu nyieun jalan tol jakarta merak, di lokasi gunung/bukit nu di beulah, gawena ngaganggu alat2 berat siga doser jeung exavator, resep kana lampu, mun digebah lalumpatan, ngan nu kaalaman ku kuring marake baju biasa siga budak, ting cirihil, datangna ti jero leuweung nu poek.
