Wah hatur nuhun infona Cik atuh bantuan kuring, kabeneran aya lanceuk ti gigireun nu gigir, keuna ku diabetes. Ayeuna kudu cuci darah saminggu sakali. Nya ngaranna ge ikhtiar, ti mana weh jalanna mah, da nu nyageurkeun mah lain obat, tapi Gusti... Salila ikhtiarna teu nyimpang tina syariat.
Sent from MobilePhone® -----Original Message----- From: "Halimunan" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 18 Dec 2010 13:56:58 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Ubar/cara ngubaran alternatif Jaman beuki kadieu beuki loba payakit anu pikareuwaseun jeung beuki loba rupana, aya nu bisa diubaran aya oge anu teu bisa diubaran. Ceuk adi kuring nu dokter, elmu kedokteran teh aya tilu, kedokteran barat, timur sareng batin. Aya sababaraha panyakit nu sering karandapan nepika kampung2, leuheung nu beunghar, loba nu teu beunghar oge ngarandapan panyakit2 beurat eta.conto panyakit2 nu sering manggihan teh nyaeta stroke, diabetes, lumpuh layu, lumpuh jsb. Mang taun2 bari pakepuk gawe nu euweuh hubungan jeung ngubaran kuring sok rajeun dipenta tulung ngubaran, nya kusabab sibuk gawe, kuring ngangkat murid, husus jang ngubaran jelema2, manehna profesina husus ngubaran. Ayeuna kuring rek nyoba babagi elmu ngubaran, sugan jeung sugan aya mangpaatna. Stroke: Nu kukuring kungsi maca dina psikolibernetik (hampura mun salah ejaan), manusa ngan bisa maksimal make 40 persen otak dina saumur hirupna, jadi sesana teu kapake.kusabab eta dijieun patokan ku kuring jang ngubaran stroke anu rusak otakna (asal ulah kabeh otak nu rusak), carana make hipnotis komunikasi jeung otak pasen langsung, mangaruhan otak supaya ngaktifjkeun saraf jang kana suku nu lumpuh misalna. Alhamdulillah, loba kasus jelema nu geus lumpuh nepika 6 taunan bisa leumpang deui. Kusabab teu make media jin jsb, cageurna permanen, bisa leumpang deui, ngan teu normal pisan jiga sabihara bihari. Diabetes, nu ieu mun kusabab aya kalainan otak nepika awak kurang nyieun insulin, nya bisa oge diubaran make hipnostis mangaruhan otak sina ngirim enzym insulin. Ngan lamun geus aya karusakan organ, nya sok dibere saran diubaran ku kulit jengkol, atawa undur2, atawa hamperu beunteur, insya allah aya pangaruh nurunkeun gula kajeun teu nepika normal deui oge. Lumpuh layu, kuring kungsi ngalaman ngubaran budak nu dua belas taun lumpuh layu di kalimantan, diubaran via telepon, sawaktu diubaran eta budak utah2an nepika tilu poe, asup rumah sakit, tapi saenggeus kitu eta budak cahgeur bisa leumpang. Cara ngubaran sarua make kendali kana otakna, jeung diurut ti kajauhan. Sakitu anu dipikahatur, panyakit2 lainna seueur nu kungsi diubaran, ngan panjang teuing nulisna. Mugi2 aya mangpaatna jang nyemangatan jalma2 nu boga panyakit hese eta.
