Sim kuring sanes embung ngabahas karbala teh tapi salila ieu lumpatna ngan "maca kajadian" hungkul nu ahirna tutunjuk nu jadi depot siga lamun teu ngaku shiah teu nyaah ka Kangjeng Rasulullah SAW katut kulawargana. Nu dipikahayang sim kuring mah bisa ngala hikmah nu jadi panyaang tina eta kajadian. Asana mah tos diboca hayang ditingal tina sagala aspek nu bisa kapesek misalna pulitik, budaya (ras arab - persia), jste. Tapi nu atos2 mah keukeuh balik tutunjuk, kapan lieur atuh jadi ngarasa nampa nu curhat berkesinambungan heu heu... Nya sugan jeung sugan urang cobi atuh ngabahasna nu membumi keur urang sunda, tatar sunda. Ari bahas materi mah geus teu salera da baheula taun 80an geus leneng panggih na ceramah kang Jalal jeung kang Athian, harita mah pan keur trend ngabahas buku Dialog Sunnah-Syiah.
salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sen, 20 Desember, 2010 12:32:43 Judul: Re: Bls: [kisunda] Menanti Pertanggungjawaban Republika soal Karbala From: Jalak Pakuan Saran sim kuring lamun anjeun syiah pek dakwah nu membumi nu mangpaat ka urang sunda, sing jadi rausyan fikr, mencerahkan nu keur sararumpek. cag Jalak Pakuan ==================== Sakadang Kuring mah kadah leuwih teleb jeung leuwih ngajoroan mikirna, naha bet aya kajadian Karbala? Upami ningali dina tinjauan sejarah, anu mana kajadian pakuat-kuat dalil, ngadu dalil ... dalil sunny dipake ku syiah, pikeun ngayakinkeun yen keterangan jeung penjelasan tina dalil, lain nyokot ti dalil syiah. Ras inget ari sejarah, tulisan heubeul gumantung ka saha nu nulisna, iraha ditulisna, jeung saha dina mangsa harita anu keur boga kakawasaan. Biasana rebutan bebeneran : anu moal salah deui euweuh titik-panggihna, kitu deui koma-panggihna, alias ngabuntut kadal. Kaduana, nya si kuringmah mikirna kieu, make elmu dicandak ti 'nawaetukumakuringwe', kieu: [meureun] Gusti Allah, ngidinan aya kajadian Karbala teh, syareatna namah 'mutuskeun' hubungan getih ti katurunan Nabi, ku sabab, [lamun] dina mangsa ayeuna aya [asli 100%], ti titisan Kangjeng Nabi bakal dipunjung,dipuja anu matak nyimpang tina kahakekatan, teu aya jin jeung manusa salain nyembah, muji, munjung ka Gusti. Poho kanu jadi udagan, bisa jadi salah adegan, jadi adigung. awaetukumakuring.dot.clom
