Hahahahahahaha abdi ge hoyong
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 20 Dec 2010 01:22:49 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Plot Sinetron...hayang nyium bandera Irak

Hiji mangsa, aya hiji bapa umurna geus kolot, katarajang kasakit anu teu bisa 
diubaran. Geus sababaraha lila di rumah sakit, tapi tetep wae kasakitna teu 
cageur-cageur. Kulawargana geus beak dengkak ngubaran ku sagala cara. Si bapa 
kolot teh cumarita ka barudakna, geus cape nandangan tunggara, saacan paeh hos, 
boga pamenta hayang nyium bandera Irak. Barudakna bingung kumaha caranya 
sangkan 
bisa nyumponan kahayang bapana.

Eh..geus tue kitu wae, aya hiji suster anu boga karesep rada minculak, dina 
bujurna aya tato gambar bandera Irak. Neng suster teh mikaresep ka tokoh Saddam 
Hussein. Singketna mah, neng suster teh sukarela rek nyumponan kahayang si bapa 
kolot. Sabada nyium bandera Irak, si bapa kolot 'tujuh mulud' teh  pok ngomong 
"cikan neng suster, punten malik maneh, Bapa sakalian hoyong nyium kumis Saddam 
Hussein di tukangeun bandera Irak."

Ti saprak nyium bandera Irak jeung kumis Saddam Hussein, eta Bapa kolot teh 
cageur teu sakara-kara.
(nuju ngalancarkeun basa Sunda, sami jiga kang Mh)

mrachmatrawyani




________________________________
From: mh <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, December 20, 2010 10:44:12 AM
Subject: Re: @ Bi Uti Bls: Bls: Bls: [kisunda] Plot Sinetron

  
Kungsi ngabandungan siaran Radio Mara, nu ngabahas pengobatan alternatif.
Harita aya hiji kulawarga nu ngadongengkeun perkara ngubaran kolotna nu keuna 
ku 
stroke. Kulantaran maranehna sibuk, eta kolotna nu tos dikantun ku istrina, 
ditikahkeun ka pembantuna. Alesanana ngarah teu ragab, unggal usik diurusanana 
sagala kaperluanana.

Tah duka meunang beja ti mana, eta sepuh teh diubaran ku panajikanana ku 
kulumud 
kulit peuteuy. Kulumud kulit peuteuy, digaringkeun, terus disangray dijieun 
kopi. Kopina sina dilegik tiap isuk. Ku leukeunna eta nu ngubaran, katambah 
deuih boga pamajikan anyar, jigana nambah sumanget ka si bapa nu stroke tea. 
Cenah si bapak cageur stroke-na.



      

Kirim email ke