sapagodos, mang ko... kuring kawarisan basa sunda ti indung, di ajar basa sunda ka sakuriling. leuheung rada motekar daek bucu-baca buku sunda & meulian kamus. anu motekar kitu teh bisa disebut langka, da lolobana mah tara ngambeu tulisan sunda. mangga we tengetan di bandung, sepuh-sepuh barentes sunda, ari para putrana ukur rungah-ringeuh... dina enyana para putrana barisaeun keneh sunda, naha diwariskeun oge ka para putrana? di dieu tah buntuna.... kolotna maher, anakna sapuratina, incuna...?
sikandar kumincir.blogspot.com 2010/12/8 koko_robert29 > > Moal ari parasea mah. Ngan wae ieu di Tasik keneh kabeh dikumkeun jadi > rama, raka jste. Jadi hartina geus poho we naon hartina LANCEUK ADI jeung > sajabana. > Memag nu penting mah NGARTI. > Masalaha lain eta; tapi basa Sunda jadi nyaeutikan alias heureut tea. > Eta naon sababna ? > Lantaran pada ngantep; ditembelarkeun; teu dijaga; nya atuh mun awal akhir > musna tea mah, nya wajar saja lah. >
