Berod rada panjang setengah lele tapi sungutna monyong, aya di walungan, dina 
liang, nguseupna jeujeur dicolokeun kana liang2 handapeun batu, kenurna cukup 
10 cm.
Senggal, siga lele, disebut lele walungan, kaluar mun walungan caah.
Onyong2, siga berenyit tapi panjang jeung monyong, hirup di balong di daerah 
kaler, pamanukan jsb.
Dadut sami sareng impun, berenyit atanapi geleng dage, beuteungna buncineur, 
Genggehek tawes walungan daerah pegunungan
Hikeu, lauk walungan daerah pegunungan, luhureun daerah beunteur, dina liang, 
sieunan, aya dina cai nu ngabuih, tanagana badag, leuwih badag ti nilem
Keting, jiga lele, daerah walungan pedataran spt indramayu, 
lundu, jiga bogo, daerah walungan padataran
Lalawak, tawes walungan daerah padataran, ngan sisikna teu jiga tawes biasa, 
siga jarang, warna bodas herang
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: mh <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 21 Dec 2010 11:21:06 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

Beu, baraya, tetela geuning urusan lauk oge, uing loba nu teu apal yeuh.
Hehehe

Cing bere gambaran, jiga kumaha eta laukna, ukuranana, jeung lingkungan
hirupna
dimana tah?

2010/12/21 <[email protected]>

>
>
> Berod, senggal, onyong2, dadut,
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * [email protected]
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 21 Dec 2010 03:14:20 +0000
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?
>
>
>
> Bebeong...
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * mh <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 21 Dec 2010 11:03:51 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?
>
>
>
> Noong guntreng "beunteur" jeung "paray" antara Kang Imun jeung Kang Kumi,
> jadi inget mangsa di lembur. Loba rupa lauk cai, boh nu hirup di balong,
> sawah,
> walungan, oge situ.
>
> Cing nu masih keneh areling jeung aringet kana pangalaman hirup sapopoe,
> lauk naon wae nu kungsi kapanggih di lembur masing-masing.
>
> Ieu diantarana:
>
> paray,
> impun,
> jeler,
> beunteur,
> mujaer,
> lele,
> bogo,
> deleg,
> jongjolong,
> nilem,
> lauk emas,
>
>    
>

Kirim email ke