Saguru, saelmu teu nanaon ngaganggu, los bae..
Lumayan. Elmu debus ge laku, ngan teu sarame jin. Ieu elmu teu pakuat-pakait 
jeung jin atawa sihir atawa mejik jer atawa Dudi Corbuzer. 
Ieu murni seni. Makana ditelahkeun seni budaya debus. Kula rek mere conto 
ngulinkeun bedog.

Panginten para kanca nyorang nonton pertunjukan ngulinkeun bedog. Naek taraje 
make bedog. Ngadekan ganas dina luhureun bujal jeung sajabana. Tah naon 
rahasiana?
Para kanca bisa nyoba sorangan di imah cukup make bismillah. Ngan kudu inget, 
kusabab ieu seni, nya kudu dilatih jeung latihan. Teu bisa sambarangan. Ieu 
seni ngeunaan pengendalian emosi, reflek, disiplin jeung tangtuna kaimanan kanu 
manteb.

Teangan bedog nu alus, enteng dicekel, jeung lamun ditangtungkeun bisa nangtung 
sorangan teu kudu dicekelan. Asah bedog sangkan moncerang herang katingalina. 
(ulah make bedog meunang nginjeum, jeung bedog ieu khususon kangge ulin, sanes 
kangge ka kebon kudak-kadek, jeung ieu bedog teu meunang diniatan jang 
ngarogahala sasatoan, komo jang ngadek jelema, pantang!!)

Ke dituluykeun. Tah sakalian ku kula dibere conto bedog-bedog nu bagus.
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
Tirilik ti Banten.


↑ Grab this Headline Animator


  ----- Original Message ----- 
  From: mh 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 21, 2010 9:53 PM
  Subject: Mikawanoh Debus Banten ==> Re: Tubagus & Raden Bls: [kisunda] Tina 
lauk belik deui ka Jurig..


    
  Meungpeung aya tawaran ti Kang TRL,
  Sok Kang geura pedar ti A-Z naon atuh debus teh.
  Keun wae MUI mah heula anan, ulah nepi ka urang Sunda wanoh kana 
  budayana sorangan ngaliwatan urang bule.

  Hayang diajar basa Sunda ka bule, hayang wanoh kana wayang dibejaan ku bule,
  kulantaran urang sorangan males nulis.

  Tah meungpeung aya manukna, der geura bahas



  2010/12/20 <[email protected]>

      
     

    Bilih aya dulur-dulur nu hoyong ngelmu debus Banten, ku kula rek 
dipedarkeun didieu. Ngan nu mangrupa seni, mbeh teu picarekeun kang manar atawa 
MUI.
    Sok, saha nu palay? Di antawisna teu teurak ku bedog (tapi ku silet 
dijamin,) ngagayem semprong teu badarah.
    Mangga,
    Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
    Tirilik ti Banten.

      ----- Original Message ----- 
      From: mh 
      To: [email protected] 
      Sent: Tuesday, December 21, 2010 6:11 PM
      Subject: Re: Tubagus & Raden Bls: [kisunda] Tina lauk belik deui ka 
Jurig..


        
      Uing jadi inget tukang akrobat di Leles, Garut. Ngan poho deui ngaranna 
saha.
      Ngamimitian pentas teh sok dimimitian jiga Kang TRL, "Nu saguru, saelmu, 
poma ulah ganggu," cenah.
      Oh inget julukana teh, asana Ateng Aradea, "Kula Ateng Aradea, Putra 
Pajajaran,"  




      2010/12/21 Tubagus Rifki L <[email protected]>

          
        Kula mah moal i-iluan ngomongkeun jurig. Enggal bae tos aya ahlina.

        Tubagus dan Raden

        Kula can manggihan dina buku sajarah ngeunaan ngaran Tubagus. Cik naros 
ah kang Asep. Ngan kula boga curiga (elmu curigasyion ti kamari ge) etamah 
'Trik' kasepuhan Banten, utamina para panggeran supados identitas 'katurunan' 
teu lengit, pedah karajaana geus rata jeung taneuh sakumaha nu katingali 
ayeuna. Eta ge menara, jigana lamun lain menara masjid geus beak dijualan.

        Duka sakitu bae. Bisa bener, bisa salah. Punten nu kasuhun bilih aya 
urang Banten di dieu.

        Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.
        tirilik



         






  

<<visitbaduyvillage.1.gif>>

Kirim email ke