Lamun urang zarah, ka hiji patempatan osok aya nu ngarana kuncen (juru-kunci).
Naha disebut juru-kunci, nya tangtuna pikeun muka lawang panto.
Sateuacana urang lebet ka hiji pajaratan umpamana, tangtu aya maksud jeung 
tujuan na, lamun saukur ulin wungkul biasana osok aya papan pangumuman anu
mana eusina netelakeun aturan-aturan dihiji patempatan. umpamana teu meunang
kiih sembarangan bisi jeungjeuriheun, teu meunang hitut sembarangan bisi bau 
jste.
 
Keur saha jeung keur naon ayana Kuncen, nya utamina pikeun kasalametan anu 
zarah.






--- On Wed, 12/22/10, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote:


From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
Subject: Re: Bls: [kisunda] Syahidnya Imam Husein dalam Shahih Bukhari
To: [email protected]
Date: Wednesday, December 22, 2010, 3:13 PM


  



Kuring salaku kuncen baheula kungsi ngembarkeun yen moal ngaloloskeun surelek 
anu eusina bacaeun dina basa indonesia, ngan nyakitu tea lah, dilema meureun 
kasebutna. Lamun masalahna penting teu penting, sigana loba pisan bacaeun anu 
penting teh, komo dina basa indonesia atawa inggris mah. Naha nu kaci 
diasupkeun ka milis teh cukup ku pentingna wungkul? Walah, sarua we atuh jeung 
ngagabungkeun sakabeh milis nu aya di yahoogroups ka kisunda! kang ahsa & kang 
zen panginten gaduh kapentingan ngada'wahkeun si'ah (hampura bisi salah), pon 
kitu oge nu sejen atuh meureun... mun kitu mah, uing oge kaci atuh nya 
ngirimkeun makalah-makalah anu jadi bacaan uing sapopoe, da pikeun uing mah eta 
teh penting!

"Na kitu wae ni riweuh? hapus we atuh ari teu suka macana mah..!" kitu ilaharna 
ditembal. pikeun kuring mah teu bisa kitu, utamana kusabab unggal milis dijieun 
pikeun tujuan anu husus. ibaratna mah meureun sarua jeung jolna jalma nu 
nerangkeun sual kalkulus ka kelas anu pangeusina rek neuleuman soal genetika.

punten nya, ulah lepat hartos, uing teu maksud ngahahalang si'ah.

sikandar
kumincir.blogspot.com


      

Kirim email ke