Di Barat? Nya anu kantos ku sim kuring dialungkeun ka dieu, namina gejala histeria. Anu kantos diselidiki ku Sigmund Freud. Penelitian na oge ngahasilkeun kitab "the intepreter of dream"(pami teu lepat). Luas pisan ngabahas jero isi jelema mah. Soalna nyangkut-paut urusan RUH(nu hirup jeung ngahirupkeun). Sedengkeun urusan RUH dawuhan Gusti, "itumah urusanKU". Teras osok kaemutan ku sim kuring, upami ningali Sireum, Kutu, Lancah sakitu leutikna naha bet hirup? Gaduheun ruh teu? Saur ahli kahakekatan mah aya Ruh aya oge Nyawa. Ruh mah sifatna suci, ari nyawa mah tina acining cai, taneuh, seuneu(energi cahaya) sareng angin (hawa/udara). Anu jaradi siluman, ririwa sareng jurig mah nya nyawa eta, jalmi anu maotna teu sampurna, sanes ruh margi ari ruh mah suci. Ari nyawa bentukna kahayang tea atawa napsu.
Heup we. On Wed Dec 22nd, 2010 7:06 PM ICT oman abdurahman wrote: >Ari di nagara2 maju aya kasus kasurupan? Upama teu aya, naha nya? Boa-boa >kasurupan pakuat-pakait jeung kurang-digunakeunana akal? Alias budaya anu >ngandelkeun "rasa" alias perasaan? > >manar > >2010/12/22 Maman <[email protected]> > >> >> >> From: mh [email protected] >> >> ku bako mah lain dijejelkeun, asupkeun nu kasurupan ka kamar, kerem di jero >> kamar. terus beuleum bakona,* haseupna* puputkeun ka jero kamar. moal lila >> ge menta kaluar ti jero kamar geura. >> ==== >> Anu murah meriah mah, nyundut bulu baok(punten) ku korek api salembar dua >> lembar mah, seuseupkeun kana pangambungna nu kasurupan. >> >> <http://www.sekolahdinewzealand.com/> >> >> >> ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
