Aya deui hal sejenna ceuk kuring mah.
Misalna wae, aya pola-pola umum karakter jeung cara komunikasi jeung makhluk 
goib.
Bisa nimukeun ngembangkeun elmu "komunikasi jeung makhluk goib" kalayan leuwih 
ngaheulakeun
logika batan hayalan.(rasionalitas tibatan emosional).
Bisa ngajadikeun hiji mitos jadi elmu pangaweruh anu leuwih mangpaat keur 
balarea.
Kamajuan panaweruh Barat contona, pan tadina mah akar-akarna teh ngembangkeun 
mitos-mitos anu aya di bangsa Yunani. Apollo hiji dewa bangsa Yunani, bisa 
dipake ngaran pesawat anu bisa nganjang ka bulan.
Mun di urang mah meureun masih ngan semet maung (siliwangi) pikeun perlambang 
hiji sumanget katentaraan.
Anu utamana mah, urang tong cicingeun teuing, kudu terus ngulik hiji masalah 
nepi ka nimukeun formula atawa cara/sistem anu ajeg pikeun kasejahteraan 
rahayat.

baktos,

mrachmatrawyani





________________________________
From: Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, December 22, 2010 10:13:02 AM
Subject: Re: SWOT Jin ==> Re: [kisunda] Teluh: cara sareng anti

  
Uluh, make pendekatan manajemen yeuh, SWOT ha.ha.ha. (sewot kalee!)
Tapi alus oge sih. 
Ngan palebah ngobrolkeun anu ghoib atanapi kaghoiban saenyana pikeun sadirieun 
masing-2 jalmi.
Beda pangalaman ghoib Mang Hasan, sareng si Kuring misalna, kitu oge pangalaman 
Bah Imun sareng Kang JP.
Ieumah "In My Humble Opinion" (IMHO)tea, da upami kaghoiban anu kalaman ku 
kuring sigana lamun dicaritakeun ka umum moal aya guna jeung mangpaatna, 
leuheung mun kitu, kumaha lamun jadi papaseaan? 

Duka panginten jaman ayeuna parantos dikedahkeun tidituna, jalmi kedah 
ngutamikeun aql tibatan sihir,
Rupina parantos ditutup "pintu langit" anu mana kampungkur mah [sateuacana 
ditutup] osok dipalingan, atanapi
dipaokan ku sabangsa makhluk halus, info "ti langit' bisa mangrupakeun 
kajadian-kajadian pikahareupeun
anu dikenal ramal-meramal (nasib jeung cuaca he.hehe.). sst tong beja-2 
kasasaha, anu hoyong tiasa muka "pintu langit' daptar ka abdi. ha.ha.ha.

Tah kukituna kukieuna mangga nyanggakeun : (nyobi mairan pamundut Kang Hasan)

S*trengths: 
- jalema jadi sadar yen dirina teh lain ngan ukur jasmani wungkul tapi rohani 
oge. (dhohir jeung batin)
- jelema jadi sadar yen dirina lain ukur mahluk rasional tapi oge irasional, 
ngan kudu bisa nempatkeun
iraha jeung dimana nempatkeun nana. 
- ngahargaan makhluk sejen, utek tongo walang taga, rorongo gegedoan, babi 
anjing katut sasatoan anu badag
sadayana ciptaan anu Maha Kawasa
- jelema mah teu daya teu upaya, mung ukur katitipan. (khalifatulloh) 

*W*eaknesses:
- nya sabalikna ti luhur (atur-atur we Mang Hasan upami bade ditambihan) 

*O*pportunities:

- Mikawanoh mahluk gaib boga peluang bisnis dina industri hiburan. Loba film
barat nu dasarna mitos, alam mistik nu laku dipasaran.

- Keur jaman kiwari, jaman IT, mikawanoh dunya mahluk gaib bisa dijadikeun
dasar keur nyiptakeun kaulinan komputer, nu mangrupakeun bagian industri
hiburan

*T*hreats: **
- Males ngelmu dhohir.


 


      

Kirim email ke