Tapi punten, mugia email pribados di handap henteu janten panghalang kana 
diskusi. Ieu mah mung sakadar pangalaman pribadi. Anu awon piceun, anu tiasa 
dipulung nya dimangfaatkeun.
Mangga lajengkeun.
Hatur nuhun,Aschev



--- On Wed, 12/22/10, Aschev Schuraschev <[email protected]> wrote:

From: Aschev Schuraschev <[email protected]>
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu Kasurupan
To: [email protected]
Date: Wednesday, December 22, 2010, 10:41 PM















 
 



  


    
      
      
      Bakat teuing ku keuheul atuh da, kang Oman. Kaleresan pun anak nu bungsu 
(yuswa 8 taun) teh sok nyaring wengi-wengi (jam 1-2 janari) bari ngagugahkeun 
abdi. Alesanna nyaring teh cenah teu tiasa sare. Mending upami abdi nyaring, 
teu aya masalah, ku abdi sok dibaturan dugi ka anjeunna peureum deui. Pas upami 
abdi teu tiasa nyaring alatan pules, anjeunna sok nangis bari jejeritan 
ngabarubahkeun batur. Eta kajantenan tek saprak anjeunna kenal kana istilah 
hantu, pocong sareng sajabina boh tina tivi boh ti rakana atanapi ti 
rerencanganana. Ku abdi sok dijelaskeun "dina Islam mah teu aya jurig, aya oge 
setan sareng jin anu ngaganggu katengtreman hate manusa, moal aya jalmi nu maot 
teras pocongna hirup ajrut-ajrutan." Tapi maklum budak, teu acan ngartos 
dipasihan katerangan sapertos kitu teh. Nya ku abdi mah samentawis barudak teh 
ditebihkeun heula tina hal-hal
 sapertos kitu kalebet megatkeun antene tivi. Antene tivi teh disambung deui 
saparantos aranjeunna kumejot palay nongton semifinal maen bal 
Indonesia-Filipina. he he he. Alhamdulillah si bungsu ayeuna tos jarang gugah 
wengi bari kasieunan.
Tontonan aranjeunna, ayeuna ku abdi dikontrol pisan. Aranjeunna ku abdi 
ditebihkeun tina sinetron komo sinteron horor mah, dicaketkeun kana 
program-program anu aya unsur edukasina bari dipasihan katerangan mangfaatna.
Sumuhun mang h, pun alo nu pameget oge jiga kitu, rada hese dikadalikeunana, 
dilarang kitu-keiu di bumina nya abur-aburan katatangga atanapi ka warnet. 
Betah di bumi soteh saparantos anjeunna dipasihan fasilitas. Tapi pun anak mah 
kaleresan langkung betah di bumi, janten rada gampil nalingakeunana.
Salam,Aschev



--- On Wed, 12/22/10, mh <[email protected]> wrote:

From: mh <[email protected]>
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu Kasurupan
To: [email protected]
Date: Wednesday, December 22, 2010, 7:46 PM















 
 



    
      
      
      tah mirip jeung nu kaalaman, maehan tv diimah, budak nonton di tatangga.
usum game ps, pon kitu deui. antukna mah disaiakeun we rohangan khusus,
ngarah katalingakeun.

2010/12/23 oman abdurahman <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Aeh kang Aschev, kahade eta kabel tv sinetron horor dipegatkeun di bumi, 
barudak ting sulusup ka tatangga, miluan nongton sintron eta; atawa nyewa vcd 
film horor, atawa...jadi kapanasaran anu disidem nepi ka gede, anu antukna 
neangan katerangan ti nu sejen. Naha lain leuwih hade urang maparin penjelasan 
anu bijak bari nyupiran barudak lalaunan kana informasi anu ku urang dipiharep?



manar



2010/12/21 Aschev Schuraschev <[email protected]>

















 



  


    
      
      
      Ah teu wantun kang margi teu gaduh perbendaharaan elmu perjuriganana.
Pun anak nongton sintron horor di tivi oge kabel anteneu tivina dipegatkeun 
supados engkena henteu turas-taros hal eta. he he he.





--- On Tue, 12/21/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:



From: Jalak Pakuan <[email protected]>
Subject: Bls: Bls: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan


To: [email protected]
Date: Tuesday, December 21, 2010, 7:37 AM















 
 



    
      
      
      Sigana mah langkung nyobat lengket pami kang Asep ngobrolkeun perjurigan 
sareng anjeuna heu heu... asal ulah nu hijina deui we....


 Makarya Mawa Raharja



Dari: Aschev Schuraschev <[email protected]>
Kepada: [email protected]


Terkirim: Sel, 21
 Desember, 2010 20:30:59
Judul: Re: Bls: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan








 



    
      
      
      

Sumuhun jigana mah stress kapungkur teh. Tapi masalahna sanes dunungan nu lami 
da anjeunna mah henteu pikasebelun malah bageur pisan, maklum da wanoja 
Sukabumi. :) Panginten ieu budak teh gaduh masalah di rumah tanggana. Nya anu 
sters mah panginten kedah diheureuyan supados kahibur / damang.


Hatur nuhun,Asep



--- On Tue, 12/21/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:



From: Jalak Pakuan
 <[email protected]>
Subject: Bls: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan
To: [email protected]


Date: Tuesday, December 21, 2010,
 7:21 AM















 
 



    
      
      
      Phenomena kasurupan mungkin aya dua panyabna kahiji stress, oyag mental, 
nu kadua memang kaasupan jin. Dina kasus kang Asep panginten eta lebet kriteria 
nu kahiji.Ari nu umum pangarti mah saurna eta jin paling gampang asup ka jalma 
nu oyag mental, sering disebut kasambet. Anu katilu nu pangmungkina dunungan 
akang pikasebeleun atuh akang mah kasep nya staf istri teh sinetron we supaya 
janten staf kang asep. Nu kaopat kahade kang bilih lebet kriteria nu di veto ku 
Bi Uti!



JP
 Makarya Mawa Raharja



Dari: Aschev Schuraschev <[email protected]>
Kepada: [email protected]


Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 20:06:01
Judul: Re: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan








 



    
      
      
      

Di kantor pribados aya staf istri anu kapungkur sering kasurupan. Hawatos ka 
dununganana harita da matak kaweur. Sakali mangsa waktos anjeunna kasurupan 
payuneun pribados, ku pribados diheureuyan ku nyarios: "tenang-tenang, 
tunjangan sebentar lagi keluar." Saprak harita anjeunna tara kasurupan upami 
aya abdi.


Ayeuna anjeunna janten anak buah pribados, teu acan kantos kasurupan deui. 
Jigana isineun ku pribados. Jigana salasawios cara nungkulan jin ku 
diheureuyan. Leres kitu?
Hatur nuhun,

Asep 



--- On Tue,
 12/21/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:

From: Jalak Pakuan <[email protected]>


Subject: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan
To: [email protected]
Date: Tuesday, December 21, 2010, 6:57 AM















 
 



    
      
      
      Beuuu hebring atuh geuning  teu keder nyanghareupan nu kasurupan..... ke 
ke eta teknik gegel punduk jeung jejel bako teh valid atawa kabeneran? Mun teu 
valid salah2 lain cageur nu kasurupan kalah dompet leungit eung heu heu......



JP
 Makarya Mawa Raharja



Dari: mh <[email protected]>
Kepada:
 [email protected]
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 19:48:02
Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring










 



    
      
      
      Lain ari uing mah ngubaran nu kasurupan teh, dipuput ku bako nu banget 
pisan.
Teu sakara-kara nu kasurupan teh, ohek-ohekan, teu kuateun ku bangetna.

2010/12/21 Deni Indra Kelana <[email protected]>


















 



  


    
      
      
      Nyeta kang pedah panginten abdina we rada sasangkleng. Da numutkeun 
pangalaman abdi mah sakumaha buringasna oge nu kasurupan tara dugika 
nyilakakeun, diangsonan ge sok leah ku maneh, pami ngalawan keneh mah ditewak 
we teras digegel pundukna, moal teu aduh2an teras mabur geura, heuheu..:D











    
     



 








      

    
     








    
     



 








      

    
     








    
     



 








      

    
     

    
    






  











  










    
     



 








      

    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke