Rahayu, Cunduk waktu ninggang mangsa, nitih wanci nu mustari. Asal ti Gusti mulih ka Gustina, pamugi anjeuna sing di dugikeun ka alam raos, alam sampurnaning sampurna di alam padang poe panjang nagara tunjung sampurna.
Nu kasaksian ku kuring, Abah Surya salah sawios tokoh kasundaan anu mawa jasa gede ka nagara tur balarea, tangtuna oge bakal metik hasil ngala buahna di alam nu bakal datang. Baktosna, ilen kardani ________________________________ From: hangjuang bodas <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Sat, December 25, 2010 5:52:24 AM Subject: [kisunda] Abah Surya tos Mulih ka Jati Mulang ka Asal Innalillahi wainnailaihi rojiun. Parantos ngantunkeun Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) tabuh 04 tgl 25 Des 2010 di Sukaasih Atas V No. 438. Mugia almarhum dihapunten samudaya kalepatanana, ditampi iman-Islamna, sareng kenging ni'mat bagja di kalanggenganana. Amin. baktos,
