ROH (Bubuka) Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh Al-Hamdu kawit diserat pikeun tumarimana kana hirup sareng huripna (sadaya puja-puji), terasna Lillahi pikeun netepkeunnaNa hirup sareng huripna ti Alloh, dipageran ku ANU ngawengku sadaya Alam (Robbil’alamin tea…). Saparantosna maoskeun du’a Kasalametan ka sadaya (Assalaamu’alaikum Wr Wb) tambih du’a ti simkuring nganggo Sampurasun…(sing dugi ka Sampurna Ingsun, Ingsun anu aya dina raga salira asal ti Gusti Nu Maha Suci asal muasal sakabéh Alam katut pangeusina), du’a éta, teu aya sanés supados tiasa netepan kana kecap “Innaa Lillahi Wainnaa Ilaihi Roojiuun”, Mulih kajati, Mulang ka Asalna. Amiin. Hapunten bilih disangki agama Singkretis pédah teu aya dina Hadist, ulah padu sunas-sinis bilih keuna kubasa tamiang meulit kabitis. Hehehe…J Langkung tipayun hapunten anu kasuhun : Ka Sesepuh KUSNET, apih Sidiq, Ua Sas, Mang Jamal, Kang Tito, Kang Kumi, Kang Eko Nugraha, Bah Willy kum ka sadaya para wargi di urangsunda, kisunda anu kusimkuring dipihormat, unjukan kasadayana bade neraskeun tulas-tulis deui ngeunaan roh sugan jeung sugan sapuk sareng parawargi. hapunten bilih dina tulisan simkuring aya anu teu dikana bahasa sundakeun sapalih. Perkawis ROH/Ar-Ruh nalika simkuring milari dina judul milis kisunda (roh), geuning parantos aya anu nyabit-nyabit perkawis eta. Kawit anu nyerat kang Rudy Rudiansyah anu ngango judul : [kisunda] Batin, Jiwa & roh naon hartina sareng benteun na ? alamatna : http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/26738 Nov 30, 2008 Numawi dina tahun 2008-2009 simkuring teu patos aktif di ieu milis, malih kantos keuna ku yahoo bounching, heheh. Upami dipilari dina eusinamah/content-na, memang seueur pisan seratan anu nyabit-nyabit perkawis roh/ruh, ah sakantenan wae diaosan sok sanaos teu sadayana. Alhamdulillah simkuring ngaraos tambih-tambih elmu, wawasan tur seueur rupi pamahaman dina perkawis roh/ruh atawa Jin. Hatur nuhun kasadayana, katampi. Jazakumullohu Khoironkatsirooo. Bubuka Ti Simkuring : Peperangan diantara sahabat saparantosna wafat Nabi SAW mangrupikeun FAKTA (bukti-bukti yang telah teruji) dina sajarah Islam anu teu tiasa diapilainkeun ku urang sadaya dina raraga neuleuman ajaran Islam. Aya pribahasa “Kokohnya Suatu Bangsa, Tergantung Dari Sejarah Bangsanya Sendiri”, rata-rata para panjajah, sok nulis sajarah Nagara anu keur dijajahna supaya kakuatan rahyat anu keur dijajah ngurangan atawa babari di adu dombana. Pon kitu deui dina masalah ajaran agama. Ngeunaan ajaran ageman anu di candak ku kangjeng Nabi Muhammad SAW (Ad-Diin Al-Islam), para Pendeta (agama Nasrani) waktu harita, teu percaya yen ajaran anu dicandak ku Muhammad teh ageman anu bener, estu cenah ajaran sesat dan menyesatkan (dhollun wamudhillun), da anu bener mah anu keur diagem ku para pendeta eta. Singket carita der weh ngayakeun mubahalah, lungsurna ayat 61 surah Ali Imran. *---------------\ ALI-IMRAN: 61 (Ayat Mubahalah) "Maka katakanlah (kepadanya): 'Marilah kita memanggil anak-anak kami dan anak-anak kamu, wanita kami dan wanita kamu, diri kami dan diri kamu; kemudian marilah kita bermubahalah kepada Allah dan kita minta supaya laknat Allah ditimpakan kepada orang-orang yang dusta '. " Al-Mustadrak Al-Hakim, jilid 3, halaman 150. ia menshahihkan riwayat ini. Dalam Ma'rifah 'Ulumul Hadits, oleh Al-Hakim, disebutkan: "Dalam kitab-kitab Tafsir menyebutkan riwayat-riwayat yang mutawatir dari Abdullah bin Abbas dan lainnya bahwa Rasulullah SAW, pada hari Mubaha1ah, mengajak sambil memegang tangan Ali, Hasan dan Husein, dan Fatimah berada di belakang mereka, kemudian beliau bersabda: 'Mereka ini adalah anak-anak kami, diri kami, dan wanita kami, maka panggillah anak-anak diri kamu, anak-anak kamu, dan wanita kamu, kemudian mari kita bermubahalah kepada Allah dan minta supaya laknat Allah ditimpakan kepada orang-orang yang dusta'." Ummat Islam sepakat bahwa ayat ini turun untuk Nabi SAW, Ali, Fatimah, Hasan dan Husein (a.s). Tiasa dirujuk deui dina : Shahih Muslim, kitab Al-Fadhail, bab Fadhail Ali bin Abi Thalib, jilid 2, halaman 360, cet. Isa Al-Halabi; Syarah An- Nawawi, jilid 15, halaman 176, cet. Mesir. Shahih At- Tirmidzi, jilid 4, halaman 293, hadis ke 3085; jilid 5, halaman 301, hadis ke 3808. Musnad Ahmad bin Hanbal, jilid 1, ha1aman 185, cet. Al- Maimaniyah; jilid 3, ha1aman 97, hadis ke 1608, cet. Darul Ma'arif. Tafsir Ibnu Katsir, ji1id 1, ha1aman 370-371. Tafsir AI-Qurthubi, jilid 4, ha1aman 104. Sareng dina kitab-kitab anu sanesna deui… *-------------/ Para pendeta Nasrani sareng kelompokna ningal ka jalmi-jalmi (Muhammad SAW, ‘Ali, Fatimah, Hasan, Husen) mancer cahaya ngaliputan (Muhammad SAW, ‘Ali, Fatimah, Hasan, Husen), ningali kitu, riungan kelompok nasrani buriak ngabecir lalumpat, aya anu calik leuleus ngadeprek taya tangan pangawasa jeung sajabana. Diinul Islam anu dicandak ku kanjeng Nabi SAW, nyerep cahayana kana pribadi-pribadi, ‘Ali, Fatimah, Hasan sareng Husen tur mancer, nembongkeun ka kelompok Nasrani waktu harita yen nyata BENERna Islam. Kitu deui pikeun kelompok agama Yahudi, Sabiin, Majusi. Ku ayat mubahalah ieu tembong yen : “Al-Islam Ya’lu Walaa Yu’la ‘Alaih”, ari Islam, eta Luhur tur teu aya anu ngaluhurannana. Pikeun NGAJAGA kaluhuran Islam, benerna Islam anu Awwalu (ti mimiti)-Wal Akhir (nepi ka kiamat), pikeun nerangkeun ayat-ayat Alloh (Muhkamat+Mutasabbihat), nerangkeun elmu-elmu Alloh, tur anu BENER dina Lakuna, BENER dina Lampah, BENER dina Tindakannana, BENER dina Ucapna, BENER dina Tekadna, Alloh ngajaga kuanjeuNa ka Jalmi-jalmi anu dimaksud dina Ayat Mubahalah saperti Alloh ngajagana kana Al-Qur’an. Alloh SWT ngadauh dina surah Al-Ahzab ayat 33 : *-----------------\ AL-AHZAB : 33 (Ayat Ahlul Bait) “…*Sungguh tiada lain Allah berkehendak memelihara kamu dari dosa-dosa hai Ahlul bait dan mensucikan kamu dengan sesuci-sucinya.” Berdasarkan riwayat dari Aisyah, Ummu Salamah, Abu Said Al-Khudri, dan Anas bin Malik, ayat ini turun hanya untuk lima orang, yaitu: Rasulullah SAW, Ali, Fatimah, Hasan, dan Husein (a.s). Sungguh Rasulullah SAW telah bersabda seraya menunjuk kepada Ali, Fatimah, Hasan, dan Husein : “Ya Allah, mereka ini Ahli Baytku, maka peliharalah mereka dari keraguan dan sucikan mereka sesuci-sucinya.” Hadis-hadis yang semakna dengannya, silahkan rujuk: Shahih Muslim, kitab Fadhail Ash-Shahabah, bab Fadhail Ahlu bait Nabi, jilid 2, halaman 368, cet. Isa Al-Halabi: jilid 15, halaman 194, Syarah An-Nawawi, cet. Mesir. Tafsir Al-Qurthubi, jilid 14, halaman 182, cet. Kairo. Tafsir Ibnu Katsir, jilid 3, halaman 483, 494, dan 485, cet. Mesir. Shahih At-Tirmidzi, jilid 5, halaman 30, hadis ke 3258; halaman 328, hadis 3875, cet. Darul Fikr. Tafsir Ath-Thabari, jilid 22, halaman 6, 7, dan 8, cet. Al-Halabi, Mesir. Sareng dina kitab-kitab anu sanesna… *-----------------------/ Keur simkuring anu masih keneh lelengkah halu dina neuleuman Ad-Diinu Al-Islam, dua ayat anu diluhur, Ayat Mubahalah sareng Ayat Ahlul Bait, sabagean alit enas Al-Qur’an anu dijadikeun patokan dina nimbang, milih katerangan sajarah Islam, mana anu saluyu jeung nas Al-Qur’an, mana anu nyaruaan kana nas Al-Qu’an Ayat Mubahalah, mana sajarah/katerangan hadist anu eusina ngarendahkeun kana Al-Quran khususna kana Ayat Mubahalah jeung Ayat Ahlul Bait…jst Alloh SWT ngadauh : “Wahai orangorang yang beriman, jadilah kamu orang yang benar-benar penegak keadilan, menjadi saksi karena Allah biarpun terhadap dirimu sendiri atau ibu bapa dan kaum kerabatmu. jika ia Kaya ataupun miskin, Maka Allah lebih tahu kemaslahatannya. Maka janganlah kamu mengikuti hawa nafsu karena ingin menyimpang dari kebenaran. dan jika kamu memutar balikkan (kebenaran) atau enggan menjadi saksi, Maka Sesungguhnya Allah adalah Maha mengetahui segala apa yang kamu kerjakan.”.(An-Nisa, 135). Sakedik Ngeunaan Sajarah Islam : Dina bubuka buku Saqifah Cetakan ka 4. Pangarang buku nyantumkeun kasauran Ibnu Khaldun : “Para sejarahwan, penafsir Al-Qur’an dan perawi terkenal sering membuat kesalahan dalam melaporkan suatu peristiwa. Mereka menerima berita-berita sebagaimana disampaikan kepada mereka tanpa menilai mutunya. Mereka tidak membandingkannya dengan laporan-laporan lain yang serupa. Mereka tidak mengukur laporan-laporan tersebut dengan ukuran-ukuran filsafat, dengan bantuan pengetahuan hukum alam, tidak juga dengan bantuan renungan dan wawasan sejarah. Mereka lalu tersesat dari kebenaran dan hilang dalam padang pasir perkiraan dan kesalahankesalahan yang tak dapat dipertahankan”. *---- Sekitar dzuhur, hari Senin, tanggal 12 Rabiul Awwal tahun 11 H bertepatan dengan 8 Juni 632 M, Muhammad saw, acuan umat Islam, pelakon drama kemanusiaan yang terbesar dalam sejarah, wafat. Dan pada petang hari itu juga seorang sahabat nabi, Abu Bakar diangkat menjadi khalifah di Saqifah Bani Saidah, sebuah Balairung milik klan Saidah yang terletak sekitar 500 meter sebelah Barat masjid Nabi. ------* Jasad Nabi SAW teu acan di kurebkeun, tos rame milih pamingpin*----- Pembai’atan Abu Bakar sebagai khalifah pertama di Saqifah Bani Sa’idah, adalah peristiwa yang berekor panjang. Abu Bakar dan Umar sendiri kemudian mengakuinya sebagai tindakan keliru yang dilakukan secara tergesagesa, faltah. Peristiwa ini telah menimbulkan perpecahan pertama dan terbesar yang kelanjutannya terasa sampai di zaman ini. Kanggo salajengna tiasa di Download file pdfna, haratis… WafatNabidanSuksesidiSaqifah.pdf http://www.box.net/shared/ylgqne9q84 Periode Kholifah – Kitabulloh+Assunnah Khalifah Abu Bakar ( 11-13 H ), parantos marentahkeun supaya sakabeh jalma waktu harita ulah rek ngariwayatkeun perkara ti Rosululloh (Assunnah). Hadist Rosululloh ulah aya anu nuliskeun lantaran bisi pacampur jeung Al-Qur’an. Khalifah Abu Bakar merangan, ngabunuh ka kelompok anu nolak mikeun zakat ka Kholifah Abu Bakar (Lantaran nolak kana ka Kholifahan/kapamimpinan Abu Bakar anu dipilih kalawan ku rahyat). Khalifah Ummar bin Khattob (jadi Kholifah kalayan Wasiat ti Abu Bakar, 13 H - 24 H), nuluykeun aturan ti Kholifah Abu Bakar. Kholifah Ummar maksa ngaduruk kana tulisan Hadist Rosullulloh anu aya di ummat Muslimin waktu harita. Ustman bin ‘affan jadi kholifah dina Umur 79 taun, tanggal 1 Muharram 24 H wafat dibunuh tahun 35 H. Khalifah Ali bin Abi Tholib, 35 H s.d 41 H Perang Jamal, 36 H/656 M (Siti Aisyah merangan ka Imam ‘Ali) Perang Shiffin, 37 H/657 M (Muawiyah+Siti Aisyah babarengan merangan ka Imam ‘Ali) Wafat Imam Ali kw, dibunuh tahun 40 H (dilajengkeun ku Imamah Ahlul Bait). Dinasti Umayyah Muawiyah bin Abi Sufyan, 41- 60 H. Yazid Bin Muawiyah, 60 – 64 H. (Wafat Imam Husen, 61 H, kalebet para pengikut setia Imam Husen di padang Karbala). Kanggo bahan perbandingan, simkuring oge aya Buku Sejarah Islam, pangarangna Ahmad Al-Usairy, sejarah singket (Reverensi seuseuerna versi Arab Saudi/Ibnu Taimiyah), Sejak Nabi Adam Hingga Abad XX. Pemerintahan Bani Umayyah ngawasa ti 41 H – 132 H / 661-749 M. 132 -656 H /749-1200 M kakawasaan pindah ka Bani Abbasiyah. Periode Madzhab-Madzhab ============*=========== Lahir dan Wafat, Imam Hanafi (Madzhab Hanafi), 80 - 150 H Lahir dan Wafat, Imam Ja’far As-Shodiq, 83 -148 H. (Madzhab Ahlul Bait) Lahir dan Wafat, Imam Malik (Madzhab Maliki), 93 - 179 H Lahir dan Wafat, Imam As-Syafi’i (Madzhab Syafi’i), 150 - 204 H Lahir dan Wafat, Imam Hambali (Madzhab Hambali), 164 - 241 H Imam Hanafi sareng Imam Malik kantos diajar Islam ka Imam Ja’far As-Shodiq Ari Imam Syafi’i ngaguru ka Imam Malik, Imam Hambali ngaguru ka Imam Syafi’i. ============*=========== Periode Kitab Hadist (Kutubu assittah) Bukhari (194-255H/810-869 M) Abu Dawud (203-275 H/818-888 M) Muslim (204-261 H/819-875 M) Tirmidzi (209-279 H/824-892 M) Ibnu Majah (209-295H/824-908M) Nasa’i (214-303 H/829-915 M) Baik Imam Bukhory mapun Imam Muslim kedua peulis Hadist ini kedua-dunya pernah berguru kepada Imam Ahmad bin Hambal (madzhab Hambali), selain dari guru-guru yang lainya. Ad-Darulqutni mengatakan (Kalaulah bukan kerena Imam Bukhory, tentu Muslim tidak pergi dan datang). Dari ungkapan Ad-Daruqutni tersebut mengungkapkan bahwa Imam Muslim itu salah satu murid dari Imam Bukhary. Namun didalam riwayat pendidikan Imam Muslim, Imam Bukhory tidak termasuk didalam daftar nama-nama guru Imam Muslim. Pangalaman simkuring keur diajar di Madrasah Tsanawiyah, sok dititah nalar 40 Hadist tina kitab Arba’in An-Nawawiyah, dituluykeun kana kitab Hadist Bulughul Marrom, Tijan, Safinah, pon kitu diajar Aqidah tina Aqidah Islam karangan Muhammad bin Abdul Wahhab. Naek kelas tilu mah diajar aqidahna kana kitab “Al-Ibaanah ‘An-Usuliddiyaanah”, karangan Abul Hasan Ali bin Ismail bin Ishaq Al-Asy’ari turunan ti sahabat Rosul, Abu Musa Al-Asy-‘ari. Periode L-W (Lahir-Wafat) Abul Hasan Al’Asy’ary (250-324 H/ 873-935 M), Upami yuswa anjeuna 35 tahun, hartosna anjeuna kazaman sareng anu nulis kitab hadist Ibnu Majah sareng Imam Nasa’i dina tahun 285 H. Guru dina elmu aqidahna kenging ti Al Juba’i pupuhu aqidah Mu’tazilah. Lami nyantri di Al Juba’i. Dina hiji waktos guru jeung murid debat, anu ahirna Abul Hasan Al-Asy’ary misahkeun maneh tina mazhab Mu’tazilah tur ngadamel patokan elmu aqidahna nyalira anu katelah madzhab Asy-‘ariyah. Salianti Madzhab Aqidah Mu’tazilah jeung Asy-‘ariyah, waktu harita aya oge madzhab aqidah Jahaimiyah, Jabariah, Qadariah, Khawariz jeung sajabana. Nala’ah Sajarah Upami ningal kana periode Awal Diinul Islam, BENERna Islam ditembongkeun dina waktu keur mubahalah. Lamun Islam ditembongkeun ku pribadi Nabi SAW, ‘Ali, Fatimah, Hasan, Husen, tangtos martabat Ya’lu (Luhur), Walaa Yu’la (moal aya nu ngaluhuran) ‘alaih (kana Islam) tegesna moal aya anu nyaruaan kana Luhurna (wibawa/martabat/kasucian) pribadi Nabi SAW, ‘Ali, Fatimah, Hasan sareng Husen. Kabehdieunakeun ningali jaman kiwari, boh Ulama atawa ummat Islamana pada aku-akuan pang BENERna, pang SUNNAHna, pang ISLAMna, antukna NAFSU anu nyaliara, silih bobok-silih tarok, tutuduh silih kafirkeun, silih sesatkeun, silih bid’ahkeun, silih musyrikeun, dasar hukumna sarua tina Al-Qur’an tur Hadist. Ari rujukan Hadistna anu dicatet/ditulis kurang lewih 200 taun saparantosna Nabi SAW ngantunkeun. Mangga lenyepan kupalawargi sadaya… Wa’tashimuu Bihablillaahi jamii’a, Walaa tafarroquu… “KOKOHNYA SUATU BANGSA TERLETAK PADA SEJARAH BANGSA ITU SENDIRI. SEJARAH yang BENAR dapat merupakan alat PEMERSATU. SEJARAH yang SALAH dapat merupakan alat PEMECAH BELAH. DIMANAKAH KITA TINGGAL DALAM RUMAH SEJARAH. DIMANAKAH KITA BERJALAN MENULISKAN KEMBALI SEJARAH ISLAM. SEJAUH MANA KITA MEMILIH DAN MEMILAH SEJARAH ISLAM, SEJAUH ITULAH KITA MERANGKAI GELANG PERMATA YANG TELAH TERPECAH BELAH.”. Kumargi sakitu, paneda tisimkuring supados maos sajarah Saqifah, dipayunkeun (hatur nuhun kanu parantos maos). WafatNabidanSuksesidiSaqifah.pdf http://www.box.net/shared/ylgqne9q84 Anapon ngenaan Roh/RUH (Ra-Wau-ha) dugi kadieu teu acan kaguar, Insya Alloh, cukup umur kapayun, simkuring maksad nuliskeun katerangan Ulama-ulama, ti antawisna : I. Mazdhab Wahabiyah (Muhammad bin Abdul Wahhab) II. Madzhab Syafi’iyah (Imam Syafi’i) III. Madzhab Ja’fariyah (Imam Ja’far As-Shadiq) IV. Madzhab KiSunda….hehehhe :) Sakitu heula anu tiasa kapihatur, hapunten bilih lepat kirangna+langkungna seratan diluhur Wallohu’alam Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh Rampeeeessss Pun Agus Wirabudiman
