Asswrwb, Hatur nuhun kangrai Manar, tos ngaguar Nhd Nhk, janten langkung eces nyerep hikmah eta 2 karya ageung Abah Surya. Upami tiasa diguar oge buku ka 3 almarhum nu disebat ku Kangrai Mh : .....Ari buku Kasundaan Rawayan Jati diterbitkeun ku penerbit Wahana Raksa Sunda, nu ngokolakeun SundaNet.com oge sakaligus nu mitembeyan milis Ki Sunda ieu........,
Sakantenan usul : dina acara Milad 10 th milis Kisunda, guaran 3 buku karya almarhum Abah Surya, tiasa diacarakeun oge, mangrupa 'talkshow' nampilkeun rerencangan caket alm, cep Reza (putra almarhum), Benny Buldansyah ti Wahana Raksa Sunda, oge wawakil ti Penerbit Nhd-Nhk , Moderatorna nya Kangrai Manar.... Diantos kabar salajengna, hatur nuhun, Wassm ca. CA-Bandung Art Page BAKUL50 -----Original Message----- From: oman abdurahman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 27 Dec 2010 21:31:33 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Buku Nur Hidayah & Nurul Hikmah ==> Re: [kisunda] Abah Surya tos Mulih ka Jati Mulang ka Asal Mh, oge baraya sadaya, "...dicitak dumasar kana pameredih peminat", dina istilah abah mah - sakumaha anu kungsi ditepikeun ka si kuring - disebat oge "uniqum". Katerangan atawa falsafah disatukangeunana mah sederhana (tapi, ceuk kuring mah mulia atawa luhur), abah teu miharep eta Nurul Hidayah diical-galeuhkeun sakumaha buku-buku anu ilahar dicitak saperti biasana. Tos sababaraha kali si kuring naroskeun ka abah alm soal kunaon "Nurul Hidayah" (NHd) oge "Nurul Hikmah" (NHk) henteu dicitak sakumaha ilaharna buku-buku sanesna (dicitak terus dijual). Abah malapah gedang samemeh ngawaler. Upama diringkeskeun kl kieu waleran atawa sabab musababna: - Boh NHd atawa NHk eta teh karya anu dasarna Al Qur'an. Abah henteu miharep aya unsur jual beuli dina nyalabarkeun eta karya. Kukituna, anu aya maksud hoyonga mibanda eta dua karya dumasara Al Qur'an teh, tiasa ngagabung, upama tos aya 10 jalmi atanapi langkung anu pesen, nembe eta NHd atawa NHk tiasa diterbitkeun. Jadi, estuning biaya anu diperyogikeun teh pikeun nutup biaya percetakan wae; - Kucara kitu, timbul beungkeutan silaturahim anu raket diantara anu paresen eta karya oge sareng penerbitna ku anjeun (upami teu lepat penerbitna teh yayasan Nurul Hidayah). Rupina, kusabab sakurang-kurangna dua alesan anu diluhur, mangka penerbitan NHd sareng NHk disebat "uniqum". Ka para wargi anu teu acan terang, "Nurul Hidayah" (NHd) teh tarjamahan Al Qur'an dina wangun pupuh (sekar ageung: Dandanggula, Sinom, Asmarandana, Kinanti). Malah, sakumaha kungsi diguar ku si kuring di milist, NHd kalebet "extended" tarjamahan Al Qur'an, jalaran, kanggo ngudag guru wilangan dina pupuh anu dianggo, aya sababaraha pengembangan terjemahan (umumna katerangan kana terjemahan inti) anu kedah dilakonan ku Abah. Umumna pengembangan teh mangrupa ngandelan kana makna anu kahiji ku sababaraha makna anu maksudna saria. Ieu kalebet karya ageung. "Extended" tarjamahan oge kapendak dina "Nurul Hikmah" (NHk) anu ngarupakeun tarjamahan Al Qur'an dina wangun nadom atawa kawih pikeun pupujian, atawa - ceuk barudak jaman ayeuna mah - nasyid (tiasa oge kalebet acapela). Sababaraha wirahma pupujian anu umumna kapendak di padesaan tiasa digunakeun pikeun nganadomkeun NHk. Sakumaha kauninga ku sabagean urang anu ti padesaan atawa kantos ngalaman di desa-desa, samemeh ngaos atawa sholat fardlu, para hadirin biasa ngahaleuangkeun nadoman bari ngadagoan jama'ah sanesna anu teu acan sumping. Umumna anu dihaleuangkeun teh nadoman atawa pupujian ngeunaan kaagungan atawa sajarah kangjeng Nabi Muhammad saw. Upamana wae, nadoman tina syi'rul hisan di handap ieu (nadoman "Gusti urang sarerea" kalayan gusti di dieu maksudna = pimpinan): "Gusti urang sarerea Kangjeng Nabi anu mulya Muhammad jenenganana Arab Quresy nya bangsana" jst (upami teu lepat dugi ka ratusan ieu nadoman anu nyarioskeun ti kawit kangjeng Nabi saw lahir dugi ka wafatna). Tah, bait-bait dina NHk tiasa pisan dianggo ngagentos rumapaka nadoman "Gusti urang sarerea" anu kasebut di luhur (lain hartina nadoman "Gusti urang sarerea" terus dipiceun henteu dinadomkeun deui, tapi leuwih mangrupa nambahan pilihan nadoman, tiasa wae digunakeunana bagilir). Ku cara kitu, barudak tiasa langkung gancang paham kana maksud eusining Al Qur'an. Bayangkeun, sabaraha syai'r anu ku abah dianggit (BInd: digubah), sabaraha kecap anu ku abah dipilarian tur dimekarkeun kanggo nganadomkeun saeusining Al Qur'an. Tangtu, ieu oge karya anu badag kacida. Sakitu heula anu tiasa kahaturkeun. baktosna, manar 2010/12/27 mh <[email protected]> > > > Buku Nurul Hidayah, Saritilawah Al Quran Basa Sunda dina Wangun Pupuh, > diterbitkeun ku Yayasan Nur Hidayah nu dikokolakeun ku Kang Reza, putrana > Abah Surya. Bukuna kandel pisan. Harita asana Abah Surya ngaharewos ka uing, > upama perlu kedah pesen, sabab dicitak dumasar kana pameredih peminat. Pon > kitu deui buku Nadoman Nurul Hikmah, ieu mah dicitak ukuran buku saku, > diterbitkeun ku penerbit nu sami. Buku nadoman nurul hikmah minangka > ringkesan tina buku Nur Hidayah. Masing-masing aya 30 jilid. > > Ari buku Kasundaan Rawayan Jati diterbitkeun ku penerbit Wahana Raksa > Sunda, nu ngokolakeun SundaNet.com oge sakaligus nu mitembeyan milis Ki > Sunda ieu. > > Upama peryogi eta buku tiasa ngahubungi Kang Oman, atawa langsung Kang > Reza: > > Drs. Riza D Suryalaga > Yayasan Nurhidayah > Jl. Sukaasih Atas V, No.348 > Bandung 40195 > Telp 022-7801282 > > 2010/12/27 Agus Wirabudiman <[email protected]> > >> >> >> kag mh, palay abdi yeuh bukuna, aya kitu di Gramedia? >> >> >> Agus Wirabudiman >> http://sukapura.wordpress.com >> >> >> --- On *Mon, 12/27/10, mh <[email protected]>* wrote: >> >> >> From: mh <[email protected]> >> >> Subject: Re: [kisunda] Abah Surya tos Mulih ka Jati Mulang ka Asal >> To: [email protected] >> Date: Monday, December 27, 2010, 1:14 PM >> >> >> >> >> Kang Ahmad, wilujeng tepang di Ki Sunda. >> Sami tah pangalaman teh, tepung munggaran sareng Abah Surya, >> dibahanan buku judul nu sami. Malah aya embohna, aya buku sejen, >> Nadoman Nurul Hikmah, Tarjamahan Quran dina Pupuh Sunda, Nurul Hidayah, >> oge Kamus Sunda Buhun. >> >> Der ah Kang Ahmad geura ngadongeng deui, geura pedar lalakonna. >> -mh- >> >> 2010/12/27 Ahmad Samantho >> <[email protected]<http://mc/[email protected]> >> > >> >> Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun. Mugiya Abah mendakan kabagjaan >> mulang ka asal mulang ka jati. Hanas abdi teu janten silaturahmi ka >> Abah dinten Minggon 19 December 2010 kamari, padahal tos niat ti bogor >> teh bade silaturahmi ka Abah Surya. Saurna Abah hoyong dipendakan ku >> abdi, mun hanjakal abdi kajebak ku macet tea di jalan seputaran Gasibu >> Bandung, jenten seep waktos di jalan. Selamat jalan Abah. Dua buku nu >> ku abah dipasihan ka Abdi, insya Allah janten hikmah anu berharga >> kanggo kapayunna urang Sunda: "Nyaeta: "Falsafah Kasundaan" sareng >> "Rawayan Jati Kasundaan" . >> >> >> On 12/27/10, Deni Indra Kelana >> <[email protected]<http://mc/compose?to=lee_kelana%40yahoo.com>> >> wrote: >> > Innalillaahi wa inna ilaihi rooji'uun, >> > Mugia di tengtremkeun di alam kalanggengan, amiiin... >> > >> > >> > >> >________________________________ >> > From: "[email protected] <http://mc/compose?to=akasy%40live.com>" < >> [email protected] <http://mc/compose?to=akasy%40live.com>> >> > To: [email protected]<http://mc/compose?to=kisunda%40yahoogroups.com> >> > Sent: Sunday, December 26, 2010 16:22:20 >> > Subject: Re: [kisunda] Abah Surya tos Mulih ka Jati Mulang ka Asal >> > >> > >> > )اِنّا لِلّهِ وَاِنّا اِلَيْهِ رَجِعُوْنَ >> > >> > Ngiring bela sungkawa ka kulawarga lan ka kadang warga... >> > >> > >> > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung >> > Teruuusss...! >> >________________________________ >> > >> > From: oman abdurahman >> > <[email protected]<http://mc/compose?to=omanarah%40gmail.com> >> > >> > Sender: >> > [email protected]<http://mc/compose?to=kisunda%40yahoogroups.com> >> > Date: Sat, 25 Dec 2010 21:33:41 +0700 >> > To: >> > <[email protected]<http://mc/compose?to=kisunda%40yahoogroups.com> >> > >> > ReplyTo: >> > [email protected]<http://mc/compose?to=kisunda%40yahoogroups.com> >> > Subject: Re: [kisunda] Abah Surya tos Mulih ka Jati Mulang ka Asal >> > >> > Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un. >> > >> > Ngiring belasungkawa anu saageung-ageungna ku ngantunkeunana abah Surya >> (HR >> > Hidayat Suryalaga), inohong Sunda, budayawan, tokoh anu nuturusan >> > nyambungkeun >> > adumanis antawis Islam sareng Sunda, tadi wengi pk 12.00 di RS Santo >> Yusuf. >> > Mugia almarhum ditampi iman islamna, dicaangkeun sareng kenging ni'mat >> di >> > alam >> > kuburna, kalebet ahli sawarga engke di poe akhir. Ka anu dikantunkeun >> mugia >> > aya >> > dina sabar tawakal. >> > >> > >> > Tos aya sataunna akhir-akhir ieu abah mindeng diparios ka rumah sakit. >> > Anjuran >> > dokter mah kedah istirahat, namung abah henteu ngirangan aktivitasna, >> > utamina >> > janten narasumber dina sababaraha seminar atanapi rapat di >> lembaga-lembaga >> > boh >> > pamarentah atanapi swasta (Unpas). Malah kantos dina hiji rapat meh >> pingsan, >> > lajeng dicandak ka dokter. Teu aya sanesna tina sakitu ageung >> perhatosanana >> > ka >> > Sunda / urang Sunda. >> > >> > >> > Kamari ka rumah-sakitna tabuh 5-an pasosonten. Aya pendarahan namun >> sanes >> > dina >> > mastakana. Anjeunna sadar dugi ka ngantunkeunana, malah maparin >> > nasehat/wasiat >> > sagala rupi ka palaputerana diantarana kang Reza, anu ngemitan sareng >> > nungkulan >> > dugi ka ngantunkeunana. Kitu sakumaha anu didugikeun ku kang Reza tadi >> > pasisiang. >> > >> > Dina riungan pangjajap wekasan pikeun anjeunna tadi isuk-isuk dugi ka >> tbh >> > 11-an >> > seueur inohong anu sarumping sareng cumarios, diantarana: Kang Didi >> Turmudzi >> > (pupuhu Paguyuban Pasundan), Uu Rukmana, Kang Acil, Kang Us Tiarsa >> (LBS), >> > Kang >> > Tjetje Hidayat Padmadinata (Ketua Umum Pengurus Pusat AMS), sareng nu >> > sanesna >> > (hapunten nga-"akang"-keun ka pinisepuh kasundaan, nuturkeun sakumaha >> dina >> > riungan panglayad tadi). >> > >> > Sadaya anu sarumping ngangkeun kana jasa-jasa sareng kasaean abah Surya >> alm, >> > boh >> > kanggo dunya pendidikan oge kabudayaan sareng kamasyarakatan. Malah kang >> > Tjetje >> > mah langsung nyebatkeun abah Surya teh ahli surga, pantes lebet surga >> anu >> > dihaminan ku anu sarumping. Mugia wae mungguh Alloh swt kitu kaayaanana. >> > >> > >> > Wasiat anjeunna anu didugikeun ku Kang Reza puterana teu panjang. >> Wasiatna >> > pikeun palaputerana oge urang Sunda sadayana: "Kudu nyaah ka Sunda, kudu >> > hirup >> > akur jeung batur, nyaah ka sasama", kitu saurna. >> > >> > >> > Wilujeng angkat abah, mugia padang alam caang anu dipayunan. Mugia naon >> rupi >> > tapak kasaean salira salami di dunya anu fana ieu aya anu neraskeun >> ayeuna >> > sareng ka payun. Mugia oge urang sadaya tiasa ngalaksanakeun wasiat >> salira, >> > nyaah ka Sunda, hirup akur jeung batur, nyaah ka sasama. >> > >> > manar >> > >> > >> > >> > >> > >> > 2010/12/25 hangjuang bodas >> > <[email protected]<http://mc/compose?to=hangjuangbodas%40yahoo.com> >> > >> > >> > >> >>Innalillahi wainnailaihi rojiun. >> >>Parantos ngantunkeun Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) tabuh 04 tgl 25 >> Des >> >> 2010 >> >>di Sukaasih Atas V No. 438. >> >>Mugia almarhum dihapunten samudaya kalepatanana, ditampi iman-Islamna, >> >> sareng >> >>kenging ni'mat bagja di kalanggenganana. Amin. >> >> >> >>baktos, >> >> >> >> >> >> >> >> >> > >
