Muhun leres Mang Hasan...satuju pisan Dina sakabeh ajaran nabi2 diajarna atanapi ngajarna oge make cara jiga kitu ka umatna,sakumaha anu diserat ku mang Hasan.Aya nu make keur ngangon sato tea, keur dagang tea dugikeun ka hijrah tea....lain cicing atanapi ngadaweung di kantor, diwarung komo di kelas mah .......engke disebat teu gaul ceuk ABG kiwari mah...janten silaturahmi mah penting kanggo pangalaman batin,lantaran pangalaman batin mah pangalaman pang hese2na.
Meungpeung liburan budak, mempeung bulan safar hayu urang ngaramekeun deui silaturahmi diantara dulur2 urang.Ceuk pepatah tauhid... " Mun urang ulin ka Mall,Ancol, dufan,pasantren,perpustakaan,sakola,universitas,IPB, ITB, Internet djst eta mah keur mempertajam mata pikiran, tapi mun ulin ka imah dulur mah keur mempertajam mata batin....""Mun jeung batur mah mawa ka tempat nu rame, mun jeung dulur mah mawa ka jalan nu lempeng....."Jigana geus jarang ayeuna mah..... Tos heula TM " --- Pada Sen, 3/1/11, mh <[email protected]> menulis: Dari: mh <[email protected]> Judul: Ngeunteung Lalakon Bule Ngaladog ==> Re: Bls: [kisunda] Asam urat Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 3 Januari, 2011, 12:34 AM Kang Agam, oge baraya sejenna, perkara basa Sunda hadena mah tong dijadikeun jurig nu ngaririwaan, pikeun salira ngadongeng lalakon di pangumbaraan. Saheulaanan, gunakeun wae basa Sunda nu ngeunah ceuk ugeran salira. Malah ceuk ukuran uing mah, basa Sunda salira cukup komunikatif. Dalah basa Sunda uing ge sakieu buktina, rumasa ukur make jurus nekad tea. Pikeun motivasi, uing manggih perpustakaan digital di universitas Cornell, nu ngoleksi lalakon ngaladogna urang bule jaman Walanda ka kawasan Tatar Sunda. Diantarana aya dicaritakeun kumaha ngajrekjrek-nong-na numpak kareta api si Gombar ti Batawi ka Garut. Mun diimeutan mah, ieu ladang ngalalakon ngaladogna bule teh, tayohna mah kiwari dijadikeun salah sahiji sumber sajarah lembur urang. Nu sok sering kacatur, apan lalakon ngatrokna Tome Pieres, urang Portugis tea, nu nulis Suma Oriental. Jigana hade oge, eta kabiasaan bule ngatrok teh, bari nuliskeun lalakonna, mun ku urang diturutan. Meureun urang bakal boga basa Sunda nu hirup tur dipake ku panyaturna najan hirup di pangumbaraan. Koleksi lalakon ngaladog bule ka Tatar Sunda toong di dieu: Welcome to Southeast Asia Visions, http://dlxs.library.cornell.edu/s/sea/ 2011/1/2 Agam Jaya <[email protected]> Kang Oman sareng Kang Mh, Haturnuhun sateacanna...hoyong pisan tiasa ngadongeng sual pangumbaraan teh. Hanyakal bahasa sunda abdi nuju diajar pisan, almarhum pun biang ti Sukabumi ngalanggan Mangle ti aalit jadi diajar bahasa sunda pasif...da digedekeun di Batawi.. Alhamdulillah tos dugi 9 tahun di pangumbaraan ...panjang lalakonna...nu aya ngan bagja sareng bungah...hanyakal tos dua tahun ieu sering kaserang asam urat...beuki kolot panginteun : ) Mugi we kiriman tangkal hasem ti Kang Mh tiasa kilat ka tampina...hoyong dibagikeun ka rerencangan di dieu nu oge kaserang asam urat...henteu mahabu sih Kang...mung aya dua-tilu rerencangan urang Indonesia sarua terkena panyawat asam urat...dikirim ku DHL geura Kang :) cag ah agam From: oman abdurahman <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sun, 2 January, 2011 8:34:24 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] Asam urat Aeh Mh mah, puguh keur tataros asam urat ieu teh, bet sina ngadongeng. Tapi ketang, teu nanaon ari asam uratna henteu terus-terusan mah. Mangga kang, kumaha lalakonna nepi ka New Zealand (NZ) teh? Atawa naon wae pangalaman salila ngumbara di pakidulan :) Atawa, minimalna, dongengna asam urat di NZ, naha di eta nagara asam urat kaasup panyakit anu mahabu siga di Indonesia? manar (keur mikir kumaha carana ngirim tangkal asem ka NZ bari nginget nomor hp babaturan tukang herbal, sugan aya racikan keur asam urat) 2011/1/2 mh <[email protected]> Tah geuning aya deui Urang Sunda Ngatrok, Cing sok Kang Agam geura ngadongeng lalakon ngatrok ka New Zealand. 2011/1/2 [email protected] <[email protected]> Haturnuhun Kang, Hanyakalna abdi ayeuna ngumbara di Nzealand Teu aya daun tangkal haseum :) Sent from my Nokia phone -----Original Message----- From: Akang Tajimalela Sent: 02/01/2011 12:59:45 pm Subject: Bls: [kisunda] Asam urat Mugia manfaat...Kang Agam Cobian make daun tangkal aseum....digelang-gelang dina panangan teras dipopokeun kana anubareuhna....sugan tiasa enggal damang. TM --- Pada Sab, 1/1/11, [email protected] <[email protected]> menulis: Dari: [email protected] <[email protected]> Judul: [kisunda] Asam urat Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Tanggal: Sabtu, 1 Januari, 2011, 5:51 AM Salaamm Baraya sadayana, muh gaduh informasi ngenaan ubar Asam Urat, abdi hoyong pisan ngadangu bongbolongna.... Haturnuhun sateacanna Ti abdi nu diajar nyunda :) Baktos Agam Maca ieu meni nyesek… hayang neke Cerita Menjelang Kekalahan Timnas Indonesia di Malaysia.
