---------- Forwarded message ---------- From: Avatar Kyoshi <[email protected]> Date: 2011/1/8 Subject: [Urang Sunda] Tugas ti sakola To:
Harita keur kuring Masih sakola, pagawean sanggeus balik sakola, resep ngirim surat ka sahabat pena atawa pensfal tea (da harita mah can aya pager, komo deui Hape mah, can aya kelemeng-kelemengna acan), kuring boga sapen, aya kana ratusanana, tiap poe aya kana sapuluh surat anu datang, anu kudu ku kuring dibalesan. Tatan tatan sanggeus balik kurunyung kuring busss… ka kamar…gutrat gutret nulis dina kertas surat anu seungit anu aya gambar kekembangan atawa boneka atawa miki mouse… Dina eusi suratna rea picaritaeuna, aya kana sakola, hobi, atawa tempat pangulinan, jeung kadaharan anu aya di kota sewang sewangan. Teu kacaritakeun eusi n amah di dieu, soalna bisi ngandung sarah tea, arek sarah azhari atawa sarah sehan, pokona mah anu nyangkut sarah jeung pronografi mah ulah dicaritakeun di dieu, bisi anu maca hayangeunnn kana eta carita, lamun seug hayangeun maca carita porno, kuring anu kawalahan soalna lamun keur ngetik eta carita osok remen hayang pulang anting ka kamar mandi… (psssttt… ulah dicaritakeun ka sasaha nya rahasia…!!) Nah kabeneran kuring meunang tugas PR ti guru dititah nyieun surat formal masalah dines, masalah ijin ka sakola jeung surat keur babaturan, harita kaparengan kuring meunang tugasna titah nyieun surat pikeun ijin teu asup sakola… Sanggeus ngabalesan surat keur babaturan pensfal, srekkk , kuring nyoekeun kertas surat, gutret… gutret… kuring nulis surat pikeun ijin sakola ka guru wali kelas… Peren nulis surat, kadenge sora indung kuring ngageroan ti luar kamar, yen aya babaturan sakola anu arek ngajakan mengbal. Kulusup, surat tugas ti sakola diasupkeun kana amplop, bluss… diasupkeun ka jero buku, terus bae diasupkeun kana tas sakola. Diluar geus nungguan babaturan anu arek ngajak mengbal, kuring salin kana kostim mengbal, teu poho kuring uluk salam ka indung, yen kuring arek mangkat mengbal heula di lapangan PLN. Teu kacaritakeun suasana mengbal sakitu ramena, engke bae dicaritakeun na di bab anu sejen, sangges rengse mengbal kuring balik ka imah, terus langsung bae ka kamar mandi. Terus kapeutingnakeun kuring ngaji ka ajengan lili. Nya balik ngaji kuring langsung dug sek, ngaguher sare, da kacapean tas mengbal tea. Isuk isuk waktu carangcang tihang kuring mandi siap siap arek sholat subuh ka mesjid, sanggeus ti mesjid kuring ngapalkeun saeutik pelajaran anu keur isuk sakola, Sanggeus rengse kuring make saragam sakola nya geuleuyeng kuring mangkat ka sakola bari teu poho uluk salam ka kolot… Anjog ka sakola geus katempo babaturan, keur ulin di buruan sakola, pas kuring datang, treng…treng… treng… kadenge bel sakola ditakol ku panjaga sakola nandakeun geus asup waktu dialajar barudak di kelas sewang sewangan. Harita pelajaran anu kahiji nyaeta basa sunda anu tugas ti guru kudu dikumpulkeun, kuniang kuring hudang bari teu poho mawa amplop surat keur dikumpulkeun dihareupeun meja guru, sanggeus barudak pada ngumpulkeun eta surat. Hiji hiji barudak titah maca kahareup, tugas surat anu geus dijieun di imah. Kuring kabagian anu kadua, nya kuniang kuring hudang, terus nyokot amplop dina meja guru, dibuka amplopna, “…nnnnnaaaaa… pas dibuka, gebegg… beungeut kuring langsung pucet, pias, ngadegdeg, paroman langsung robah… “geuning anu diasupkeun kertas surat seungit keur ka babaturan…”, gerentes hate kuring. Pas ditilik tilik sih eusina bener tugas diguru… Ibu guru ngomong ka kuring ,” geuwat baca surat na…, ulah lila lila nangtung di dinya…!” Babaturan geus loba anu nyeungseurikeun, nempo kaayan kuring bari pucet pias, jeung nyekelan kertas surat warna kembang anu seungit… Nya kuring langsung macakeun suratna, kieu eusi suratna… *Kahatur anu dipikahormat:* *Ibu/Bapak Guru Wali kelas 4* *SDN Adiarsa X* *Di tempat.* * * *Kalawan ieu serat katampi ku Ibu Bapak guru di sakola, abdi bade nyuhunkeun ijin, yen dinten ieu kaping 2 Februari 1984, kuring teu tiasa ngiring kagiatan diajar di sakola kusabab abdi katarajang panyawat Muriang paranas tiris…* * * *Hapunten anu kasuhun, kumargi kieu kaayaanana.* * * *Mung sakieu serat ti abdi…* * * *Wassalam,* *Baktos,* * * * * *Faizal Adam* * * *NB:* *Omat ieu serat diwaler saenggalna…* * * “geerrrrr…!!!” ,” barakatak…!!!” babaturan sakola ngabarakatak pada nyeungseurikeun kuring kusabab eusi suratna pikalucueun, jeung matak pikaseurieun saha bae anu ngadenge, surat keur ka sakola tapi menta dibales buru buru, siga ka sobat bae… Pada ageeerr… ageeerrann sarerea, beungeut kuring langsung geuneuk, ibu Guru oge langsung ngabelehem nahan seuri bari nutupan beungeutna… Kuring ngajentul dihareup jeung milu ngabarakatak seuri oge, bari jeung cungas cingeus terus diuk bae di bangku sorangan… Cag nya… pangalaman paramitra… hehehehe (qpy)
