numatak di sunda mah ka batara, sanes ka dewa ciga hindu-bali

2011/1/1 mh <[email protected]>

>
>
> Urang mimitian nganyaran taun ku Rajah.
> Kanu apal sor geura bahas, naon ari rajah teh, naon fungsina, kumaha
> ngalarapkeunana?
>
> Sacara umum mah jigana rajah teh minangka panganteur pikeun bubuka hiji
> kagiatan (Rajah Pamuka),
> oge pikeun mungkasna (Rajah Panutup).
>
> Pikeun bubuka hayu urang tengetan hasil transkripsi Rajah Pantun Abah Akis,
>
> Desa Baros Kacamatan Arjasari Kabupatén Bandung:
>
> =========
>
> RAJAH
>
> Pun sampun amitan ampun
> ka luhur ka Sang Rumuhun
> ka handap ka Sang Batara
> Sang Batara Sang Batari
> Sang Batara Nagaraja
> Sang Batari Nagaumpi
>
> Ka luhur ka nu mayungan
> ka handap ka nu ngamparan
> jisim tanpa isim-isim
> neda agung nya paralun
>
> K luhur ka Sunan Ibu
> ka Sang Ratu Payung Agung
> ka handap ka Sunan Rama
> ka Guru Putra Hyang Bayu
> Sang Kolépat Herang ngaraning menyan
> Sang Embut Putih ngaraning haseup
> sukma nu dikukusan
> sukma nu dikukusan
>
> Neda agung nya paralun
> neda panjang pangampura
> pun sampun amitan ampun
>
> Reuwas ku impian kuring
> bisi ditagih jurig saketi
> ngahutang anu salaksa
> nagihna sok susungkunan
> ngedukkeun nu jadi hojah
> mancokeun hujan jeung getih
> kuyupuk jadi halimun
> kayapak jadi sagara
>
> Ditulak ku rajah pamutah
> pangmutahkeun lembur ieu
> ti hilir kutana beusi
> ti wétan kutana waja
> ti kidul kutana wulung
> ti kalér kutana inten
> lain kuta bagja
> tapi kuta panday
>
> Neda agung nya paralun
> neda panjang pangampura
> pun sampun amitan ampun
>
> Kasemuran kasemaran
> kasemaran Nabi Adam
> kasemuran Nabi Daud
>
> Notog ka Gunung Koromong
> énggal ka Pandita Gunung Padang
> bray caang neda padang
> caang dina tungtung ati
> dukun lebus paraji sakti
> nu séda waruga jagat
> ninggang nusa tigang puluh tiga
> bangawan sawidak lima
> neda agung nya paralun
> neda panjang pangampura
>
> Punika Surat Sangakeling
> meunang nulis poé Jumaah
> opat belas bulan Mulud
> utusan putra jungjunan
> ombaklarang Jaketra
> putra Radén Kanduruan
> jurutulis Pajajaran
> Ratu Suluk Raja Mekah
> kusumaning Nusa Jawa
> putra Prabu Siliwangi
> tanggalna iman Islam
>
> Astagpirullah al’adim 3 x
> inal hérang inal lénggang
> bumi langit acan ngajadi
> manusa acan aya kakara Alah Taala
>
> Buyut Gahung Ratu Gahung
> nu ngawindu di buana pancatengah
> cupu disampun manik
> datang manik astagina
> Nu ngageugeuh di Gunung Halimun
> Buyut Eundeur Buyut Eur-eur
> Buyut Timbang Ajirarang
> nu nanggeuy Aji Rajah Pakuan
>
> Neda agung nya paralun
> neda panjang pangampura
> astagpirullah al’adim 3 x
>
> Punika Rajah Pamunah
> munah kayu munah batu
> dipunah ku rajah pamunah
> munah lemah katut imah
> dipunah ku rajah pamunah
> punah kayu katut batu
> dipunah ku rajah pamunah
> punah ku sajagat kabéh
> punah ku sajagat kabéh
> punah, punah, punah
> ku sajagat kabéh
>
> Punika Rajah Pamunah
> bayu mada, bayu madi, bayu waras
> tunggal kulit, tunggal dagingning déwata
> bisina sumping ti peuting datang ti beurang
> bayu mada bayu madi bayu waras
> tunggal kulit tunggal dagingning déwata
>
> Ulah matak jadi mandawa kana badan
> ulah matak jadi mandawi kana diri
> bisi aya jurig nyiliwuri
> setan marakayangan
> kelong néwo-néwo
> ti cai geusan mandi
> ti darat geusan pileumpangan
> teu wana, teu wani, teu wawuh
>
> Astagpirulah al’adim 2 x
> opat puluh kali
> astagpirulah al’adim
>
> Muncuk ka Sang Ratu Galuh
> munday ka Kéan Santang
> Sang Lumajéng Buanahérang
> pangupatkeun pangupatkeun pangépéskeun
>
> Bisi aya jurig nyiliwuri
> sétan marakayangan
> kélong néwo-néwo
> ti cai geusan mandi
> ti darat geusan pileumpangan
>
> Muncuk ka Sang Ratu Galuh
> munday ka Kean Santang
> Sang Lumajéng Buanahérang
> pangupatkeun pangupatkeun pangépéskeun
> ka putra ka leuwisésa
> ka putra ka leuwigedé
> terusna ka Cihaliwung
> mapayna ka Cisadané
> Cihaliwung nunjang ngidul
> Cisadané nunjang ngalér
> pangrumbayan rambut panjang
> paragi nu geulis mandi
> paragi nu éndah ngala ngala
> ditingalan nu ngahyang
> astagpirullah al’adim
>
> Cah hérang bermana putih
> panyipuhan pangaweruh
> panyiraman pangabisa
> dumeling ka Kanjeng Nabi
> cacap kersaning Alloh
> lailahaileloh
> Muhamadarosululoh
>
> Huripna ti Gusti
> warasna ti Allah
> dat sipat mujizat
> kersaning Allah
> Alloh sajatining hurip
> Alloh sajatining hirup
> neda agung nya paralun
> astagpirulloh al’adim 2 x
>
> Bayu suci badan sampurna
> kuliat kersaning Alloh
> lailahaileloh
> Muhamadarosululoh
>
> Dat siro asmaning eroh
> dat siro asmaning eroh
>
> Alohumma wujud tunggal
> sabangsa alékumsalam
> asup nu agung bangsa manusa
>
> Nu nampana Rosululoh
> aci rasaning gampang
> aci asmaning gampang
>
> Astagpiruloh al’adim 3 x
> astagpiruloh al’adim
>
> ======
> Transkripsi Rumpaka
> Rajah Pantun Abah Akis
> Désa Baros Kacamatan Arjasari
> Kabupatén Bandung
> 2005
> http://didiwiardi.multiply.com/journal/item/4
>  
>

Kirim email ke